Neurosis
Neurosis atawa psikoneurosis nyaéta istilah umum anu nuduhkeun kana sikep jeung kabiasaan nalika dina nyangharepan émosi anu negatif[1]. Ieu kondisi ngakibatkeun frustasi pikeun jalma anu teu bisa ngajaga émosina[1]. Ieu panyakit teu mangaruhan pamikiran anu rasional[1]. Ieu panyakit kaasup katégori sedeng dina gangguan émosional[2]. Hasil panalungtikan nyebutkeun yén neurosis miboga hubungan jeung gangguan fisik, méntal, jeung harepan hirup hiji jalma[2]. Ku lantaran kitu, loba jalma, anu leuwih milih hirup aman sangkan jauh tina sebutan gangguan méntal[2].
Jenis
[édit | édit sumber]Gangguan neurosis miboga tilu jenis modél nyaéta:
Modél neurotik ngadeukeutan[3], mangrupa tarékah pikeun nyumponan rasa aman ti sakabéh ancaman ku cara ngadeukeutan ka hiji jalma pikeun meunangkeun pitulung[3]. Akibatna, hirup sok nyorangan, hirup gumantung ka batur, jeung sok ngamangpaatkeun jalma lain[3]. Kabiasaan nalika budak biasana sok hayang diaku aya, jeung hayang ditarima ku masarakat ku cara néangan pitulung ti kolotna[3].
Gangguan neurosis ngalawan[3], biasana miboga ciri temperaméntal, kasar, jeung sok ngambek[3]. Éta sikep téh muncul lantaran pikeun ngajaga dirina sangkan ngarasa aman[3]. Akibatna hirup ngarasa gagal sacara rohani, gagal mekarkeun diri, jeung gagal hirup di masarakat[3].
Gangguan neurosis ngajauh, ieu cara digunakeun sangkan ngajaga diri tina rasa kuciwa ku cara nutup diri[3]. Ieu jalma tara ilubiung hirup jeung masarakat[3].
Ciri-Ciri
[édit | édit sumber]Ciri-ciri tina gangguan neurosis di antarana:
- Kurang wanoh jeung dirina sorangan[4].
- Konflik batin[4].
- Réaksi dina situasi hariwang[4].
- Ieu gangguan tuwuh jeung rasa pobia, sarta tingkah laku anu obsésif kompulsif[4].
Dampak Positif
[édit | édit sumber]Sanajan neurosis mangrupa salah sahiji jenis tina gangguan méntal, aya sababaraha dampak positif tina ieu gangguan di antarana:
- Nyaho kana pasualan anu keur disangharepan[5]. Ieu hal nyieun jalma jadi tatan-tatan nalika manggihan pasualan dina hirupna[5]. Lian ti nyangharepan pasualan, ieu panyakit ogé bisa nyieun jalma jadi boga tékad sangkan bisa ngaréngsékeun pasualan anu keur disangharepan[5].
- Rasa hariwang ngalantarankeun sikep hadé pikeun kaséhatan sarta nyieun jalma jadi leuwih tingtrim[5].
- Nalika manggihan rasa hariwang, jalma anu boga gangguan neurosis bakal meunangkeun motivasi nalika hal anu dipikahariwang téh mangrupa hal anu sabalikna jadi pikabungaheun[5]. Ieu hal ngalantarankeun jalma anu boga gangguan neurosis jadi boga pamikiran anu positif[5].
- Jalma anu boga gangguan neurosis leuwih wanoh ka dirina sorangan[5].
- Panalungtikan ti Universitas Ontarios’s Lakehead nyebutkeun yén jalma anu miboga rasa hariwang miboga kamampuh kognitif anu hadé[5], dibandingkeun jeung jalma anu miboga rasa hariwang anu leutik[5].
- Rasa hariwang ngalantarankeun leuwih mikaharti kaayan jalma séjén[5].
- Rasa hariwang ngalantarankeun jadi boga tanaga leuwih (énérgi) pikeun ngalaksanakeun kagiatan sapopoé[5].
- Rasa hariwang ngalantarankeun jalma jadi leuwih produktif[5].
Daftar Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c brilio.net. "Mengenal Neurosis dan 9 keuntungannya jika kamu mengalaminya". brilio.net. Diakses tanggal 2021-04-26.
- ↑ a b c "Apa yang dimaksud dengan Neurosis atau Psikoneurosis?". Dictio Community (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-26.
- ↑ a b c d e f g h i j Suharyanto, Arby. "Gangguan Kepribadian Neurotik". DosenPsikologi.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-26. Archived 2021-04-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d Rina. "Apa Itu Neurotik dan Apa Ciri-cirinya?". Berita dan Kabar Pilihan di Sumut - PojokSumut.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-26. Archived 2021-04-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l Media, Kompas Cyber. "Tipe Kepribadian yang Rentan Kecemasan Selama Pandemi Covid-19 Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-26.