Lompat ke isi

Sukarno

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Presiden Soekarno)
Soekarno
Gumelar6 Juni 1901
Surabaya, Jawa Wétan, Indonesia
Tilar dunya21 Juni 1970
Jakarta, Indonesia
PasaréanBlitar, Jawa Wetan, Indonesia
SaenggeusnaSoeharto
Partéy pulitikPartéy Nasional Indonésia
PasanganOetari (1922 - 1923)
Inggit Garnasih (1923 - 1943)
Fatmawati (1943 - 1956)
AnakDari Fatmawati Soekarnoputri
* Guntur Soekarnoputra
* Megawati Soekarnoputri
* Rachmawati Soekarnoputri

Soekarno (gumelar di Surabaya[1][2][3][4], Jawa Wétan, 6 Juni 1901  tilar dunya di Jakarta, 21 Juni 1970 dina umur 69 taun)[5] nyaéta Presiden Indonesia ka hiji. Anjeunna anu mroklamirkeun Indonésia merdéka ti pangjajah Walanda sarta jadi présidén ti taun 1945 nepi ka 1967, jadi présidén sanggeus hasil dina transisi nu ngagalura di Indonésia pikeun merdéka. Sukarno lengser ku kakuatan salah sahiji jendralna, Soeharto, nu jadi présidén saprak Maret 1967.

Soekarno ku média massa Kulon (Éropa sarta Amérika) ogé biasa disebut Ahmad Sukarno atawa Soekarno. Sedengkeun masarakat Indonésia nyebut ngaranna Bung Karno.

Kasang tukang

[édit | édit sumber]

Anak saurang ménak Jawa Radén Soekemi Sosrodihardjo sarta garwana urang Bali Ida Ayu Nyoman Rai ti Kabupatén Buleleng, Sukarno lahir di Surabaya (sanajan sawatara sumber nyatakeun anjeunna lahir di Blitar, Jawa Wétan) di Hindia Walanda (ayeuna Indonésia). Anjeunna ditarima di sakola Walanda nalika masih yuswa ngora kénéh. Sabot anjeunna dikirim ku ramana ka Surabaya dina taun 1916 pikeun asup sakola tengahan, anjeunna patepang sareng Tjokroaminoto, saurang inohong pajoang nasional. Taun 1921 Bung Karno mimitian diajar di Technische Hoogeschool (ayeuna ITB) di Bandung.[6]

Soekarno béntés dina sawatara basa, utamana basa Walanda. Anjeunna kungsi nyarios yén nalika diajar di Surabaya, anjeunna mindeng diuk di tukang layar bioskop sarta maca sub-judul film Walanda sacara sabalikna, alatan anjeunna henteu sanggup diuk di korsi hareup anu hargana mahal.

Perjoangan Kamerdékaan

[édit | édit sumber]

Soekarno janten pamingpin gerakan kamerdékaan Indonésia. Taun 1927, Soekarno ngadegkeun hiji partéy, namina Partéy Nasional Indonésia (PNI).[7] Anjeunna ditéwak dina taun 1929 ku pamaréntah kolonial Walanda sarta dihukum salila dua taun panjara. Dina mangsa dileupaskeun, anjeunna parantos janten saurang pahlawan anu populér. Saprak éra 1930-an, Bung Karno ditéwak deui sababaraha kali.[8]

Perang Dunya Kadua - Jaman Jepang

[édit | édit sumber]

Salila Perang Dunya Kadua, Soekarno gawé bareng jeung Jepang heunteu ngan sakadar usaha ngumpulkeun kakuatan tapi ogé nuju kamerdékaan Indonésia. Anjeuna narima aturan yén kapala pamaréntahan Indonésia aya dina kadali milter Jepang dina bulan Juli 1942 sarta dina taun 1943 jadi pingpinan Putera, hiji organisasi pulitik penting. Anjeuna ogé jadi pingpinan Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonésia (BPUPKI), organisasi jieunan Jepang keur nyiapkeun kamerdekaan Indonésia.

Mangsa awal kamerdikaan, Pancasila

[édit | édit sumber]

Saatos éléhna Jepang, Soekarno sareng Mohammad Hatta ngaproklamasikeun kamerdékaan Indonésia dina kaping 17 Agustus 1945.

Visi Soekarno pikeun UUD 1945 kawangun dina Pancasila (tina basa Sansekerta anu hartosna "lima tihang"). Filsafat politik Soekarno dipandu ku (henteu dumasar runtuyan) Marxisme, Démokrasi, jeung Islam. Ieu hal ébréh ngaliwatan Pancasila, anu asal-usulna ditepikeun ku anjeunna dina ping 1 Juni 1945.[9]

  1. Nasionalisme (persatuan nasional, sanés supremasi ultranationalist)
  2. Internasionalisme (hiji bangsa anu miboga kadaulatan di antara sasamana)
  3. Perwakilan Démokrasi (sakabéh kelompok anu signifikan miboga wawakil)
  4. Kéadilan Sosial (diinformasikeun ku filsafat Marxis)
  5. Kapercayaan ka Pangéran (nanging tetep nagara sekulér)


Parlemén Indonésia diadegkeun dumasar kana konstitusi anu munggaran, nanging kabuktian yén kaayaanana gampang diatur. Ieu hal téh alatan lobana pacéngkadan anu teu kungsi sapagodos antawis rupa-rupa faksi sosial, politik, agama, sarta étnis.[8]

Dina kaayaan kacau antawis rupa-rupa faksi, sarta ayana tarékah Walanda anu hoyong deui ngawasa, pasukan Walanda nyérek Soekarno dina bulan Désémber 1948. Nanging, anjeunna antukna dileupaskeun deui sabada ayana gencatan senjata. Anjeunna mulang deui ka Jakarta dina kaping 28 Désémber 1949.

