Mama Gentur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Mama Gentur atawa lengkepna Mama Ajengan Ahmad Syatibi Gentur Cianjur nyaéta salah sahiji sosok ulama tanah Pasundan anu Al-'Alim, Al-'Allamah, Al-Kamilil-Wara.

Riwayat[édit | édit sumber]

Ari Mama ajengan Ahmad syatibi gentur - cianjur éta salahsahiji sosok ulama tanahpa sundan anu al-alim al-alamah al-kamilil-wara. Anjeuna jumeneng dina pertengahan kurun ka tilu belas hijriyah ( 13 H ) Teu ka uningakeun taun kelahirannana. tapi anu jelas anjeuna masih keturunan wali agung syehAbdul muhyi pamijahan.Ari nasabna nyaéta :

Silsilah Rundayan Mama Ajengan Kaler (Syekh Ahmad Syatibi Gentur ) ti jihat Ibu-Na nyaéta ngawitan ti : 1. Nabi Muhammad Saw 2. Sayyidina Ali karroma Allahu wajhahu dan Fatimati Azzahro’ 3. Sayidina Husein As. 4. Sayyidina Ali Zaenal Abidin Ra. 5. Muhammad Al Baqir 6. Ja'far Ashodiq 7. Ali AI'Aridhi 8. Muhammad 9.Isa Albasyari 10. Ahmad Al Muhajir 11. Ubaidillah 12. 'Uluwi 13. Ali Kholi'i Qosim 14. Muhammmad Shohibul Murobath 15.‘Uluwi 16. Abdul Malik 17. Abdullah Khona 18. Imam Ahmad Syah 19.Jamaludin Akbar 20.Asmar Kandi Gisik Karjo Tuban 21.Ishak Makdhum 22 Muhammad Ainul Yaqin 23. Sunan Giri Laya 24. Wira Candera 25. Kentol Sumbirana 26. Rd. Ajeng Tanganziah 27. Waliyullah Syeikh Haji Abdul Muhyi Pamijahan 28. Sembah Dalem Bojong 29. Syekh Nur Katim 30. Syekh Nur Hajid 31. Syekh Abdul Qodir 32. Syekh Muhammad Said 33. Syekh Ahmad Syatibi Gentur ( Mama Ajengan Kaler )


ti jihat Rama-Na nyaéta ti kawit :

1. Nabi Adam As. 2. Nabi Syis As. 3. Anwar ( Nur cahya ) 4. Sangyang Nurasa 5. Sangyang Wenang 6. Sangyang Tunggal 7. Sangyang Manikmaya 8. Brahma 9. Bramasada 10. Bramasatapa 11. Parikenan 12. Manumayasa 13. Sekutrem 14. Sakri 15. Palasara 16. Abiyasa 17. Pandu Dewanata 18. Arjuna 19. Abimanyu 20. Parikesit 21. Yudayana 22. Yudayaka 23. Jaya Amijaya 24. Kendrayana 25. Sumawicitra 26. Citrasoma 27. Pancadriya 28. Prabu Suwela 29. Sri Mahapunggung 30. Resi Kandihawan 31. Resi Gentayu 32. Lembu Amiluhur 33. Panji Asmarabangun 34. Rawisrengga 35. Prabu Lelea ( maha raja adi mulya ) 36. Prabu Ciung Wanara 37. Sri Ratu Dewi Purbasari 38. Prabu Lingga Hyang 39. Prabu Lingga Wesi 40. Prabu Susuk Tunggal 41. Prabu Banyak Larang 42. Prabu Banyak Wangi / Munding sari I 43. ( a ) Prabu Mundingkawati / Prabu Lingga Buana

            / Munding wangi (Raja yang tewas di Bubat)
     ( b ) Prabu boros ngora / Buni sora suradipati
             / Prabu Kuda lelean berputra : Ki Gedeng Kasmaya

44. Prabu Wastu Kencana / Prabu Niskala wastu kancana

     / Prabu Siliwangi I

45. Prabu Anggalarang / Prabu Dewata Niskala /

     Jaka Suruh ( Raja Galuh / Kawali )    

46. Prabu Siliwangi II / Prabu Jaya dewata

     / Raden Pamanah rasa / Sri Baduga Maha Raja

47. Ratu Galuh 48. Ratu Puhun 49. Kuda Lanjar 50. Mudik Cikawung Ading 51. Entol Penengah 52. Sembah Lebe Warto Kusumah 53. Waliyullah Syeikh Haji Abdul Muhyi Pamijahan 54. Sembah Dalem Bojong 55. Syekh Nur Katim 56. Syekh Nur Hajid 57. Syekh Abdul Qodir 58. Syekh Muhammad Said 59. Syekh Ahmad Syatibi Gentur ( Mama Ajengan Kaler )

Waktos murangkalihna namina Agus,saparantosna mulih ti mekah digentos ku nami Dagustani namung katelahna ayeuna nyaéta Al-alim Al-alamah syeh Ahmad As-Syatibi atanapi Mama Gentur ceuk urang sunda anu janten anak muridna.

