Lompat ke isi

Pulo Biawak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Biawak
Citra satelit Pulau Biawak
Citra satelit Pulau Biawak
Geografi
Lokasi Asia Tenggara
Koordinat +6° 16' 17.82", +115° 59' 30.56"
Kapuloan Kepulauan Sunda Besar

Area 120 hektare

Administrasi
Bandéra Indonésia Indonesia

Demografi
Populasi 0 (as of 2005)
Kapadetan 0
Suku bangsa Jawa

Pulo Biawak ieu sacara administratif kaasup kadina wewengkon Désa Pabean Ilir Kabupatén Indramayu, perenahna di leupas basisir sagara jawa ± 40 km di palebah kalér basisir Indramayu dina posisi 06°56’022’’ LS sarta 108°22’015’’ BT.[1] Kalayan legana pulo ± 120 ha, diwangun ti ± 80 ha Leuweung bako sarta ± 40 ha leuweung basisir / darat.[1] Dina mangsa pamaréntahan walanda pulo ieu geus dijieun Mercusuar anu gunana minangka petanda pikeun hilir mudikna parahu walanda.[1] Mercusuar ieu ayeuna geus umuran 138 taun diwangun dina mangsa pamaréntahan Z.M. WILLEM III dina taun 1872, nepi ka ayeuna mercusuar ieu masih kuat nangtung sanajan geus sabaraha kali ngalaman renofasi dina anak tanggana anu geus koropok didahar ku jaman sarta masih boga fungsi minangka pertanda pikeun para pamayang atawa ogé kapal séjénna.[1]

Habitat Biawak

[édit | édit sumber]

Luyu kalayan ngaranna, pulo ieu mangrupa habitat biawak (Varanus salvator).[2] Konon reptilia éta geus aya saprak pulo kasebut didatangan manusa dina leuwih ti hiji abad anu katukang. Can aya peritungan anu méré data pasti ngeunaan jumlah sato éta.[2] Tapi, jumlahna kira-kira ngahontal ratusan ékor.[2] Maranéhanana hirup di ranca-ranca sarta semak-semak leuweung bakau anu di mana ayana mendominasi daratan éta.[2] Biawak-biawak kasebut henteu lindeuk.[2] Biawak biasana ogé nyimpang ka wewengkon imah nu ngajaga menara suar, utamana waktu aya pamayang anu singgah mawa lauk.[2] Sagarana anu hérang ogé mangrupa surga pikeun ratusan jenis biota sagara jeung wangun sarta kelir anu éndah.[2] Kaayaan terumbu karang dina jerona nu tilu méter cukup kénéh alus.[2] Dumasar data di Dinas Perikanan dan Kelautan Kabupatén Indramayu]], aya 95 jenis lauk anu ngawakilan 30 famili, antara séjén lauk zebra (Dendrichirus zebra), kukupu (Chaetodon chrysurus), sarta merakan (Pterois valiteus). Kalayan neuleum, lauk-lauk alus éta bisa ditempo mimitina tina ka jeroan leuwih kurang saméter.[2] Hanjakalna, dina taun 2004 kaéndahan ieu kungsi kakotoran ku lapisan minyak atah.[2] Teu dipikanyaho ti mana asal minyak atah kasebut.[2] Disangka, bahan kotoran éta asalna ti kapal tanker anu mindeng liwat wewengkon perairan Indramayu.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d (id) [1][tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 04 Desember 2001)
  2. a b c d e f g h i j k (id) [2] Archived 2011-12-01 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 04 Desember 2001)