Lompat ke isi

Kusumah Atmaja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Kusumah atmaja)

Kusumah Atmaja, gumelar kaping 8 September 1898 di Purwakarta, Jawa Barat. Anjeunna pupuhu Mahkamah Agung Indonésia anu kahiji di Indonésia. Ngaran aslina (Radén Soelaiman Éffendi Koesoemah Atmadja), anjeunna ti kulawarga beunghar tur kapandang[1]. Napak sakola anu mantes jeung miboga gelar diploma ti Rechtschool atawa sakola kahakiman taun 1913[2].

Anjeunna ngamimitian jadi pagawé anu ngabantuan di Pangadilan Bogor taun 1919[2]. Sataun ngalakonan di dunya pangadilan, anjeunna meunangkeun béasiswa jang neruskeun sakola hukumna di Universitas Léiden, Walanda. Dina waktu harita, Universitas Léiden téh mangrupa gembongna para ahli hukum di Walanda[1].

Dina taun 1922, ngabéréskeun sakola ku gelar Doctor in de recht geleeeheid[1]. Disertasina ngajelaskeun ngeunaan Hukum Wakaf di Hindia Walanda. Mulang ti Hindia Walanda anjeunna jadi hakim di Raad Van Justitie (satingkat Pangadilan Luhur) Jakarta[2]. Sataun ti dinya, langsung diangkat jadi Voor Zitter Landraad (Pupuhu Pangadilan Negeri) di Indramayu jeung Majaléngka, Jawa Barat. Nepi ka papanggih  awéwé ngaran Raden Ajeng Nawangsih di mana paamprokan ieu jadi tali parkawinan[1].

Teu nepi ka dinya baé, anjeunna téh pernah ngabogaan tugas salaku Hakim di Pangadilan Luhur Padang, Pupuhu PN Semarang jeung Hakim PT Semarang[2].

Lumangsur kana kamerdékaan Indonésia, anjeunna jadi salah sahiji anggota BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdékaan Indonésia). Saenggeus merdéka, pamaréntah nunjuk anjeunna pikeun nyieun tur ngabentuk Mahkamah Agung salaku lembaga hukum anu pangluhurna di Indonésia[1].

Kapamingpinan Kusumah Atmaja loba pisan halanganana. Dina Mahkamah Agung anu saumur jagong, anjeunna kudu usaha negak keun Indepéndensi lembaga anu di pingpinna. Sebastian Pompe dina disertasina judul The Indonesian Supreme Court : A Study of Institutional Collaps, nu nyatet kasus penting dina karir Kusumah Atmaja. Pompe ngutip data nu dibogaan ku Daniel S Lev[2].

Nyaéta, kasus anu dikenal ku sebutan Sudarsono Case. Dina taun 1946, aya kajadian usaha nyulik Perdana Menteri Sjahrir ku sagolongan tantara nu di pingpin ku Mayjen Sudarsono. Golongan anu ngarencanakeun ngajieun kudeta ieu téh nyaéa para jelema anu deukeut jeung Présidén Soekarno, salah sahijina Muhammad Yamin. Tujuan tina nyulik ieu téh supaya nagara Indonésia balik deui kana sistem Présidénsil[2].

Lain ti jero negeri waé, Kusumah Atmaja ogé kudu nyanghareupan tantangan ti luar. Saeunggeus nyerahna Jepang. Walanda balik deui ngusahakeun ngajajah Indonesia. Lembaga Yudikatif ogé kabeulah. Masih tina disertasi Pompe, dina waktu harita loba hakim senior asal pribumi anu nyalindung ka kubu Walanda[2].

Sababaraha golongan pamuda pernah nyurigaan Kusumah Atmaja aya dina pihak panjajah Walanda. Kacurigaan éta téh pada akhirna leungit. Kusumah Atmaja mingpin Mahkamah Agung nepi ka wafat dina tanggal 11 Agustus 1952. Anjeunna meunang gelar pahlawan dina taun 1965[2].

Ahmad Kamil, wakil pupuhu Mahkamah Agung Bidang Non Yudisial ménta supaya Kusumah Atmaja ditetepkeun salaku Pahlawan Panegak Hukum. Jasana di dunya pangadilan kacida lobana. Salah sahiji anu bakal diinget nyaéta dina kapasitasna salaku Pupuhu Mahkamah Agung anu nyokot sumpah Sukarno salaku Présidén Republik Indonésia anu kahiji taun 1945 jeung nu kadua kalina sawaktu Sukarno jadi Présidén Indonésia Sarikat dina akhir 1949[2].

Kusumah Atmaja disebut hakim tilu jaman, nyaéta di jaman Hindia Walanda, manéhna jadi hakim di Landraad dan Raad Van Justitie. Di jaman Jepang, Pupuhu Tihoo Hooin. Di éra kamérdékaan, manéhna jadi Pupuhu Mahkamah Agung kahiji[2].

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e "Kusumah Atmaja Hakim Agung Pertama dan Terlama Menjabat Ketua MA". Minews ID (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-09-15. 
  2. a b c d e f g h i j "hukumonline.com - Berita : Kusumah Atmadja, Hakim Tiga Zaman". web.archive.org. Diakses tanggal 2021-09-15.