Lompat ke isi

Konéng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konéng
Konéng meunang nyiksikan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:

Konéng (Curcuma domestic) salah sahiji pepelakan nu kaasup ubar jeung sambara.[1] Salian ti éta, konéng ogé osok jadi bahan dasar pikeun kosmétik jeung tékstil.[2] Dumasar kana hasil panalungtikan taun 2003, yén konéng dumasar kana jumlah anu dibutuhkeun ku industri pikeun jadi ubar tradisional di Jawa Wétan aya dina réngking kahiji jeung di Jawa Tengah mah kalima panglobana anu maké bahan dasar ubar séjénna.[3] Kunyit dipikawanoh dina sagala rupa wewengkon kalawan sababaraha ngaran lokal saperti ''unin'' basa Ambon, ''gorachi'' basa Ternate nu hartina emas,[4] turmeric (Inggris), kurkuma (Walanda), turmeric (Indonésia jeung Malaysia), janar (Banjar), kunir (Jawa), huni (Bima), konyé (Madura), Kunyir (Komering), Cahang (Dayak Panyambung), Dio (Panihing), Uinida (Talaud), Kuni (Sangir), jeung Alawaha (Gorontalo).[5]

Asal-usul

[édit | édit sumber]

Sajarahna konéng téh ti India, tuluy sumebar ka sakuliah dunya nu pangutamana mah di daérah tropis.[6] Ieu tutuwuhan mibanda watang semu anu disusun ku palapah daun anu jangkungna 25 nepi ka 100 cm.[6] Wangun daun buleud lir endog bari manjang, warnana héjo ngora, unggal tanggal konéng miboga 6 nepi ka 10 helai daun.[6]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
  1. Tekenan darah tinggi [7]
  2. harééng [7]
  3. cirit-birit [7]
  4. Ningkatkeun napsu dahar [7]
  5. Ngubaran nyeri beuteung [7]
  6. Sembelit [7]
  7. Radang ginjal [7]
  8. Nyegerkeun awak [7]
  9. Bahan kosmetik [7]
  10. Numutkeun ubarCina konéng bisa ningkatkeun ngalirna qi jeung ngalancarkeun peredaran getih.[7]
  11. Konéng dipaké sanggeus ngalahirkeun.
  12. Antikoagulan [3]
  13. Ubar cacingeun [3]
  14. Ubar asma [3]
  15. Karminatif [3]
  16. Stimulan [3]
  17. Ararateul [3]
  18. Rematik [3]

Kandungan

[édit | édit sumber]

Kandungan kimia konéng terdiri dari pada minyak atsiri, sikloiserin, mirsen, metil farbinol, d.kamper, dan kurkurmin minyak atsiri, sikloiserin, mirsen, metil farbinol, d.kamper, dan kurkurmin.[7] Salain ti éta konéng miboga sipat anti-radang, antioksida, anti kanser, pelindung hati.[7]

Konéng miboga kandungan senyawa anu miboga mangpaat pikeun ubar, anu disebut kurkuminoid anu ngawengku kurkumin, desmetoksikumin jeung bisdesmetoksikurkumin jeung zat- zat mangpaat laina.[1] Kandungan Zat :

  • Kurkumin  : R1 = R2 = OCH3 10 % [1]
  • Demetoksikurkumin : R1 = OCH3, R2 = H 1 - 5 % [1]
  • Bisdemetoksikurkumin  : R1 = R2 = H [1]
  • Minyak asiri / Volatil oil (Keton sesquiterpen, turmeron, tuméon 60%, Zingibérén 25%, felandren, sabinen, bornéol dan sineil ) [1]
  • Lemak 1 -3 %, Karbohidrat 3 %, Protein 30%, Pati 8%, Vitamin C 45-55%, Garam-garam Mineral (Zat besi, fosfor, dan kalsium) [1]

Jenis-jenis

[édit | édit sumber]
  1. Kunyit Biasa (Konéng)
  2. Kunyit Hideung [8]
  3. Kunyit Biru [8]
  4. Kunyit Bodas [8]
  5. Kunyit Beureum [8]
  6. Kunyit Héjo [8]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Tumbuhan Obat Indonesia Archived 2011-08-26 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  2. Baiknya Kunyit Bagi Tubuh (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h Budidaya Tanaman Kunyit Archived 2011-10-14 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 16 Oktober 2011)
  4. Crawfurd, first (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 312. ISBN 9786022584698. 
  5. "Kunyit (Curcuma longa Linn.) – CCRC" (dalam en-US). Diakses tanggal 2022-03-05. 
  6. a b c KUNYIT(CURCUMA DOMESTICA) Archived 2010-12-03 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 16 Oktober 2011)
  7. a b c d e f g h i j k l Kunyit Archived 2011-09-08 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 16 Oktober 2011)
  8. a b c d e Jenis-Jenis Kunyit Archived 2011-07-20 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 16 Oktober 2011)