Lompat ke isi

Panganténan Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Pangantén Sunda)
Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.
Pangantén Sunda taun 1960

Pangantenan Sunda nyaéta proses jatukrami atawa nikahkeun pasangan awéwé jeung lalaki dumasar kana tradisi Sunda. Aya tilu prosés utama anu kudu dilakonan waktu panganténan, nyaéta prosési saméméh upacara, keur prungna, jeung sanggeus upacara. Dina prakna kiwari mah kadang-kadang teu sakabéh prosési dilakonan, lantaran rupa-rupa tinimbangan.


Saméméh Upacara Kawinan

[édit | édit sumber]

Neundeun Omong

[édit | édit sumber]

Saupama hiji lalaki atawa kolot ti pihak lalaki boga maksud pikeun ngawin atawa mulung minantu ka hiji wanoja, ku kituna éta wanoja kudu disilidik heula kaayaanna, naha masih léléngohan atawa geus aya nu ngalamar.[1] Hal ieu dilakukeun ku pihak kulawarga lalaki, boh éta ngawakilkeun boh éta langsung datang tanpa perantara, ka imah éta wanoja.[1] Satuluyna upama éta wanoja masih kénéh bébas, hartina masih kénéh léléngohan, obrolan bakal dilanjutkeun kanu leuwih daria. Sanggeus aya kasapukan ti dua beulah pihak, kakara calonna dibéjaan. Boh awéwéna atawa lalakina. Ieu hal lantaran baheula mah lolobana jodo téh dipilih ku kolotna. Ku kituna teu saeutik, calon pangantén anu can silih wanoh. Béda deui jeung kiwari, nangtukeun jodo téh ku masing-masing baé.[1] Ku kituna, perkara ngabéjaan ka dua beulah pihak calon mah geus jarang dilakukeun. Lantaran sagalarupa na ogé dilaksanakeun dumasar babadamian antara anak jeung kolot.[1]

Nanyaan / Ngalamar (Nyeureuhan)

[édit | édit sumber]

Nanyaan atawa ngalamar nyaéta lajuning laku tina neundeun omong tadi. Dina nganjangna anu ka dua ieu, saméméhna geus ditangtukeun jeung disapukan ku dua beulah pihak kolotna. Ku kituna kadatangan kulawarga calon pangantén lalaki sok dibarengan ku jalma anu dipikolot, pikeun ngajejeran ieu kagiatan.[2]

Babawaan anu dibawa ku kulawarga calon pangantén lalaki nyaéta lemareun sapuratina, baju awéwé sapangadeg, salaku pameungket. Hartina wanoja ieu geus katalian, teu bisa narima deui tawaran ti lalaki séjén.[2]

Dina adat Sunda mah, ngalamar téh disebutna nyeureuhan, dicirian ku mawa seureuh lemareun salengkepna. Ngandung palsapah yén dipiharep dua beulah pihakna bisa ngahiji kalawan ngadatangkeun kabagjaan jeung kani’matan babarengan. Ibarat ngalemar, saupama bungbu-bungbuna saimbang bakal ni’mat sarta jadi ubar nu mujarab.[2]

Ngeunaan duit anu dibawa, adat di Pasundan mah gedéna teu ditangtukeun. Ngan biasana, jumlah duit anu dibawa nalika nanyaan bakal jadi ukuran jumlah duit nu bakal dibawa dina seserahan, biasana gedéna dikali sapuluh kali lipet. Dina waktu ngalamar aya ogé anu mawakeun ali meneng atawa bilah hoé. Tapi aya ogé anu mawa alina nalika poé akad. Ieu hal dilantarankeun jaman baheula mah euweuh istilah tunangan. Ali meneng téh ngagambarkeun kabuleudan tékad anu teu bisa leupas jeung buleudna kanyaah anu taya tungtungna.[2]

Tunangan atawa tukeur cingcin téh sabenerna mah budaya Barat tapi kiwari mah loba dilakukeun ku bangsa urang. Tata cara asli jaman baheula mah, salaku ciri tunangan téh nyaéta ku cara patukeur tameuh. nyaéta pamasrahan beubeur anu dijieun tina kaén polos warna héjo jeung konéng emas ka kulawarga pihak awéwé. Biasana sanggeus ngalamar ditangtukeun ogé waktu pikeun akad, biasana lamun aya ali, ali éta dipaké dina poéan akad.[2]

