Radio Komunitas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Radio komunitas nyaéta setasiun siaran radio anu dipiboga, dikokolakeun, dialpukahan sarta diadegkeun ku hiji komunitas. Palaksana siaran (kawas radio) komunitas disebut lembaga penyiaran komunitas.

Radio komunitas ogé mindeng disebut radio sosial, radio atikan, atawa radio alternatif. Intina, radio komunitas nyaéta "ti, ku, pikeun sarta ngeunaan komunitas".

Tumuwuhna di Indonésia[édit | édit sumber]

Radio komunitas di Indonésia mimiti mekar dina taun 2000. Radio komunitas mangrupa hasil tina réformasi pulitik taun 1998 anu ditandaan ku dibubarkeunana Departemén Penerangan minangka otoritas tunggal pangadali média nu jadi leungeun pamaréntah. Ayana radio komunitas di Indonésia beuki kuat sanggeus disahkeunana Undang-undang nomer 32 taun 2002 ngeunaan Siaran.

Ayeuna di Indonésia aya leuwih ti 300 radio komunitas. Radio-radio komunitas kasebut sumebar di sakumna wewengkon Indonésia anu sawaréh di antarana geus ngaorganisir diri dina oraganisasi Jaringan Radio Komunitas Indonésia (JRKI), Jaringan Independen Radio Komunitas (JIRAK CELEBES), sarta nu séjén-séjénna.

Jaringan Radio Komunitas Indonésia[édit | édit sumber]

Jaringan Radio Komunitas Indonésia (JRKI) dinyatakeun dina taun 2002. Dina jero organisasi JRKI aya jaringan radio komunitas wewengkon nyaéta JRK Sumatra Kulon, JRK Lampung, JRK Jabotabek, JRK Banten, JRK Jawa Kulon, JRK Jawa Tengah, JRK Yogyakarta, JRK Jawa Wétan, JRK Bali, JRK Lombok, JRK Sulawesi Kidul sarta Sulawesi Kulon, jeung JRK Papua.

Agénda utama JRKI nyaéta advokasi ka penyiaran komunitas di Indonésia pikeun nuju démokratisasi siaran.

Radio komunitas nepi ka ayeuna masih nyanghareupan masalah dina hal régulasi. Sanggeus meunang pangakuan dina UU Siaran taun 2002, régulasi anu aya di handapeunana kawas Aturan Pamaréntah anu ngawincik sual idin atawa frékuénsi masih tacan ngarojong mekarna radio komunitas.

Jaringan Radio Komunitas Banten[édit | édit sumber]

Jaringan Radio Komunitas Banten, mibanda anggota 22 Radio Komunitas anu sumebar di 7 wewengkon, nyaéta Kab/kota Tangerang, Kab/Kota Sérang, Cilegon, Lebak, sarta Pandéglang, anggota JRK Banten anu geus meunangkeun Rékomendasi Kapantesan ti KPID Banten, nyaéta:

  1. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas Warga Walantaka Sérang Banten (Jaseng FM 107,7 MHz. http://jasengfm.blogspot.com)
  2. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas Nonoman Balaraja Tangerang (R Bamba FM 107,7 MHz)
  3. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas Sipitas Akademika IAIN SMH Banten(RDS FM 107,7 MHz)
  4. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas MAN 1 Serang(SQS FM 107,8 MHz)
  5. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas SMP 2 Cilegon(GST FM 107,7 MHz)
  6. Pakumpulan Siaran Radio Komunitas Mahasiswa FT Téknik Untirta Cilegon(Flash FM 107,9 MHz)

Jaringan Independen Radio Komunitas (JIRAK CELEBES)[édit | édit sumber]

JIRAK CELEBES ngalaksanakeun kongrés dina tanggal 28 Séptémber 2005. JIRAK CELEBES mibanda anggota 32 radio komunitas pikeun wewengkon Sulawesi kidul sarta Sulawesi Kulon. Ka-32 radio komunitas kasebut ngawakilan opat macem rakom, nyaéta rakom nu dumasar kana komunitas kawas masarakat adat, masarakat désa, sarta pamulung runtah. Macem kadua, radio komunitas nu dumasar kana jejer, contona aya jejer atikan, lingkungan, pangwangunan dayeuh, seni budaya sarta nonoman. Macem katilu, rakom nu dumasar kana hobi (karesep), mangrupa musik sarta motor. Pamungkas, rakom nu dumasar kana kampus.

