Lompat ke isi

Panjara Banceuy

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Panjara Banceuy nyaéta salah sahiji panjara Di Bandung anu miboga nilai sajarah. Aya sababaraha inohong anu kungsi aya dina penjara nyaéta Soekarno, Maskoen jeung R. Gatot Mangkupradja, aranjeunna aktip dina Partai Nasional Indonesia (PNI).[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Saméméh asup ka panjara, Soekarno, Maskoen, jeung R. Gatot Mangkupradja dibawa ka gerbong karéta api dina kaping 30 Désémber 1929. Tilu pemuda anu janten inohong dina gerakan kamerdékaan dibawa ti Yogyakarta ka Bandung. Tilu pemuda éta diturunkeun di Stasion Cicaléngka, sabudeureun 30 kilométer ti belah kalér Kota Bandung. Aya mobil anu mawa tilu pemuda éta ka pusat kota. Mobil éta téh ngaliwatan daérah-daérah anu ayeuna ngaranna Ujungberung, Cicadas, teras ka Kosambi. Tungtungna di bawa ka alun-alun, saterasna ka panjara Banceuy. Dina sel panjara, Soekarno nempatkeun sel nomor 5, Gatot aya dina sel nomor 7, sementawis Maskoen dina sel nomor 9. Panto panjara dijieun tina beusi nu kandel.[1]

Dina ahir Désémber 1929, Soekarno salaku Ketua PNI (Partai Nasional Indonesia) diasupkeun ka panjara jeung babaturan organisasina, R. Gatot Mangkoepradja.[2]

Soekarno aya di panjara salila dalapan sasih ku sabab dituduh pemberontak. Anjeunna dijebak ku pasal-pasal karét. Dina taun 1980, wangunan panjara téh dibongkar, iwal rohangan anu geus dipaké ku Bung Karno, masih kénéh aya jeung hiji menara anu letakna dina sisi kompleks panjara. Wangunan teu dibongkar supados janten musieum sajarah. Jalan Banceuy dina zaman kiwari janten pusat dagang.[3]

Dina kaping 29 Desember taun 1929, Soekarno jeung tilu babaturanana ti PNI nyaéta Maskoen, Soepriadinata, jeung Gatot Mangkoepraja ditangkep di Yogyakarta teras diasupkeun ka panjara Banceuy salila kirang leuwih dalamapn bulan. Pikeun ngabelaan diri sorangan, Soekarno nyieun pleidoi anu kasohor pisan anu dibéré judul Indonesia Menggugat. Pleidoi ieu dibacakeun dina sidang pengadilan anu dilaksanakeun di Gedong Landraad, ayeuna gedong éta dingaranan Gedong Indonesia Menggugat di Jalan Perintis Kemerdekaan (baheula ngaranna Jalan Gereja). Saméméhna, gedong éta téh janten kantor Badan Metrologi.[4]

Sidangna dilaksanakeun dina 18 Agustus 1930, Pleidoi anu judulna Indonesie Klaagt Aan dibacakeun dina kaping 1 nepi ka 2 Désémber 1930. Dina 22 Désémber 1930, vonis diputuskeun, Tungtungna, Soekarno diasupkeun kana panjara salila 4 tahun, Gatot Mangkoepradja salila 2 taun, Soepriadinata salila 1 taun tilu sasih, Maskoen salila sataun dalapan sasih. Dina kaping 31 Désémber 1931, Bung Karno dibébaskeun ku sabab aya potongan hukuman, waktosna pas jeung ahir pamaréntahan Gubernur Jenderal de Graff.[5]

Wangunan

[édit | édit sumber]

Panjara Banceuy diwangun ku arsiték dina taun 1877, tempatna di Jalan Banceuy No. 8 Bandung. Dina panjara ieu, aya dua rupi sel. Sel nu kahiji pikeun tahanan politik anu tempatna aya di luhur, sementawis éta, sel anu hiji deui pikeun tahanan rakyat anu aya di lantai handap. Soekarno nempatkeun sel nomor lima, rohangan éta ngan saukur 2,5 x 1,5 meter, aya kasur lipat jeung jamban.[4]

Parobahan

[édit | édit sumber]

Baheulana panjara Banceuy kungsi dipaké pikeun sel nepi ka taun 1982, teras wangunanana dipugar, saterasna dialihfungsikeun pikeun ruko dina taun 1986. Saméméh dipugar ku pamaréntah Kota Bandung, aya 16 sél di panjara éta. Panjarana saluas sahektar.[6]

Dina taun 1983, panjara Banceuy ngalih ka Jalan Soekarno Hatta, wangunan anu saméméhna dibongkar pikeun pertokoan. Ngan aya wangunan anu teu dibongkar nyaéta hiji sél anu janten tempat Soekarno basa harita ditahan jeung menara panjaga anu aya di luar sél.[7] Sél jeung menara éta ayeuna aya di belah kalér Jalan ABC janten situs anu miboga nilai sajarah.[8]

Dina taun 1985, dumasar kana kaputusan Kalapas Banceuy (RA Basarah), sadaya anu ngahuni panjara dialihkeun ka panjara Kebonwaru di Jalan Jakarta Nomor 29.[9]

Dumasar kana Surat Menteri Kehakiman RI No. W8.UM.01.06.245 A ping 30 September taun 1999, Panjara Kelas II A Banceuy Jalan Soekarno Hatta No. 187A Bandung ieu husus pikeun nampung narapidana anu boga kasus narkotika ti Kantor Wilayah Departemen Kehakiman DKI Jakarta jeung Jawa Barat.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b "Penjara Banceuy, Peninggalan Sejarah Bangsa di Kota Bandung" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  2. Administrator. "Ini Sejarah Jalan Banceuy Bandung". Pikiran-Rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  3. "Sejarah Jalan Banceuy di Kota Bandung". demokratis (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.  Archived 2023-11-18 di Wayback Machine
  4. a b c "SEJARAH SINGKAT LP BANCEUY DAN LP SUKAMISKIN BANDUNG". Diakses tanggal 18 November 2023.  Archived 18 Nopémber 2023 di Wayback Machine
  5. Media, Kompas Cyber. "Menilik Penjara Banceuy, Tempat Bung Karno Ditahan dan Lahirkan Pleidoi "Indonesia Menggugat" Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  6. "Penjara Banceuy, Peninggalan Sejarah Bangsa di Kota Bandung" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  7. Lestari, Linda. "Sukarno, Museum Penjara Banceuy, dan Kesunyiannya". Diakses tanggal 18 Novemebr 2023. 
  8. Administrator. "Ini Sejarah Jalan Banceuy Bandung". Pikiran-Rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-07. 
  9. Anugrah, Feri. "Penjara Banceuy dan Bung Karno". bandungmu.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.