Seserahan / Mawakeun

[édit | édit sumber]

Seserahan atawa mawakeun nyaéta masrahkeun calon pangantén lalaki sarta mawa parabot atawa alat-alat kawinan. Salaku lajuning laku tina acara nanyaan, kolot pihak lalaki geus kudu nyiapkeun sagala rupa nu kudu dibawa jeung dipasrahkeun ka pihak awéwé.[1] Di antarana duit 10 kali lipet, pakéan, parabot rumah tangga, parabot dapur, dahareun, jeung sajabana. Kitu ogé pihak calon awéwé masrahkeun pamulang di antarana pakéan lalaki, jeung sajabana. Biasana ngan saukur sarat, bukti pamulang. Ieu kagiatan téh disebutna seserahan. Biasana dibawakeun ogé alat-alat pikeun ngeuyeuk seureuh anu bakal dilaksanakeun sapeuting saacan akad nikah.[1]

Saméméh mangkat seserahan, biasana di imah pihak pangantén lalaki diayakeun heula salametan (ngarasulkeun), jeung barang-barang anu rék dibawa, duit anu rék dipasrahkeun téh dibentuk heula jadi hiasan-hiasan anu aralus.[1]

Dina waktu anu geus ditangtukeun ku dua beulah pihakanana, calon pngantén lalaki maké pakéan satengah resmi bari mawa babawaan anu geus disiapkeun saméméhna téh, mangkat ka imah pihak awéwé dianteur ku kolot jeung kulawargana.[1] Sanepina ka calon pangantén awéwé, tuluy dilaksanakeun tanya jawab antara wawakil atawa utusan calon pangantén lalaki jeung calon pangantén awéwé. Biasana dilakukeun ku pujangga atawa ahli sastra. Ieu hal ngan saukur basa-basi wungkul. Da sabenerna mah dua beulah pihakna ogé geus papada apal maksud jeung tujuanna.[1]

Seserehan biasana dilaksanakeun sapoé, tilu poé atawa saminggu saacan akad. Beuki ka dieunakeun umum dilaksanakeun nalika rék dilaksanakeun ngeuyeuk seureuh. Saupama teu diayakeun ngeuyeuk seureuh, acara seserahan téh dilaksanakeun nalika akad nikah.[1]

Ngebakan

[édit | édit sumber]

Ngebakan hartina ngamandian calon pangantén awéwé. Maksud jeung tujuanna nyaéta ménta du’a restu ti indung bapana ogé kolot-kolot anu geus leuwih tiheula suksés ngambah rumah tangga. Tujuanna sangkan pangaruh-pangaruh hadéna bisa larap dina rumah tanggana. Sajaba ti éta tujuanna nyaéta pikeun ngaberesihan jiwa raga calon pangantén anu bakal rumah tangga, sangkan cita-citana bisa ngawujud kalawan lungsur-langsar. Anapon alat-alat anu kudu disiapkeun nyaéta:[1]

  • Cai
  • Kembang tujuh rupa
  • Dua lambar kaén sarung
  • Salambar karémbong batik
  • Anduk
  • Parukuyan
  • Baju kabaya
  • Payung gedé
  • Lilin

Upacara ngebakan biasana dimimitian ku pangajian anu lilana kira-kira sajam, kalawan nu ngajiana copélna (sakurang-kurangna) tujuh urang. Katagtuan waktuna nyaéta ieu di handap:

  • Saupama pangajian dilaksanakeun jam 12.30, dilanjutkeun ngebakan jam 13.30, ti jam 14.00 nepi jam 16.00 digunakeun pikeun ngagaringkeun buuk, ngerik, maké up, sanggul, jeung pakéan. Sanggeus réngse jam 16.00 dilakukeun seserahan jeung ngeuyeuk seureuh.
  • Saupama ngeuyeuk seureuh baris dilaksanakeun peuting, hadéna waktu diatur saperti kieu: pangajian jam 15.00, ngebakan jam 16.00, dituluykeun kana seserahan jam 18.30.