Ari Pirang-pirang Muridna diantawisna : - Mama Eyang Cijerah ( K.H.Muhammad Syafi`I bin K.H. Muhammad Amin ) - Abah Anom Suryalaya - Mama K.H. R. Sudja'i (Mama' Sindangsari) - Mama K.H. Syarifuddin Ponpes Fathul Huda cipaku darajat garut - Mama K.H. Emed Cimasuk garut bin K.H. Muhammad Rusdi haur kuning - Sareng sajabina ti eta… Khobar ti KH. Emed cimasuk garut bin KH.Ajengan Muhammad Rusdi haurkuning"waktu kaula ziarah ka Mama gentur,Anjeuna ngalalakonkeun nyaéta "baheula mama tina pohara hayangna boga elmu anu gedé tapi mama asa poekkeun milih guru jeung kasaha kudu ngaji téh ?

Riyadoh[édit | édit sumber]

Nya teras mama berangkat ziarah kubur ka wali luar batang Jakarta di dinya mama maca shalawat nariyah 4444 balikan meunang 44 kali tamatan dina waktu dalapan bulan teras mama ngimpen tepang sareng wali luar batang sareng ngadawuhkeun kieu "lamun manéh bener hayang boga elmu gedé jug gera indit ka daerah garut"mangka saterasna mama ngawitan berangkat heula ka pasantren keresek.

Pesantren Keresek[édit | édit sumber]

pidawuh ajengan keresek lamun ujang hayang hasil elmu gedé mah isuk ku mama dianteurkeun ka pun paman nyaéta pangersa ajengan Muhammad Adzro'i di bojong sabab dina waktu ieu para sepuh anu baroga elmu galede di tiap kabupaten ogé lolobana ti pun paman nyaéta syeh muhammad Adzro'i bojong garut. Mama gentur kenging sawengi nginep di keresek enjingna teras dijajapkeun ka pasantren bojong.

Pesantren Bojong[édit | édit sumber]

Kacarioskeun waktos ngawitan lebet ka pasantren teras ku guru dipasantren di sumpah bilih ngagem elmu sihir teras Anjeuna ngalaksanakeun sumpahna tanda teu ngagem elmu sihir. saterasna di tampi kalayan janten murid di pasantren.Ari barang tuangna salami dipasantren cekap ku taleus anu di cocolkeun kana sambel roay tara pisan enak-enakan ku rupi-rupikatuangan.Upami mendak masalah kitab anu teu acan ka hartos sok teras ngahadiahan mualifna ku katuangan jeung ku aurod shalawat. Mangka Anjeuna Nembe 40 dinten di bojong parantos ka talar kitab nazom yaqulu-kailani-amriti-alfiyah-samarqondy jeung jauhar maknun. Kaunggulan pasantren bojong garut Para santri anu belajar dipasantren éta di mana tos dua taun mangka jaranten al-alim al-alamah. Mama gentur netep di pasantren bojong mung kenging sataun dugika akhir bulan sya'ban margi dipiwarang syeh Adzro'i nyarengan Kiyai Rusdi ngaos ka pasantren gudang tasikmalaya. Ari kiyai Rusdi téh nyaéta santri bojong anu waktos mama gentur ngawitan mondok di pasantren bojong di dinya aya kiyai Muhammad Rusdi anu tos tilu taun lamina. Padahal dua taun ogé ku syeh Adzro'i parantos dipiwarang ngamukim mung ramana teu acan nyatujuan. Mama gentur kenging sataun dibojong mangka ajengan Muhammad Rusdi campleng opat taun,tidinya dipiwarang ngaos ka Mama Syuja'i gudang tasikmalaya disarengan ku Mama gentur.

