Pasantrén Kérésék

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Pasantrén Kérésék nyaéta salah sahiji pasantrén anu kasohor jeung pangkolotna.[1] Perenahna nyaéta Jl. Arief Rahman Hakim 75 Cibatu Garut.[2] Pasantrén Kérésék kajojo ka mana-mana lain ngan saukur di kota Garut, buktina loba santri anu di luar Jawa saperti Sumatra jeung Lombok, anu ngahaja néang élmu agama di Pasantrén Kérésék.[1] Pasantrén kérésék kasohor alatan carita jin.[3] Nalika taun 60-an, carita ngeunaan jin téh jadi carita bersambung di majalah Sunda Manglé, éta carita lain ngan saukur carita tapi nepi ka ayeuna éta jin kérésék masih kénéh aya.[1] Pasatrén kérésék leuwih neuleuman kana élmu nahu sorof jeung bilagoh (sastra Arab), ku sabab kadua élmu éta jadi ciri has pasantrén anu umurna geus saabad leuwih.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Pasantrén kérésék didirikeun taun 1887 ku K.H. Muhammad Tobrik.[1] anjeunna téh katurunan Mbah Ma’lum ti pasantrén Pasir Kondang.[1] Sedengkeun ngaran kérésék asalna tina ngaran kampung tempat pasantrén .[1] Sanggeus didirikan, jeung dikelola ieu pasantrén téh diserahkeun ka putrana nyaéta K.H. Ahmad Nahrowi.[1] K.H. Ahmad Nahrowi dipikawanoh ku sebutan Mama Bintang, ku sabab pernah dibéré bintang tanda jasa ti pamaréntah kolonial Walanda.[1] Pamaréntah kolonial nganggap yén Pasantrén kérésék geus loba jasa dina majukeun atikan masarakat pribumi jeung henteu ngalakukeun pembangkangan ka pamaréntah.[1] Sanggeus Mama Bintang tilar dunya, pasantrén diserahkeun ku putrana nyaéta K.H. Usrol Karim.[1] Nalika pasantrén dipingpin ku anjeunna, aya kajadian anu ahéng jeung matak ramé sakabéh masarakat désa kérésék.[1] Sanggeus K.H. Usrol Karim tilar dunya, pengelolaan pasantrén dituluykeun ku putrana nyaéta K.H. Hasan Basri .[1] Hasan Basri anu nénéhna Buya, salain neuleuman élmu agama ogé anjeunna téh penulis.[1] Karyana nyaéta carpon nu judulna jin kérésék, saencan caritana dimedalkeun dina Manglé.[1] Anu matak ngirut yén Buya nulis éta carita téh nalika aktip di HMI (Himpunan Mahasiswa Islam) basa kuliah di IAIN Sunan Gunung Jati Bandung.[1] Tadina mah anjeunna nulis téh aya niat pamaksudan ngalawan paham PKI (partéy Komunis Indonésia) jeung CGMI (Comite Gerakan Mahasiswa Indonésia) anu ngarafiliasi ka PKI, ku sabab mranéhna teu percaya kana hal-hal gaib, nya anjeunna nulis éta carita dumasar kana naon anu ka alamna, kabuktian yén tulisana dipikaresep ku masarakat.[1]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Pasantren Keresek Archived 2015-12-22 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  2. Pondok Pesantren Archived 2011-09-22 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  3. a b Darpan, Suhardiman, Budi.2007.SEPUTAR GARUT.Garut:Komunitas Srimanganti.