Salian ti éta, aya ogé tarékah kudéta militer ka Soekarno dina taun 1956. [[Catetan Parobahan]

Dina tarékah pikeun mulangkeun deui katartiban, Soekarno ngadegkeun naon anu ku anjeunna disebut "démokrasi terpimpin", nyaéta nalika anjeunna nyepeng kakawasaan éksekutif anu beuki ageung, bari tetep miara parlemén multipartéy.

Démokrasi Terpimpin jeung Ngaronjatna Otokrasi

[édit | édit sumber]

Dina mangsa pamungkas tina kaprésidénanana, Soekarno beuki gumantung ka tentara sarta pangrojong ti Partéy Komunis Indonésia (PKI).

Dina kaping 30 Novémber 1957, aya serangan granat anu ditujukeun ka Soekarno nalika anjeunna nuju nganjang ka hiji sakola di Cikini, Jakarta (kajadian ieu katelah Peristiwa Cikini). Aya genep urang murid anu janten korban, nanging Soekarno henteu ngalaman tatu anu parna.

Dina bulan Désémber, anjeunna maréntahkeun sangkan 246 pausahaan Walanda di-nasionalisasi janten pausahaan nasional. Salajengna, dina bulan Pébruari 1958, anjeunna mimiti nyanghareupan perlawanan ti PRRI (Pemerintah Révolusionér Républik Indonésia) anu baruntak di Bukittinggi. Catetan Parobahan:

Salila mangsa harita, anjeunna ogé ngadegkeun hiji dines anu tiasa ngawaskeun media ogé percetakan buku, ogé ngabersihkeun séké-sélér Tionghoa . Dina tanggal 5 Juli 1959 anjeunna ngawangun deui rarancang konstitusi 1945, sarta ngabubarkeun parlemen, sarta digentos ku sistim perdana menteri. Anjeunna kaceluk ku sesebutan cara maréntahkeun nganggo kaputusan Manifesto Politik atawa Manipol. Sadayana lawan pulitik dikintun ka tempat khusus pikeun diasingkeun.

Salila mangsa harita, anjeunna ogé ngadegkeun hiji dinas anu miboga pancén pikeun ngawaskeun média sarta percétakan buku, ogé aya kawijakan anu mangaruhan kaom Tionghoa. Dina kaping 5 Juli 1959, anjeunna ngaluarkeun dékrit pikeun ngalaksanakeun deui konstitusi 1945, sarta ngabubarkeun parlemén (Konstituante) anu digentos ku sistem pimpinan puseur ku présidén langsung.

Anjeunna kawentar ku cara maréntah anu dumasar kana Manifesto Politik atanapi Manipol. Sakur lawan politik anu dianggap bahaya diasingkeun ka tempat-tempat husus.

Dina taun 1962, Soekarno maréntahkeun sangkan ngayakeun serangan ka Irian Kulon (Belanda New Guinea). Aya hiji tarékah rajapati anu ditujukeun ka anjeunna nalika nuju nganjang ka Sulawesi dina taun 1962. Wewengkon Irian Kulon antukna asup ka jero kakawasaan Indonésia dina sasih Méi 1963 dumasar kana Bunker Plan. Nalika sasih Juli 1963, anjeunna ngabéwarakeun yén dirina parantos janten présidén saumur hirup (President for Life).

Soekarno ogé nentang ka Féderasi Malaysia anu dikokolakeun ku Inggris, sarta nyebutkeun yén éta téh saukur "plot neo-kolonial" pikeun ngamajukeun kapentingan Inggris. Sanajan aya tawar-tawar politik, Malaysia angger diproklamasikeun dina bulan Séptémber 1963. Hal ieu ngabalukarkeun Konfrontasi sarta dilaunanna bantuan militer AS ka Indonésia dieureunkeun.

Soekarno ngabolaykeun kaanggotaan Indonésia ti PBB dina taun 1965 nalika Malaysia kapilih janten anggota Déwan Kaamanan PBB. Kaayaan Soekarno janten beuki sulit, anjeunna kantos kapiuhan dipayuneun balaréa dina kaping 9 Agustus 1965, alatan ngagaduhan panyawat ginjal anu parantos parna.

Lengser tina kakawasaan

[édit | édit sumber]

Pada pagi hari tanggal 1 Oktober 1965, beberapa penjaga terdekat Soekarno diculik dan dibunuh enam jenderal anti-komunis. Satu korban, yang tidak ditargetkan dalam upaya kudeta yang dicurigai, adalah Letnan Jenderal Suharto.