Anu ngamandianna téh tujuh urang kolot, kaasup indung bapana calon pangantén awéwé. Anu kahiji ngamandian nyaéta bapana dituturkeun ku indungna, saterusna aki-ninina jeung sesepuh séjénna, nepi ka tujuh urang.

Réngsé dimandian calon pangantén dilulur ku juru rias sarta buukna digaringkeun maké ratus. Saterusna nyiapkeun pikeun ngeningan.[1]

Ngeningan

[édit | édit sumber]

Ngeningan nyaéta ngerik, jeung ngaleungitkeun sakabéh bulu-bulu lemes (bulu kalong) anu aya dia beungeut, punduk, ngabentuk amis cau/sinom, nyieun godég jeung nyieun kembang turi. Alat-alat anu kudu disadiakeun nyaéta:[1]

  • Péso cukur atawa péso lipet
  • Sisir
  • Gunting rambut
  • Pinset
  • Cai kembang (dicokot tina cai ngebakan)
  • Palita/lilin
  • Parupuyan
  • Kaén bodas

Ngeuyeuk Seureuh

[édit | édit sumber]

Pangeuyeuk (palaksana) biasana méré heula penjelasan ngeunaan maksud jeung tujuan ngeuyeuk seureuh. Tujuanna téh nyaéta:[1]

  • Méré kasempetan pikeun calon pangantén pikeun ménta doa restu ka dua belah pihak kolotna, disaksian ku dulur-dulurna jeung kulawargana.
  • Sangkan disaksian ku kulawarga ti dua beulah pihak, yén pertikahan téh taya unsur paksaan.
  • Méré wejangan ka calon pangantén ngaliwatan lambang jeung barang-barang anu aya dina alat pangeuyeuk.

Upacara Waktu Akad

[édit | édit sumber]

Mapag Calon Pangantén Pangantén Lalaki

[édit | édit sumber]

Mapag calon pangantén lalaki dilaksanakeun ku utusan ti pihak calon pangantén awéwé. Sanggeus siap sagalarupana, luyu jeung waktu anu geus dibadamikeun jeung ditantukeun saméméhna, ku kituna pihak calon awéwé ngirimkeun utusan pikeun mapagkeun calon pangantén lalaki.[1]

Ngabagéakeun

[édit | édit sumber]

Sadatangna calon pangantén lalaki jeung rombonganna di imah calon pangantén awéwé, tuluy diayakeun pamapag ku cara ngalungkeun kembang ka calon pangantén lalaki ku indung ti calon pangantén awéwé, satuluyna calon pangantén lalaki dibawa ka tempat anu geus ditangtukeun pikeun ngalaksanakeun akad tikah. Calon pangantén lalaki di diukeun dibeulah katuhu korsi anu bakal didiukan ku calon pangantén awéwé.

Anapon lambang-lambang anu nyangkaruk dina ieu kagiatan nyaéta; Pangalungan kembang ku manglé malati atawa sedep malem téh ngalambangkeun yén pihak awéwé ngabagéakeun kadatangan calon pangantén lalaki ku haté nu suci bersih.

Akad Nikah

[édit | édit sumber]

Sanggeus lebé atawa patugas ti KUA jeung para saksi diuk di tempat anu geus disadaiakeun, ku kituna calon pangantén awéwé dibawa ti kamar ku kolotna kalawan di diukkeun gigireun calon pangantén lalaki.[1]

Saméméh ijab kabul dimimitian, ka-dua calon pangantén ditiungan ku karémbong warna bodas. Ieu hal ngalambangkeun ngahijikeunna dua insan anu masih murni, boh lahir boh batinna. Tiung dibuka saupama ka-dua pangantén bakal nanda tangan naskah.[1]

Sanggeus réngsé akad nikah, ka-dua pangantén disina nangtung pikeun serah tarima mas kawin jeung narima buku nikah séwang-séwangan. Pangantén lalaki macakeun talak talik, kalawan satuluyna masangkeun cingcin kawin, anu dipakékeun dina jarirji katuhu.[1]

