Fatmawati

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Fatmawati
Saméméhna Taya, jabatan anyar
Sanggeusna Siti Hartinah
Katerangan lian
Gumelar 5 Pébruari 1923
Bengkulu, Hindia Belanda
Pupus 14 Méi 1980 (yuswa 57)
Kuala Lumpur, Malaysia
Kabangsaan Indonesia
Pameget/istri Soekarno (1943-1970)
Murangkalih Guntur Soekarnoputra
Megawati Soekarnoputri
Rachmawati Soekarnoputri
Sukmawati Soekarnoputri
Guruh Soekarnoputra

Hj. Fatmawati (gumelar di Bengkulu, 5 Pébruari 1923 – maot di Kuala Lumpur, Malaysia, 14 Méi 1980 dina umur 57 taun) nyaéta pamajikan ka-3 Présidén Indonésia Soekarno. Manéhna jadi Ibu Nagara Indonésia ti taun 1945 nepi ka taun 1967 sarta indung présidén kalima, Megawati Soekarnoputri. Manéhna ogé dipikawanoh ku jasana ngaput Bandéra Pusaka Sang Saka Merah Putih anu dikibarkeun dina upacara Proklamasi Kamerdékaan Indonésia di Jakarta di tanggal 17 Agustus 1945.

Kahirupan[édit | édit sumber]

Fatmawati jeung lima anakna
Fatmawati jeung Soekarno

Fatmawati dilahirkeun salaku urang Minangkabau, di Sumatra Kulon. Bapana ngaranna Hasan Din (1905–1974) sedengkeun indungna ngaranna Siti Chadijah. Fatmawati boga ngaran leutik Fatimah.[1] Kolotna turunan Putri Indrapura, anggota kulawarga karajaan ti Kasultanan Indrapura, Pesisir Selatan, Sumatra Kulon. [2] Bapana pangusaha sarta jadi inohong Muhammadiyah di Bengkulu. [3]

Di tanggal 1 Juni 1943, Fatmawati nikah ka Soekarno, nu jadi présidén kahiji Indonésia. Ti dinya, manéhna boga lima putra sareng putri, nyaéta Guntur Soekarnoputra, Megawati Soekarnoputri, Rachmawati Soekarnoputri, Sukmawati Soekarnoputri, jeung Guruh Soekarnoputra .

Makam Fatmawati di TPU Karet Bivouac, Jakarta

Di taun 14 Méi 1980, manéhna tilar dunya di Kuala Lumpur [4], Malaysia dina umur 57 taun, alatan serangan jantung nalika balik ti Umrah ti Mekah. Manéhna dimakamkeun di Karét Bivak, Jakarta.

Katurunan[édit | édit sumber]

Fatmawati jeung Soekarno nikah di tanggal 1 Juni 1943 sarta boga lima anak, nyaéta:

  • Guntur Soekarnoputra (l. 3 Nopémber 1944), nikah jeung Henny Emilia Hendayani dina 16 Pébruari 1970. Manéhna boga hiji anak.
  • Megawati Soekarnoputri (l. 23 Januari 1947), Présidén RI ka-5 . Manéhna nikah jeung Létnan I Surindro Supjarso dina 1 Juni 1968 (d. 22 Januari 1970), nikah kadua kalina jeung Hassan Gamal A. Hasan dina 22 Juni 1972 ngan bedo sanggeus 3 bulan, sarta ahirna nikah jeung Taufiq Kiemas (31 Januari 1942 – 8 Juni. 2013) dina 14 Maret 1973. Manéhna boga tilu anak.
  • Rachmawati Soekarnoputri (27 Séptémber 1950 – 3 Juli 2021), nikah ka Dr. Tommy Pariatman Marzuki dina 14 Maret 1969 sarta ceré taun 1973. Kadua kalina, manéhna nikah ka Dicky Suprapto (27 Séptémber 1947 - 3 April 2006) dina 1975 tuluy ceré. Manéhna tuluy nikah ka Benny Sumarno (19 Mei 1949 - 2 April 2018) dina taun 1995. Rachmawati boga 3 anak.
  • Sukmawati Soekarnoputri (l. 26 Oktober 1951), nikah jeung Pangeran Sujiwa Kusuma ti Mangkunegara (18 Agustus 1951 – 13 Agustus 2021) dina 16 Séptémber 1974 sarta ceré di taun 1983. Manéhna tuluy nikah deui jeung Muhammad Hilmy (1954 - 29 Oktober 2018). Sukmawati boga tilu anak.
  • Guruh Soekarnoputra (l. 13 Januari 1953), nikah jeung Guseynova Sabina Padmavati (l. 1979) tanggal 19 Oktober 2002.

