Lompat ke isi

Patrich Wanggai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Patrich Wanggai

Patrich Steve Wanggai salah saurang pamaén maén bal nu lahir di Nabire Papua tanggal 27 Juni 1988.[1] Lahir ti pasangan (Alm) Benyamin Wanggai jeung Ita Marini.[2] Nénéhna Pai atawa Wanggai.[2] Jangkungna 178 cm sarta beuratna 65 kg.[1] Klub munggaranana nyaéta Persewon Wondama Jr (PON Papua) dina taun 2005-2006, tuluy asup ka kleub Perseman Manokwari taun 2008, sarta di Persidafon Dafonsorotaun 2009 nepi ka kiwari.[1]
Wanggai jadi salah sahiji pamaén nu nyongcolang di skuad Tim Nasional Sepak Bola Indonesia U-23 nu maén di Sea Games 2011.[2] Posisina di kleub nyaéta jadi striker.[2] Kaparigelanana dina maén bal ngajadikeun wangdai top scorer di skuad Garuda Muda.[2] Opat gol nalika Séa Games XXVI taun 2011 sarta 9 gol nalika uji coba timnas nalika pra Séa Games XXVI. Wangdai mirip jeung striker Chelsea, Nicolas Anelka.[2] Alatan éta, wangdai meunang jujuluk ‘Anelkana Indonesia’ nepi ka mindeng ngalakukeun sélébrasi ala Anelka nalika Wanggai ngasupkeun bal ka gawang lawan.[2]

Gol Internasional

[édit | édit sumber]
Patrich Wanggai: Gol U-23 Internasional
GolWaktuTempatLawanSkorHasilKompetisi
115 September 2011Kowloon Bay Park, Kowloon, Hong KongHongkong U-230–10–4Pertandingan Persahabatan
215 September 2011Kowloon Bay Park, Kowloon, Hong KongHongkong U-230–40–4Pertandingan Persahabatan
325 Oktober 2011Stadion Gelora Bung Karno, Jakarta, IndonesiaTimor Leste U-233–05–0Pertandingan Persahabatan
47 November 2011Stadion Gelora Bung Karno, Jakarta, IndonesiaKamboja U-232–06–0Sea Games 2011
57 November 2011Stadion Gelora Bung Karno, Jakarta, IndonesiaKamboja U-234–06–0Sea Games 2011

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Tabloid BOLA No. 2.233, 8-10 Agustus 2011
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 Patrich Wanggai (id) (Diakses tanggal 25 Nopember 2011)