Sungkeman

[édit | édit sumber]

Acara stauluyna nyaéta munjungan ka dua beulah pihak kolot pangantén. Dimimitian ka kolot pangantén awéwé satuluyna ka kolot pangantén lalaki. Tujuanna ménta doa sangkan rumah tanggana bagja.[1]

Wejangan

[édit | édit sumber]

Réngsé acara sembah sungkem biasana aya acara wejangan ku bapa atawa kokolot anu dipercaya pikeun ngabekelan ka-dua pangantén anu bakal ngambah hirup rumah tangga.[1]

Sawéran

[édit | édit sumber]

Upacara sawér nyaéta upacara méré papatah atawa wejangan pernikahan, jeung dilakukeun di panyawéran. Dilakukeun di panyawéran téh lantaran jaman baheula mah akad nikah téh dilaksanakeun di masjid. Réngsé akad nikah, tuluy balik ka imah pangantén awéwé. Saméméh asup ka imah, disawér heula di panyawéran.[1] Pangantén didiukeun dina korsi anu geus disadiakeun, tuluy dipayungan diaping ku dulur-dulurna. Sanggeus sagala rupana siap, upacara nyawér dimimitian ku ngagalindengkeun kidung, anu diwakilan ku kolot ti pihak pangantén awéwé. Eusi tina kidung éta nyaéta papatah jeung doa-doa, diselang-selang ku ngawur-ngawurkeun béas jeung konéng luhureun payung.[1]

Réngsé ngidung sésa béas, konéng, gula atawa peremén jeung duit récéh diawurkeun ku kolot pangantén ka sakabéh jalma anu hadir, kalawan ramé-ramé hadirin marulungan peremén jeung duit récéh. Ieu hal ngalambangkeun yén pangantén ulah asa-asa méré harta kakayaan ka dulur atawa tatangga nalika keur ngabuthkeun.[1]

Alat-alat anu disiapkeun nalika sawéran nyaéta:[1]

  • Payung
  • Bokor anu eusina: Béas jeung konéng dikeureutan, Gula atawa peremén, Tékték/lepit (3,5 atawa 7 siki
  • Endog hayam sasiki
  • Élékan (awi tamiang)
  • Tujangangan/ baréra (papan ukuran 30 x20x 2 cm) (élékan jeung papan tunjangan nyaéta salaku bagian tina perkara alat ninun)
  • Kendi leutik dieusi cai
  • Kaén bodas jang mungkus papan
  • Palita/lilin jeung korék
  • Harupat
  • Cowét taneuh
  • Lap leutik/anduk

Meuleum Harupat jeung Nincak Endog

[édit | édit sumber]

Réngsé sawér, diteruskeun kana upacara meuleum harupat jeung nincak endog. Pangantén awéwé dibawa kana tétécéan hareupeun panto (di hareupeun imah) sedengkeun pangantén lalaki hereupeunnana sarta juru sawér nangtung dina émpér imah.[1]

Endog ditunda din luhureun cowét, jeung élékan dihijikeun, tuluy diheumpikan ku tunjangan anu geus dibungkus ku kaén bodas. Harupat dicekel ku pangantén lalaki, dibeuleum ku pangantén awéwé maké lilin nepi ka hurung. Tuluy pangantén awéwé nganclomkeun harupat anu hurung tadi kana kendi anu geus dieusian cai. Saterusna pangantén lalaki motongkeun harupat langsung dipiceun ka tukang. Rénggsé éta, pangantén lalaki kudu nincak endog satarikna. Lantaran endog jeung élékan kudu peupeus babarengan. Sanggeus endog peupeus, pangantén awéwé kudu meresihan suku pangantén lalaki, dikumbah, sarta digaringkeun maké anduk.[1]

Waktu pangantén awéwé jongko meresihan suku pangantén lalaki, indung leungeun pangantén lalaki ditémpélkeun dina embun-embunan pangantén awéwé. Sanggeus réngsé, kendi anu tadi dibantingkeun ku pangantén awéwé nepi ka peupeus.[1]