Carita ngaput bandéra[édit | édit sumber]

Sataun sanggeus nikah, Jepang ngajangjikeun kamerdékaan pikeun Indonésia. Bandéra Beureum Bodas ogé bisa dikibarkeun sarta lagu kabangsaan Indonésia Raya tiasa disetél. Bu Fatmawati tuluy mikir yén manéhna butuh bandéra Beureum Bodas pikeun dikibarkeun di Pegangsaan 56. “Pada waktu itu tidak mudah untuk mendapatkan kain merah dan putih di luar,” tulis Chaerul Basri dina tulisanna “Beureum Bodas, Ibu Fatmawati, jeung Gedong Proklamasi” nu dipedar dina Harian Kompas, 16 Agustus 2001. "Barang-Barang bekas impor, semuanya berada di tangan Jepang, dan kalau pun ada di luar, untuk mendapatkannya harus dengan berbisik-bisik," tulisna.[5]

Ahirna Fatmawati bisa meunang lawon beureum bodas meunang bantuan Shimizu, perantara sawala Jepang - Indonésia. Ieu bandéra anu berkibar di Pegangsaan Timur nalika Proklamasi Kamerdékaan Indonésia. [5]

Bu Fatmawati ngaput bandéra dina kaayaan anu teu séhat. Manéhna harita keur kakandungan beurat sarta geus waktuna ngalahirkeun anak cikalna, Guntur Soekarnoputra. Manéhna nepi ka ngeclak cipanon nalika ngaput bandéra. [5] "Menjelang kelahiran Guntur, ketika usia kandungan telah mencukupi bulannya, saya paksakan diri menjahit bendera Merah Putih, saya jahit berangsur-angsur dengan mesin jahit Singer yang dijalankan dengan tangan saja, sebab Dokter melarang saya menggunakan kaki untuk menggerakkan mesin jahit." ceuk Fatmawati dina buku karangan Bondan Winarno. [5]

Dina budaya populér[édit | édit sumber]

  • Dina pilem Soekarno (2013), Fatmawati dilakonkeun ku Tika Bravani.

Pangajén[édit | édit sumber]

Ngaran Fatmawati diabadikeun di Bandara Fatmawati Soekarno Kota Bengkulu jeung Rumah Sakit Umum Fatmawati Jakarta Kidul, DKI Jakarta . Ngaran stasion MRT Fatmawati, salah sahiji stasion MRT Jakarta, dicokot tina ngaran Rumah Sakit Fatmawati anu deukeut ka stasion. Padumukanana di Bengkulu ayeuna dijadikeun musieum.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Nurinwa Ki S. Hendrowinoto, dkk, Ibu Indonesia Dalam Kenangan, Bank Naskah Gramedia bekerja sama dengan Yayasan Biografi Indonesia, 2004
  2. Agus, Yusuf, Sejarah Pesisir Selatan, Jakarta: PT. Arina Yudi, 2001
  3. R. Borsuk and N. Chng; Liem Sioe Liong's Salim Group: The Business Pillar of Suharto's Indonesia, Singapore, 2014
  4. Yahya, Rizal Amril (Citakan:ISO date/fr2). "Peran Fatmawati dalam Sejarah Perjuangan Proklamasi Kemerdekaan RI" (dalam bahasa id). Tirto.id. https://tirto.id/peran-fatmawati-dalam-sejarah-perjuangan-proklamasi-kemerdekaan-ri-giFj. Diakses pada 2022-08-25 
  5. a b c d Dzulfaroh, Ahmad Naufal (2020-08-16). "Profil Ibu Fatmawati Soekarno dan Kisahnya Menjahit Sang Merah Putih..." (dalam bahasa id). Kompas.com. https://www.kompas.com/tren/read/2020/08/16/073000465/profil-ibu-fatmawati-soekarno-dan-kisahnya-menjahit-sang-merah-putih-. Diakses pada 2021-03-09 
Gelar kehormatan
Saméméhna
Tidak Ada (Jabatan baru)
Ibu Negara Republik Indonesia
1945–1967
Sanggeusna
Tien Soeharto