Krisis ini memicu tindakan keras terhadap partai komunis dan pembersihan bangsa-luas tersangka komunis (kebanyakan petani). Pembunuhan terkonsentrasi di Sumatera, Jawa Timur dan Bali. Pada saat mereka mereda pada tahun 1966, diperkirakan setengah juta orang Indonésia telah dibantai oleh tentara, polisi dan pro-Soeharto preman. Etnis Tionghoa juga menjadi sasaran, terutama karena alasan ekonomi dan rasial. Sebuah laporan CIA resmi disebut pembersihan "salah satu pembunuhan massal terburuk di abad ke-20".2

pegangan Soekarno daya melemah dalam krisis, dan akhirnya, pro-Amerika Letnan Jenderal Suharto dipaksa Soekarno untuk menyerahkan kekuasaan eksekutif pada tanggal 11 Maret 1966.

Ada banyak spekulasi tentang yang memicu krisis yang menyebabkan penghapusan Sukarno dari kekuasaan. Sementara versi resmi mengklaim Partai Komunis Indonésia (PKI) memerintahkan pembunuhan enam jenderal, yang lain mengatakan Soekarno sendiri, dan beberapa berpikir Soeharto orchestrated pembunuhan untuk menghilangkan saingan potensial untuk présidén. 3

Ada juga mengklaim bahwa Sukarno digulingkan oleh Amerika Serikat karena nasionalisme dan kebijakan Gerakan Non-Blok.

Soekarno dilucuti dari gelar présidén oleh parlemen sementara di Indonésia pada tanggal 12 Maret 1967 dan ia tetap berada di bawah tahanan rumah sampai kematiannya pada umur 69 di Jakarta pada tahun 1970.

Tangkal kulawarga

[édit | édit sumber]
 
 
Raden Soekemi Sosrodihardjo
 
Ida Ayu Nyoman Rai
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Soekarno (1901 - 1970)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Oetari (menikah 1921;cerai 1923)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Inggit Garnasih (menikah 1923)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Fatmawati (menikah 1943)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Guntur (l.1944)
 
Megawati (l.1947)
 
_Rachmawati_ (l.1950)
 
_Sukmawati_ (l.1952)
 
___Guruh___ (l.1953)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Hartini (menikah 1952)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Taufan (1951 - 1981)
 
Bayu (l.1958)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Ratna (menikah 1962)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Kartika (l.1967)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Haryati (menikah 1963)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Ayu
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Yurike Sanger (menikah 1964)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Kartini Manoppo
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Totok (l.1967)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Heldy Djafar (menikah 1966)
 
 
 
 

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Sukmawati:Bung Karno Lahir di Surabaya
  2. Surabaya Bangun Monumen Kelahiran Bung Karno
  3. "Dari Buleleng, ia mendapat temuan ayah Soekarno dipindah ke Surabaya tahun 1901. Dan pada 1902 Soekarno lahir. “Kalau akhirnya dibuat 1901 itu mungkin untuk memudahkan sekolahnya saja,” ujar Nurinwa." Antropolog UGM:Bung Karno Lahir di Surabaya Fakta yang sama berkenaan dengan tahun lahir Soekarno adalah penuturan Prof. Ir. Goenarso "Dalam Buku Induk TH Bandoeng yang sekarang masih tersimpan di ITB terbaca bahwa tanggal lahir Soekarno adalah 6 Juni 1902." (1995:37) dan Sakri (1979:16).
  4. Dalam otobiografinya Sukarno, An Autobiography as Told to Cindy Adams (Bobs-Merrill Company Inc, New York, 1965) Sukarno menyebutkan lahir di Surabaya
  5. Biografi Presiden Archived 2013-09-21 di Wayback Machine Perpustakaan Nasional Republik Indonesia
  6. Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan Umum. Jakarta: Pustaka Widyatama. hlm. 7. ISBN 9789796103713. Disungsi 18 Januari 2023
  7. Adams, Cindy (1965). Sukarno: An Autobiography as Told to Cindy Adams (Dina basa Inggris). Gunung Agung.
  8. 1 2 Ricklefs, M.C. (2001). A History of Modern Indonesia since c.1200. Stanford University Press. hlm. 248. ISBN 9780804744805.
  9. Darmodihardjo, Darji. (1991). Santiaji Pancasila. Surabaya: Usaha Nasional.
  1. Smith, Roger M (ed). Southeast Asia. Documents of Political Development and Change, Ithaca and London, 1974, pp. 174 - 183.
  2. U.S. Central Intelligence Agency, Research Study: Indonesia -- The Coup that Backfired, 1968, p. 71n.
  3. Robert Cribb, ‘Nation: Making Indonesia’, in Donald K. Emmerson (ed.), Indonésia Beyond Suharto: Polity, Economy, Society, Transition. Armonk, New York: M.E. Sharpe, 1999, pp. 3 - 38
Jabatan pulitik
Saméméhna
Jabatan dijieun
Presiden Indonesia
1945 - 1967
Sanggeusna
Soeharto