Peristiwa Cikini
Peristiwa Cikini téh mangrupa usaha maéhan ku pangalungan granat anu dituju ka Présidén Indonésia Soekarno. Peristiwa ieu kajadian dina Sabtu peuting, 30 Nopémber 1957, di Jalan Cikini Raya No. 76, Jakarta Pusat.[1] Waktu éta, Soekarno keur hadir dina acara milangkala ka-15 Perguruan Cikini, sakola tempat diajar dua anakna, Guntur Soekarnoputra jeung Megawati Soekarnoputri. Soekarno jeung dua anakna salamet tina serangan éta.[2][3]
Peristiwa
[édit | édit sumber]Usaha maéhan éta dipimpin ku Jusuf Ismail, anu babarengan jeung rekanna Sa'adon bin Muhammad, Tasrif bin Husein, jeung Moh. Tasin bin Abubakar ngalungkeun genep granat ka arah kandaraan Soekarno. Lima granat mledak sarta nepi ka 10 urang maot jeung 48 urang séjénna tatu.[3] Pangalungan granat téh lumangsung nalika acara milangkala geus réngsé, sarta Soekarno rék ninggalkeun tempat make kandaraan présidén. Mobil Chrysler Imperial "Indonesia l" anu ditumpanganna ngarandapan karuksakan parah; ban hareup katuhu jeung kénca pecah, sepatbor bolong, ogé kap jeung mesin rusak.[3]
Ajudan Présidén, Mayor Sudharto,[4] jeung para pangawal gancang mawa Soekarno nyumput ka hiji imah di sabrang jalan. Sanggeus éta make mobil Sudharto jeung dikawal pasukan Brimob, Soekarno dibawa ninggalkeun tempat éta nuju ka Istana Negara.[3]
Dina waktu kurang ti 24 jam, opat palaku pangalungan granat ditangkep sarta saterusna dibawa ka pangadilan.[2]
Persidangan jeung hukuman
[édit | édit sumber]Persidangan dibuka dina tanggal 15 Agustus 1958, dipimpin ku Ketua Hakim Perwira Letnan Kolonel Mr. Gunawan sarta Jaksa Mayor Suryo Sudiyono minangka Penuntut Umum.[4] Dina persidangan kabuka yén Jusuf jeung tilu rekanna nyaéta aktivis Gerakan Pemuda Islam Indonesia (GPII) sarta anggota Gerakan Anti Komunis (GAK) anu dipimpin ku Kolonel Zulkifli Lubis.[1] Maranéhanana mangrupa panghuni Asrama Sumbawa di Cikini jeung katohiyan simpatisan ideologi Darul Islam/Tentara Islam Indonesia (DI/TII).[1] Para palaku pisan nentang kawijakan Soekarno anu ngadukung ayana jeung ngembangna Partai Komunis Indonesia (PKI). Maranéhanana ngaku yén tindakan maranéhanana lain bener-bener niat maéhan Soekarno, tapi minangka раngeling supaya pamaréntah ngarobah haluan politik nagara.[1][2]
Salah sahiji palaku nuduh Zulkifli Lubis minangka dalang di balik peristiwa ieu,[3] Tapi, manéhna teras dianggap teu salah, sabab Jusuf Ismail nyatakeun dirina minangka pelopor utama pangalungan granat éta.[2]
Kaopat palaku dinyatakeun salah jeung dibéré hukuman pati ku cara ditembak, anu dilaksanakeun dina tanggal 28 Mei 1960.[2]
Dampak
[édit | édit sumber]Sanggeus sababaraha usaha maéhan séjénna ka Soekarno, dina 6 Juni 1962, Menkohankam/KASAB Jendral A.H. Nasution ngawangun Resimen Cakrabirawa minangka pasukan husus pikeun ngajaga kapala nagara jeung kulawargana.[5] Dina 10 Juni 1963, Soekarno ngaluarkeun Kepres anu nyatakeun GPII minangka organisasi anu dilarang sarta ngabubarkeun sakabéh cabang jeung rantingna di Indonésia.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d Dahlan; Leirissa, Richard Zakarias (1997). Tragedi nasional: Studi tentang Peristiwa Cikini Tahun 1957 (PDF). Universitas Indonesia.
- ↑ a b c d e Adryamarthanino, Verelladevanka; Nailufa, Nibras Nada (2021-08-27). "Tragedi Cikini 1957, Upaya Pembunuhan Soekarno". Kompas.com.
- ↑ a b c d e Chandra, Bobby (2015-10-07). "Tragedi Cikini: Skenario Gagal Membunuh Soekarno". Tempo. Diakses tanggal 2024-07-27.
- ↑ a b Madjalah Angkatan Darat. (1957-02). Penerangan Angkatan Darat. pp. 45–47.
- ↑ Sahara, Wahyuni; Galih, Bayu (2021-08-26). "Soekarno dan Percobaan Pembunuhan Terhadapnya". Kompas. https://nasional.kompas.com/read/2021/06/28/14552561/soekarno-dan-percobaan-pembunuhan-terhadapnya?page=all
- ↑ "Sejarah Singkat GPII". Diakses tanggal 2024-07-27.