Papan indung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Motherboard

Papan indung (basa Indonésia: papan induk; Basa Inggris: motherboard, mainboard) nyaéta salah sahiji komponén inti tina komputer anu nu fungsina minangka cukang transmisi data antara prosésor jeung pakakas atawa komponén lianna (mémori aksés acak, diska kasar, raramat wewengkon lokal, jsb.). Dina papan indung nu alus, biasana dipaké pikeun komputer sérver biasana nyadiakeun sokét prosésor leuwih ti hiji. Aya dua sikina prosésor sérver bisa digawé kalawan prosés ganda (multiprocessing), ku kituna digawé sérver lewih gancang batan nu lianna.[1]

Papan indung mimiti dijieun dina warsih 1977,ku Apple pikeun pakakas Apple II-na. Béda teu cara kiwari, baheula mah komponén-komponén komputer kayaning CPU jeung mémori ditempatkeun di hiji kartu nu misah, sarta dihubungkeun ku kakabelan. Lantaran katémbongna nu teu katata rapih sarta hésé pikeun nyambungkeun hiji komponén komputer jeung komponén lianna, para pangembang produk komputer nyieun hiji tempat husus pikeun neundeun sagalaning komponén komputer. Dijieun hiji papan rubak nu eusina rupa-rupa slot minangka tempat nyambungkeun komponen-komponen komputer, anu saterusna dingaranan papan indung.

Dina sistim komputer, komponén-komponén bakal silih sambug di jero papan indung sarta bisa neruskeun instruksi liwat jalur-jalur di éta papan. Sakumna komponén anu nyambung bakal ngahiji jadi sistim komputer anu beleger. Sedengkeun fungsi papan indung umumna nyaéta pikeun nyambungkeun sakumna komponén panyusun hiji komputer. Papan indung bisa disebut minangka tulang tonggong (backbone) ti sistim komputer, sakumna komponén komputer tangtu nyambung kana papan indung, boh langsung, boh teu langsung.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Ronald, Budi (2013). ADMINISTRASI SERVER DALAM JARINGAN MENGGUNAKAN LINUX. Yogyakarta: PT. Skripta Media Creative. p. 2.