Pesantren Gudang[édit | édit sumber]

Dawuh mama gentur Ari Mama gudang lamun ngawuruk dipayuneun kiyai Rusdi mangka angketna sok noroktok sareng ngadeg-deg bakating ku risi ku elmuna ki Rusdi. malihan mama gudang ngadawuh ka mama gentur "caritakeun ka ki Rusdi gera mukim kituh..Kapan ku kang Adzro'I ogé tos dipiwarang jeung tos aya dina Ridho guru".Namung weleh anu janten ramana teu acan kénéh nyatujuan. Teras kiyai Rusdi saparantos mondok di gudang teras ngalih deui ka Kiyai Muhammad Shoheh bunikasih cianjur anu di sebat ba'dul ikhwan ku syeh Ibrahim bajuri dina kitab tijan margi syeh Shoheh sareng syeh Adzro'i éta ngaosna sami ti syeh Ibrahim bajuri. Ari mama gentur mah teras waé netep di gudang dugi ka salapan taun.Waktos masantren di gudang Anjeuna kantos ngersakeun ziarah makam kubur di geger manah.Sateu acana angkat ziarahAnjeuna saum heula 40 dinten teras berangkat ka geger manah ngabujeng juru kunci makam teras dilinggihkeun dibumi kuncen sareng ditaros pamaksadan nana nyaéta maksad bade ziarah tabaruk dimakam karamat, saterasna dijajapkeun ka éta makam.Kinten jam opat subuh anjeuna mulih ti makam ngabujeng deui ka kuncen lajeng ku kuncen dituangkeun kurupi-rupi katuangan.Saparantos salse tina barangtuang lajeng Anjeuna naroska kuncen "mang wengi aya hujan ka dieu ? " waler kuncen "ah teu aya" naha aya naon ajengan....? Kuncen semu heran.Waktos abdi dimakam nuju ziarah ana ger téh hujan badag dor-dar gelap sareng angin anu pohara ngagelebugna katingalna ku abdi tangkal kayu anu sakitu gedéna meni nguyupuk-nguyupukkana tanah siga anu rek rungkad.Saur kuncen "teras aya naon deui? " waler mama gentur "ah rahasia teu sanggup ngabejakeun nana.Dina éta wengi saur ahli kampung aya suara hayam kongkorongok karungu ku sadayana sedengkeun di éta kampung teu aya anu gaduh hayam anu model kitu suarana. Sadayana pada kaget ku éta suara hayam teras disaridikeun timana éta bijilna suara.Ari pek téh tetela pisan yen éta suara hayam téh ti luhurpasir tempat makam anu di ziarahan ku pangersa mama gentur tea.Dawuh mama gentur"Saparantos kenging salapan taun di gudang teras mama berangkat ka mekah ngaos ka syeh Hasbullah.

Pesantren Mekkah[édit | édit sumber]

Mimiti ngaji di syeh Hasbullah mama pada nyapirakeun,Syeh Hasbullah ngadawuh ka para muridna mun ceuk sunda mah "isukan poe rebo urang ngaji kitab tuhfahmuhtaj tapi muthala'ah heula ku sararea hasil muthala'ah tuliskeun dina buku masing-masing jeung isuk kudu haladir sararea barawa hasil tulisan. Enjingna syeh Hasbullah mariksa buku para murid-muridna.Barang ret ningal buku tulisan mama Syeh Hasbullah ngahuleng,teras buku mama dipisahkeun teras ngalanjutkeun deui pamariksaan saparantos beres mariksa syeh Hasbullah ngadawuh"ngaji Tuhfah moal tulus lantaran teu pantes syatibi ngaji ka kaula kuduna ogé kaula nu ngaji ka Syatibi...Lantaran anu acan katepi kamuthala'ahan ku kaula dina buku syatibi geus aya.Kaula teu wani naswirkeun kitab di hareupeun Syatibi. Kumargi sadayana pada nyuhunkeun diteraskeun ogé mama ngunjukeun supados diteraskeun sanaos dingaos ukur lafadzna mangka syeh Hasbullah kakara kersa mung ukur lafadzna wungkul dugi ka tamatna.Dawuh mama gentur" elmu anu dipake muthala'ah kitab tuhfah éta tina sapalihna elmu anu katampi ti syehuna bojong".Waktos di mekah mama gentur sok ngersakeun shalat di payuneun baitullah, para askar tos pada arapal deui sareng sok maparin isyarat ka jamaah anu sanesna supaya aya tata hormat ka Anjeuna bari ngucapkeun"hadza ulamaul jawa". saparantosna lami dimekah teras Anjeuna berangkat ka mesir maksad neraskeun thalab elmuna.