Pikeun ngagampangkeun koordinasi sarta konsolidasi, ka-32 rakom éta ahirna dibagi jadi 7 wewengkon, nyaéta Wewengkon Makassar, Wewengkon Ajatappareng, Wewengkon Luter (Luwu Toraja sarta Enrekang), Wewengkon Bosowa, Wewengkon Tengah (Barru, Pangkep sarta Maros), Wewengkon Bulukumba, Sinjai, Salayar sarta Bantaeng, sarta Wewengkon Sulawesi Kulon.

Di tingkat lokal, Parkumpulan Wartawan Advokasi Lingkungan (JURNAL Celebes), sarta tingkat nasional babarengan jeung Yayasan TIFA Jakarta sarta COMBINE Resource Institution [1] (CRI) Yogyakarta cukup mindeng ngarojong sarta ngadorong diwangunna JIRAK CELEBES sarta pamekaran kapasitas nu nyadiakeun radio komunitas di Sulawesi Kidul sarta Sulawesi Kulon kasebut.

Diwilayah Jawa Wétan ogé nangtung Jaringan Radio Komunitas Jawa Wétan ( JRK Jatim) anu miboga kira-kira 450 anggota radio komunitas kaasup komunitas Madu FM Campurdarat Tulungagung[tumbu nonaktif], Madu FM Tanggunggunung Archived 2009-11-14 di Wayback Machine,Madu FM Trenggalék, sarta Madu FM basisir Prigi Trenggalék.

Peran sarta fungsi[édit | édit sumber]

Radio komunitas minangka salah sahiji bagian tina sistem siaran Indonésia prak-prakanana milu aub dina nepikeun informasi anu diperlukeun ku komunitasna, boh patali jeung aspirasi warga masarakat boh program-program anu dipigawé ku pamaréntah pikeun babarengan ngadongkar masalah sarta ngamekarkeun poténsi anu aya di lingkunganana. Ayana radio komunitas ogé salah sahijina nyaéta pikeun ngawujudna tata pamaréntahan anu alus kalawan dasar-dasar:

Hak asasi manusa[édit | édit sumber]

Yén kamerdikaan nepikeun pamadegan jeung ngabeunangkeun informasi ngaliwatan siaran mangrupa pawujudan tina hak asasi manusa dina kahirupan masarakat, bangsa sarta nagara, dilaksanakeun kalawan pinuh tanggung jawab, salaras sarta saimbang antara kabébasan jeung kasarua ngagunakeun hak antar unsur di Indonésia.

Kaadilan[édit | édit sumber]

Yén pikeun ngajaga integrasi nasional, kabinékaan masarakat sarta kalaksanakeunana otonomi daérah mangka perlu dijieun sistem siaran nasional anu ngajamin ngawijudna tatanan sistem siaran anu adil, walatra sarta saimbang guna ngawujudkeun kaadilan sosial pikeun sakumna rahayat Indonésia.

Ngokolakeun, ngabagi sarta maké spéktrum frékuénsi radio kudu tetep dumasar kana asas kaadilan pikeun kabéh lambaga siaran sarta pamangpaatanana dipaké pikeun kamakmuran balaréa sajembar-jembarna, antukna kabiruyungan diversity of ownership sarta diversity of content dina dunya siaran.

Informasi[édit | édit sumber]

Yén lambaga siaran (radio) mangrupa média informasi sarta komunikasi anu miboga peran penting pikeun sumebarna informasi anu saimbang sarta satimpal di masarakat, mibanda kabébasan sarta tanggungjawab dina ngajalankeun fungsina minangka média informasi, atikan, hiburan, kadali sarta paraket sosial.