Pireu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Komunikasi nonvérbal

Pireu atawa wisu nyaéta teu bisana hiji jalma pikeun ngomong. Pireu téh alatan ku gangguan dina organ-organ kayaning tikoro, pita sora, bayah, baham, létah, jeung sajabana. Pireu umumna dikaitkeun jeung torék. Orok nu lahirna torék jeung pireu bisa disababkeun ku babraha faktor. Bisa kajadian alatan faktor génétika (katurunan, pakawinan antar baraya nu deukeut teuing, kawas antara misan kandung, sangkan kajadian mutasi gén nu teu wajar).[1] Liana ti kitu, kurang atawa teu fungsina organ dangu, telat kumembangna basa, karuksakan dina sistim sarap jeung struktur otot, sarta teu mampu dina kontrol obah ogé bisa ngabalukarkeun kawatesna dina ngomong.[2] Nu ngalantarankeun lianna nyaéta cacat inteléktual jeung autisme. Hiji jalma bisa lahir pireu, atawa jadi pireu di hiji mangsa lantaran cidera atawa panyakit.[3]

Data ti Badan Kaséhatan Dunia (WHO) nyebutkeun yén hiji ti sarébu orok nu lahir ngalaman torék (tunarungu) jeung pireu (tunawicara) jeung ampir 50 persén éta kondisi torék jeung pireu téh dialaman ku barudak lantaran faktor katurunan. Ngan nu jadi lantaran lianna mah nyaéta trauma jeung cidera dina daérah broca di bagéan otak.[4]

Anapon cicirén pireu téh di antarana:

  • Ngomong tarik tapi teu jelas
  • Sok nempo obahan biwir atawa obahan awak batur ngobrolna
  • Ceuli ngaluarkeun cairan
  • Ngagunakeun alat bantu déngé
  • Biwir suing
  • Sok ngobahkeun awak
  • Cicingeun
  • Sora ngirung
  • Cadél

Teu sakumna budak nu ngarandapan pireu ngébréhkeun gejala nu sarupa. Sawatara mah bisa jadi ku cimekblek jeung tanpa kawul dina wangun sosial tinangtu sarta teu mibanda komunikasi nanaon. Ringrang bisa disababkeun ku budak nu diasupkeun kana kayaan di mana hiji hal nu diharapkeun ti maranéhna atawa mangsa sawatara jalma aya di daérah nu disanghareupkeun kana loba patanyaan.[5] Éta hal biasa disebut pireu seléktif nyaéta kaayaan di mana hiji budak nu biasana mah faséh ngomong jadi teu daékeun ngomong dina kaayaan tinangtu. Diduga yén budak nu ngalaman nu kos kitu téh ngarandapan sajinis karingrangan parna nu situasional.[6]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. MomDad&I. Penanganan Anak Tuna Rungu dan Tuna Wicara. http://www.momdadi.com/berita-170-penanganan-anak-tuna-rungu-dan-tuna-wicara. 
  2. Rafik Akbar. Kenali Tunawicara Lebih Jauh. http://www.kartunet.or.id/kenali-tunawicara-lebih-jauh-1075/. 
  3. LLC, Revolvy,. ""Aphonia" on Revolvy.com". www.revolvy.com. Diakses tanggal 2017-10-11. 
  4. Aphasia. http://medical-dictionary.thefreedictionary.com/Aphasia. 
  5. "What Is Selective Mutism" (dalam bahasa en-US). Selective Mutism Anxiety Research & Treatment Center | SMart Cente. https://selectivemutismcenter.org/whatisselectivemutism/. Diakses pada 2017-10-11 
  6. Santoso, Teguh Budi. "Bisu Selektif". detikHealth. http://health.detik.com/read/2009/12/11/170229/1258693/770/bisu-selektif. Diakses pada 2017-10-11 
Nulis.jpg