Pesantren Mesir[édit | édit sumber]

Namung ulama mesir pada ngadawuhkeun "geus teu aya pigurueun pikeun Ahmad Syatibi mah"mung aya sahiji ulama ahli qiro'at quran ti indonesia kénéh anu mukim dimekah nyaéta ti pulau bawean teras silih guruan mama gentur ngajar elmu mantiq ulama bawean ngajar elmu qiro'at.Saparantosna mama gentur mukim dimekah kenging tilu taun saur hiji riwayat teras aya utusan ti syeh Shoheh bunikasih cianjur dawuhna"bejakeun ka Syatibi gera balik jeung gera mukim di cianjur sabab di daerah pasundan geus moal aya anu kuat jadi lulugu ngamalkeun elmu anu sabenerna. Teras mama gentur mulih ka cianjur ngalanjutkeun ngaos ka syeh Shoheh bunikasih teras mukim digentur sateuacan mukim mama gentur ngaos shalawat nariyah heula 4444 supados mukimna dipaparin tambihan elmu sareng tambih-tambih manfaatna.Ari ahwalna tegesna pertingkahna mama gentur dina nyebarkeun elmu éta teu pati-pati nyebarkeun ka muridna iwal parantos dipidamel ku anjeuna,anjeuna nyebarkeun shalawat kanggo umum parantos dipidamel heula salami 40 taun.Anjeuna disuhunkeun ngaos kitab tuhfah muhtaj sateu acan diwurukeun disauman heula 40 dinten.Ari katuangannana cekap kana mangkok sareng uyah.Anjeuna tara pisan enak-enakan sakumaha kaayaan nuju nyantri dipasantren.Dina hiji waktos Anjeuna khusus diulem barang tuang ku om muharam nyaéta menak cianjur anu kaya-raya,sagala rupi katuangan sareng inuman disayogikeun namung anu diteda ku anjeuna mung ukur nyocolan uyah. Kaayaan kitu teh salawasna.Paling kasebat mayor sakali waktos sareng pepes burayak hasil ternak anjeuna margi padamelan kasabna sok megarkeun endog lauk janten burayak malihan dina hiji waktos mama gentur megarkeun endog lauk dibalong ari parantos janten burayak anu tara ti sasari waktos harita sadayana binih kacida pisan mulus kajantenannana tidinya mama nyauran padamelna anu jenengan ki yusuf dawuhna "suf” ka dieu bawa pacul téh " saur ki yusuf"bade aya pikersaeun naon kang?" dawuh mama gentur"wayahna éta tamakan balong gali jeung dodorkeun "waler ki yusuf "atuh panginten palid burayakna ?" dawuh mama gentur "enya ngahaja sina palid lantaran alus teuing bisi istidraj karana rumasa teu bisa ibadah" ari parantos seep satengahna nembe ki yusuf dipiwarang ngaruang deui galian.

Hadiyah[édit | édit sumber]

Kacarios waktos Mama Gentur nuju muruk para santrina sareng para sepuh anu biasa sok ngaos rutinan, tidinya dongkap ka Mama Gentur utusan ti pamarentahan kolonial belanda kana kedah hadir dina diskusi program perpolitikan belanda. Mama Gentur nyelang heula ngahadiran teu disarengan ku saha-saha, teu kantos lami Mama tos sumping deui ka madrasah maksad bade neraskeun hanca ngaderes anu dikantun, para santri anu nunggu-nunggu hoyong terang pembicaraan naon anu di diskusikeun ku kaum belanda, tapi Mama Gentur weleh teu ngawartoskeun sakecap-acan. Ieu ciri tawis Mama Gentur teu ikut-ikutan dina soal politik, dugi ka kenging penghargaan kaamanan ku tanda bulan-bintang tilu ti wihalminak nyaéta gubernur hindia belanda.

Di jaman pamarentahan jepang Mama Gentur kenging hadiyah ti kaisar tenoheka margi idiologina wungkul maksad ngamalkeun ajaran agama teu maksad nyampurkeun politik sareng agama.

Karangan[édit | édit sumber]

Anjeuna ngarang rupi-rupi kitab kirang langkung 80 kitab bahasa arab sareng sundana,di antarana nyaéta: sirojulmunir sareng tahdidul ainain dina elmu fikih, sareng al-muqodimah samarqondiyah, al-fathiyah, dahlaniyah dina elmu bayan, sareng kitab nadzom addudiyah dina elmu munadzoroh, sareng seu'eur deui anu sanesna. Sapalih karangan nana dina elmu bayan aya anu nyebar dugi ka tanah arab, para ulama mesir pada ningali kana éta karangan sarta ngalem bari pada ngucap "gening di tanah jawa ogé bet aya ulama anu pinter kana elmu."

Wafat[édit | édit sumber]

Mama Gentur wafat dina dinten rebo, kaping 14 Jumadil Akhir taun 1365 Hijriyah atanapi 15 Mei 1946 Masehi.

Sumber[édit | édit sumber]