Sanggeus réngsé upacara nincak endog, pangantén awéwé dibawa ka jero imah, kalawan di diukuen. Sedengkeun pangantén lalaki masih nangtung di luar pikeun ngalaksanakeun upacara buka pintu.[1]

Upacara Buka Pintu

[édit | édit sumber]

Upacara dimimitian ku pangantén lalaki anu ngetrok panto tilu kali, sarta pangantén awéwé nanya saha anu keketrok. Satuluyna aya tanya jawab anu dilakukeun ku sisindiran. Anu ahirna mah pangantén awéwé ménta sangkan pangantén lalaki maca sahadat, saupama manéhna enya-enya salakina. Sanggeus maca sahadat, panto dibuka, pangantén lalaki asup sarta dipapag ku pangantén awéwé anu munjungan. Satuluyna leumpang pagandéng-gandéng muru kana tempat upacara huap lingkung.[1]

Anapon maksud jeung tujuan tina ieu upacara nyaéta pikeun ngayakinkeun yén salakina téh bener-bener ngagem agama Islam, anu dicirian ku paménta pamajikanna macakeun dua kalimah sahadat saméméh muka panto. Ieu hal ngalambangkeun ogé sangkan lalaki teu weléh tartib jeung sopan dina ngamimitian ngalakukeun pamajikanna dina peutingan munggaran jeung satuluyna.[1]

Upacara Huap Lingkung

[édit | édit sumber]

Upacara huap lingkung dilakukeun dua tahap, nyaéta:[1]

  1. Upacara huap lingkung dilakukeun ku cara duk di handap/ luhureun samak atawa karpét. Tapi kiwari mah lolobanana dilaksanakeun dina korsi. Pangantén lalaki jeung pangantén awéwé diuk ngaréndéng diapit ku kolotna masing-masing sarta kulawargana.
  2. Luhuruen méja hareupeun pangantén geus sayaga sangu punar dina dua piring, dua cangkir téh, dua tempat ngumbah leungeun, dua elap leungeun jeung bakakak hayam. Juru rias nyieun 7 keupeulan leutik sangu punar sarta ditunda dina salah sahiji piring, sedengkeun piring anu hiji deui dieusi ku dapalan keupeul sangu punar.

Huap lingkung hartina silih huapan ku cara dilingkung, disaksian ku kulawargana. Anu mimiti ngahuapan nyaéta kolot awéwé ka minantu jeung anakna. Satuluyna kolot lalaki ka minantu jeung anakana. Sangu dicokot tina piring anu eusuna dalapan. Hartina yén kolot saruanyaahna, boh ka minantu boh ka anakna, adil teu dibéda-bédakeun. Sarta ngalambangkeun yén ieu huapan terahir ti kolot-kolotna, anu satuluyna dipihareup anak-anakna bisa berdikari bisa mandiri dina hirupna.[1]

Satuluyna pangantén pahuap-huap saloba 3 kali. Carana meulitkeun leungeun ka lawanna; pangantén awéwé meulitkeun leungeun katuhu pikeun ngahuapan sangu kana baham salakina, jeung pangantén lalaki meulitkeun leungeun kéncana pikeun ngahuapan ka pamajikanna.[1]

Naon sababna kitu, maksud jeung tujuanna nyaéta pikeun méré kasempetan ka dua pangantén sangkan bisa paadek jeung akrab. Sabab jaman baheula mah calon pangantén awéwé jeung calon pangantén lalaki téh can papada wawuh, sabab saacan akad mah tara pisan paadek lantaran pamali.[1]

Sangu anu dipaké silih huapan pangant’en nyaéta tina piring anu eusina tujuh keupeul. Saggeus tilu kali pahuap-huap, sésa sangu anu hiji diparebutkeun ku pangantén. Saha anu meunang panggedéna, kudu dibagi jadi dua. Tuluy nu hiji dihuapkeun ku sorangan, hiji deui dihuapkeun ka pasanganna, ieu hal ngalambangkeun yén réjeki anu kapanggih dina rumah tangga bakal dibagi rata ku duaan. Satuluyna pangantén silih inuman. Carana diuk pahareup-hareup kalawan tartib, ieu hal ngalambangkeun yén dina rumah tangga kudu aya kaharmonisan.[1]

