Lompat ke isi

Laevistrombus canarium

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Laevistrombus canarium
Five different views of a shell of an adult L. canarium: abapertural (upper left), right lateral (center), apertural (upper right), apical (lower left) and basal (lower right)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
(unranked):
Superfamili:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
L. canarium
Ngaran binomial
Laevistrombus canarium
The shaded area indicates the distribution of Laevistrombus canarium within the Western Central Pacific, according to Poutiers, 1998.[1]
Sinonim[2][3][4]


Laevistrombus canarium disebut ogé siput gonggong dina basa Malayu.[9][10] nyaéta sato grastropoda sarupa kéong anu hirup di dasar laut. Di Indonésia, ieu sato jadi ikon khas kapuloan Bangka-Belitung.[11]

Wangun Awak

[édit | édit sumber]

Ukuran cangkangna gedé, pola spiral nyungcung sedeng, buleud semu nyungcung, awakna kembung, biwir cangkang luar rubak, sisi biwir cangkang luar semu buleud, kanal siphonal pondok pisan.[12]

Sumebarna

[édit | édit sumber]

Ieu jenis kéong laut téh asalna ti laut basisir sabudeureun wewengkon Indo-Pasifik jeung sumebar lega ti kiduleun India nepi ka Melanesia, tuluy ka kalér nepi ka Ryuku di Jepang, jeung ka kidul ka Queensland, Australia jeung Kalédonia Baru. Spésiés ieu gastropod téh di semenanjung Malaysia umumna kapanggih di Selat Johor jeung wewengkon séjén saperti Pulau Tinggi jeung Pulau Besar, di wétaneun Johor, jeung Port Dickson jeung Teluk Kemang di Negeri Sembilan.[9] Ieu kéong kapanggih ogé di Teluk Kelabat, Bangka[13].

Ieu kéong hirup dina leutak keusik di dasar laut, di antara alga jeung jukut laut di semenanjung jeung basisir benua.Ieu sato téh dijadikeun kadaharan poko pikeun komunitas pribumi. Iwal ti éta dipaké ogé keur nyieun karajinan saperti hiasan dékoratif, jeung pakakas ngala laut.[9]

Di Riau, ieu sato diolah jadi kadaharan has[14][15][16]. Diolahna ngan ukur digodogkeun, tuluy dicocolkeun kana sambel anu has[17]. Kitu deui di wewengkon Jambi, siput gonggong dijadikeun kaolahan[18].Di Kabupatén Bangka Utara, daging siput ieu biasana digoréng nepi ka garing sarta ngan saeutik diuyahan.[19][20]

Di sawatara tempat, ieu kéong téh dicobaan pikeun dipiara di luar habitatna, atawa diternak[21]. Sanajan, nepi ka kiwari kakara aya dina tahap ékspériméntal[22].

Carita Rahayat (Folklore)

[édit | édit sumber]

