Pendopo Kabupatén Bandung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Wangunan Pendopo Dayeuh Bandung.

Pendopo Kabupatén Bandung nyaéta wangunan nu dijieun keur tempat pamaréntahan bupati dina mangsa éta. Pendopo Kabupatén ieu mangrupa wangunan munggaran nu diadegkeun di daérah Alun-alun Bandung. Dugi ka ayeuna wangunan ieu masih aya sarta nyicingan lahan nu emang keur wangunan ieu. Sarta mibanda fungsi nu sarua saperti mangsa bihari.[1][2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Lokasi nu dijadikeun pendopo ieu ayana di bagéan kidul lahan nu sateuacanna mangrupa alun-alun. Tempat ieu dipilih Bupati R.A. Wiranatakusumah (1794-1829) patalina jeung rarancang éta Gubernur Jenderal Daendels ngawangun jalan pos (Grote Postweg) nu bakal ngaliwat daérah nu kiwari geus jadi puseur dayeuh Bandung. Baheula, puseur dayeuh Bandung di Dayeuhkolot, hiji daérah anu ayana di 10 kilométer ti jalan raya pos nu direncanakeun. Keur ngagampangkeun komunikasi, puseur pamaréntahan kudu dipindahkeun, sahenteuna deukeut jalan raya pos éta.[2]
Ku kituna keur meunangkeun lahan nu cocok, bupati jeung pangiringna salajengna néangan lokasi nu nurutkeun sababaraha tinimbangan minuhan syarat nu dipikahayang. Dina caritana baheula, nalika Bupati R.A.A. Wiranatakusumah jeung rombongan reureuh di hiji lokasi nu ayana di kulon walungan Cikapundung, anjeunna nancebkeun tongkat. Tampa dipikanyaho asalna, ti liang leutik urut tongkat éta kaluar cai. Dina mangsa salajengna, séké éta dikeruk tuluy dijadikeun sumur. Lokasi nu dipilih keur ngawangun pendopo aya di beulah kidul sumur éta.[2]
Lokasi nu dipilih salian sabab kungsi dijadikeun badak mandi leutak atawa pangguyangan badak, posisi taneuhna anu rada miring ka wétan. Nurutkeun kapercayaan, lokasi éa mangrupa taneuh panghadéna dijadikeun puseur pamaréntahan.[2]
Pendopo kabupatén mangrupa wangunan pamaréntah nu munggaran diwangun di dinya. Wangun wangunanna masih sederhana. Tembokna dijieun ti anyaman awi. Hateupna masih alang-alang dilapis ku ijuk. Sanggeus sababaraha kali ngalaman renovasi, hateup wangunanna gaya tradisional Nusantara kasusun tilu, mangrupa hasil renovasi taun 1867. Hateupna geus dijieun ti genteng. Wangunan utamana mangrupa tempat gawé jeung tempat cicingna bupati. Sabab salah sahiji rohangna didominasi ku kaligrafi ayat-ayat suci Al Quran, rohangan éta salajengna dingaranan Rohang Arab.[2]
Minangka puseur pamaréntahan jeung tempat cicingna bupati, wangunan pendopo ieu kungsi akrab jeung masarakatna sabab fungsi rangkapna minangka Bale Kaboedajaan Priangan. Pendopo Kabupatén Bandung kungsi jadi saksi sajarah kamajengan kasenian jeung kabudayaan Sunda. Sabab éta teu nyieun aneh saupama tamu nu hadir di dinya lain ngan asalna nu ti menak Sunda hungkul, namun aya ogé tokoh tari ti Solo jeung Yogyakarta. Nalika éta, Bandung geus jadi puseur dayeuh Jawa Kulon, dipikawanoh pisan minangka puseur kabudayaan Sunda. Di dayeuh ieu, kasenian tumuwuh kalawan subur nepi ka Bandung disebut minangka Dayeuh Kasenian. Organisasi-organisasi kasenian tumuwuh subur. Misalna Badan Kesenian Indonésia, Badan Pemupuk Kesenian, Yayasan Pusat Kebudayaan Jawa Kulon jrrd.[2]
Ditaun 1980-an puseur pamaréntahan Kabupatén Bandung dipindahkeun ka Soréang, pendopo ieu katempo angker sabab teu bisa saha waé asup kadinya. Komo deui ti tanggal 16 Maret 1993, wangunan éta nu munggaran diijadikeun tempat cicing resmi Wali Kota Ateng Wahyudi (17 Oktober 1988 – 17 Oktober 1993) sabab rumah dinas wali kota di Jalan R.A.A. Wiranatakusumah/Cipaganti kahuruan.[2]

Fungsi Pendopo[édit | édit sumber]

Fungsi pendopo minangka puseur pamaréntahan jeung tempat cicing Bupati Bandung dipungkas sanggeus 175 taun digunakeun. Nalika dikaluarkeunna Peraturan Pemerintah Nomor 2 taun 1986, puseur dayeuh Kabupatén Bandung dipindahkeun ka Soréang. Daerah éta ayana di 20 km ka kidul Dayeuh Bandung.[2]
Di mangsa dibentukna Gementee Bandung di tanggal 1 April 1906, otomatis puseur dayeuh jeung puseur pamaréntahan Kabupatén Bandung nu sabenerna aya di handap Gementee Bandung. Ti dinya, pendopo difungsikeun minangka puseur pamaréntahan Gementee Bandung.. Kiwari, Pendopo éta jadi tempat dinas jeung puseur pamarétahan Wali Kota Bandung.[2]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Bemmelen, Reinout Willem .1949.The Geology of Indonesia.California: Govt. Print. Off.
  2. a b c d e f g h i Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.


Nulis.jpg