Satuluyna pabetot-betot bakakak, carana duanana nyekel pingping hayam, sanggeus dibéré aba-aba masing-masing kudu silih betot. Anu meunang panggedéna dianggap meunang, jeung manéhna anu bakal mawa rejeki dina rumah tangga. Bagian anu gedé kudu digégél babarengan. Ieu hal ngaambangkeun yén rejeki anu katarima, kudu didahar babarengan.[1]

Narima Doa Restu

[édit | édit sumber]

Réngsé acara huap lingkung, ku kituna acara diteruskeun ku acara méré kasempetan ka pangantén pikeun narima doa restu ti kulawarga jeung tatanggana. Pangantén laaki diuk beulah kénca pangantén awéwé jeung sabalikna kolot pangantén awéwé nangtung beulah kénca panganten lalaki.[1]

Dina waktu upacara adat pangantén Sunda, pangantén awéwé diuk dbeulah katuhu pangantén lalaki. Sarta kolot diuk gigireunna masing-masing minantuna. Ieu hal dilakukeun sanggeus sakabéh upacara adat, nyaéta nalika rék ngalaksanakeun résépsi. Satuluyna tamu sasalilan ngawilujengkeun.[1]

Upacara Sanggeus Akad Nikah

[édit | édit sumber]

Salaku upacara panglengkep, biasana sok diayakeun upacara sanggeus akad nikah. Upacara anu dilaksanakeun téh nyaéta:[1]

Sanggeus sababraha poé akad nikah, biasana diayakeun upacara numbas. Upacara numbas dilaksanakeun saupama pangatén geus ngalaksanakeun kawajibanna salaku salaki jeung pamajikan, anu didadasaran ku pangakuanna séwang-séwangan.[1] Kolot lalaki, sanggeus dibéré nyaho ku anakna yén pamajikanna bener-bener suci, buru-buru ngirimkeun sangu tumpeng jeung alat-alat rumah tangga, ogé alat-alat kaperluan awéwé, di antarana pakéan, salaku alat kabubungah.[1] Sanggeus tumpeng jeung kiriman séjénna katarima, kolot pangantén awéwé ngayakeun salametan jeung dibagikeun ka tatangga, utamana jalma anu apal kana upacara ti mimiti. Sagigireun tumpeng anu dibagikeunna, dibagikeun ogé tujuh rupa sambel, saperti sambel tarasi, sambel séréh, sambel konéng, sambel muncang, sambel jahé sambel laja, jeung sambel cikur. Hartina mah ngagambarkeun lambang kasampurnaan dina rumah tangga.[1]

Mulung Mantu

[édit | édit sumber]

Anu dimaksud mulung mantu (disebut ogé ngunduh mantu) nyaéta salametan anu diayakeun di imah pangantén lalaki, salaku ciri salametan jeung sukuran yén akad nikah geus lumangsung kalawan lungsur langsar, salamet taya kakurang nanaon.[1]

Salametan ieu maksudna mah pikeun ngungkapkeun rasa kagumbiraan yén meunangkeun minantu anu diretuan. Sarta salah sahiji ungkapan kagumbiraan nambahna lingkungan kulawarga anyar.[1]

Carana nyaéta sanggeus sagalarupa hal péstana siap, kolot pangatén lalaki jeung wakilna mapagkeun pangantén awéwé ka imahna diaping ku dulur-dulurna. Upacara ieu biasana dilumangsungkeun sabada saminggu saggeus akad nikah. Dina ieu upacara pangantén didangdanan deui sakumaha waktu akad. Tapi upacara ngunduh mantu mah dilaksanakeun gumantung kana situasi jeung kondisi séwang-séwangan. Jadi aya anu ngalaksanakeun, aya ogé anu henteu.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama :0
  2. a b c d e Inilah Prosesi Pernikahan Adat Sunda Modern dan Lengkap Archived 2017-06-09 di Wayback Machine Diaksés ping 29 Séptember 2017.