Siput gonggong dicaritakeun dina lalakon "Burung Tang Tut" nyaéta dongéng ti Bangka[23]. Dina éta lalakon, siput gonggong kacaritakeun minangka kadaharan anu beunang ti basisir di deukeur lembur. Di Batam ogé aya lalakon anu di jerona nyaritakeun siput gonggong, minangka sato anu ditéangan pikeun dikumpulkeun dina waktu cai laut surut.[24] Kitu deui di Riau, aya lalakon anu méh sarua nyebut-nyebut siput gonggong.[25]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Carpenter, Kent E.; Niem, Volker H.; South Pacific Forum Fisheries Agency.; Norsk utviklingshjelp.; Food and Agriculture Organization of the United Nations. (1998–2001). The living marine resources of the Western Central Pacific. Rome: Food and Agriculture Organization of the United Nations. ISBN 92-5-104051-6. OCLC 40772670. Pemeliharaan CS1: Format tanggal (link)
  2. Carpenter, Kent E.; Niem, Volker H.; South Pacific Forum Fisheries Agency.; Norsk utviklingshjelp.; Food and Agriculture Organization of the United Nations. (1998–2001). The living marine resources of the Western Central Pacific. Rome: Food and Agriculture Organization of the United Nations. ISBN 92-5-104051-6. OCLC 40772670. Pemeliharaan CS1: Format tanggal (link)
  3. "Wayback Machine" (PDF). web.archive.org. Diaksés tanggal 2020-03-22.
  4. Visser, G. J.; Veld, L. A. Man In ’T; Voskuil, R. P. A. (1996). Contributions to the knowledge of Strombacea. 3. Some notes on the range of Strombus (Dolomena) plicatus pulchellus Reeve, 1851 (Gastropoda, Prosobranchia Strombidae) (Dina basa English). Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  5. Linné, Carl von; Salvius, Lars (1758). Caroli Linnaei...Systema naturae per regna tria naturae :secundum classes, ordines, genera, species, cum characteribus, differentiis, synonymis, locis. Vol. v.1. Holmiae :: Impensis Direct. Laurentii Salvii,. Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
  6. 1 2 Quoy, J. R. C.; Gaimard, J. P. (1834). Voyage de Découvertes de "l'Astrolabe", Exécuté par Ordre du Roi, Pendant les Années 1826–29, sous le Commandement de M. J. Dumont d'Urville, Vol. 3 (Dina basa French). Paris, France: J. Tastu, Éditeur-Imprimeur. hlm. 74–75. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  7. Issel, A.; Tapparone-Canefri, C. M. (1876). "Studio monografico sopra gli strombidi del Mar Rosso". Annali del Museo Civico di Storia Naturale di Genova (Dina basa Italian). 8: 337–366. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  8. Tryon, G. W. (1885). Manual of Conchology, Structural and Systematic, with Illustrations of the Species, Vol. 7. Philadelphia, USA: Published by the author. hlm. 110.
  9. 1 2 3 WAN HASSAN, WAN NURUL HUSNA; et al. (1 February 2019). "EFFECTS OF TEMPERATURE ON FOOD CONSUMPTION OF JUVENILES DOG CONCH, Laevistrombus canarium (LINNAEUS, 1758) IN LABORATORY CONDITION" (PDF). Journal of Sustainability Science and Management. Penerbit UMT. Diaksés tanggal 25/03/2020. ; Archived 25 Maret 2020 di Wayback Machine
  10. Clifford, Sir Hugh Charles; Swettenham, Sir Frank Athelstane (1894). A Dictionary of the Malay Language (Dina basa Inggris). authors at the Government's printing Office.
  11. "Siput Gonggong, Ikon Khas Bangka Belitung yang Terancam Punah - Semua Halaman - Bobo". bobo.grid.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-25.
  12. "Laevistrombus canarium". keralamarinelife.in. Diaksés tanggal 2020-03-25.[tumbu nonaktif]
  13. Sujitno, Sutedjo (2007). Sejarah penambangan timah di Indonesia: abad ke-18-abad ke-20 : sekitar sejarah perkembangan teknologi dan pengelolaan penambangan timah di Indonesia (Dina basa Indonesia). Cempaka Pub. ISBN 978-979-3780-38-2.
  14. Co, Tim Women Script & (2013-10-25). Storypedia: Nusantara (Dina basa Indonesia). Buah Hati. ISBN 978-602-7652-29-3.
  15. Workshop, Tropical Marine Mollusc Programme (1995). Proceedings of the Fifth Workshop of the Tropical Marine Mollusc Programme (TMMP): Conducted in Indonesia at Sam Ratulangi University, Manado, and Hasanuddin University, Ujung Pandang, 12-23 September 1994 (Dina basa Inggris). Phuket Marine Biological Center.
  16. Jurnal Penelitian Perikanan Laut (Dina basa Indonesia). Balai Penelitian Perikanan Laut. 1987.
  17. Khadafi, Rizal (2008). Atlas Kuliner Nusantara; Makanan Spektakuler 33 Provinsi (Dina basa Indonesia). Bukune. ISBN 978-602-8066-14-3.
  18. Kesenian masyarakat Melayu di Jambi (Dina basa Indonesia). 2012.
  19. Hidayah, Dr Zulyani (2015). Ensiklopedi Suku Bangsa di Indonesia (Dina basa Indonesia). Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 978-979-461-929-2.
  20. SUK & M: Kerupuk Bangka (Dina basa Indonesia). Gramedia Pustaka Utama. ISBN 978-979-22-3871-6.
  21. Prosiding: Pertemuan Ilmiah Nasional Tahunan VIII ISOI 2011, Hotel Sahid Jaya, Pangkal Pinang, Makassar, 25-27 September 2011 (Dina basa Indonesia). Ikatan Sarjana Oseanologi Indonesia. 2012. ISBN 978-979-98802-8-4.
  22. Gamma (Dina basa Indonesia). Garda Media Mandiri. 2000-11.
  23. Savitri, Lala (2002). Cerita rakyat dari Bangka (Dina basa Indonesia). Grasindo. ISBN 978-979-695-415-5.
  24. Dari Nongsa ke Pulau Terong: cerita-cerita pusaka dari Batam (Dina basa Indonesia). Cindai Wangi Publishing House Batam bekerjasama dengan Yayasan Adikarya IKAPI dan the Ford Foundation. 2003-01-01. ISBN 978-979-96725-2-0.
  25. Cerita rakyat daerah Riau: Daerah Tingkat II Kepulauan Riau (Dina basa Indonesia). Pemerintah Daerah Tingkat I Propinsi Riau, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah Riau. 1991.