Nyangku
Nyangku' nyaéta upacara adat tradisional anu diwariskeun ti generasi ka generasi ti karuhun Panjalu anu diamanahkeun ku Prabu Sanghyang Borosngora, raja Panjalu Islam kahiji anu nyebarkeun agama Islam. Nyangku asal kecap ti basa Arab "Yangko", nu hartina jadi meresihan benda-benda pusaka katurunan Panjalu jeung lambang emosional antar katurunan Panjalu, hubungan antara manusa sarta kasadaran sarua katurunan Nabi Adam.[1]
Ajén-inajén Nyangku
[édit | édit sumber]Ajén-inajén anu aya dina ieu upacara nyaéta mangrupa rasa sukur kana bajoang ngalaksanakeun amanah ti Prabu Sanghyang Borosngora, raja Panjalu Islam kahiji dina ngajaga nilai sajarah anu unik. Dina prak-prakanana pamilon upacara nu mawa benda pusaka, mawa layon budak leutik anu diais tur sadayana ngabring ti Bumi Alit meuntas Situ Léngkong Panjalu ka Pulo Nusa Gedé, benda-benda pusaka dibérésihan terus upacara ieu dituluykeun ku sababaraha kasenian séjén nyaéta gemyung, debus, jeung kasenian pencak silat.[1]
Saumpama di Situ Léngkong mah disebut nyangku anu mangrupa upacara adat, ari di Kampung Naga mah aya Upacara Hajat Sasih.[2]
Sumber
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |