Abdul Kodir Jaélani
Muhyiddin Abu Muhammad Abdul Qodir bin Abi Shalih Zango Dost Al-Jaelani upami Séh Abdul Kodir Jaélani lahir di Jailan atawa Kailan taun 470 Hijriyah/ 1077 Maséhi, nepi ka ditambahkeun kecap Al-Jaelani atau Al-Kailani atawa Al-Jiliydan.[1] Nénéhna Abu Muhammad.[2] Inyana sok dilandih Muhyi ad-Din, al Ghaust al-A’zham, Sulthanul Auliya’ Ghaust al-Pak, jeung lian ti éta.[2]
Séh Abdul Kodir Jaelani téh ulama kahot, kamashur ngadegkeun jeung nyiarkeun salah sahiji tarékat kahot di dunya nyaéta Tarékat Qodiriyah.[1]
wajar lamun kiwari loba kaum muslim anu muji-muji jeung micinta inyana, samalah mah kakuduan.[1] Tapi lamun tepi ka ngagung-ngagungkeun darajatna ngaluhuran Rosululloh SAW, éta mah kakaliruan anu fatal pisan, lantaran Rosululloh SAW téh Nabi jeung Rosul anu darajatna moal bisa kaéléhkeun ku manusa mana baé ogé .[1] Anapon kayakinan sabagian muslimin anu nganggap yén Séh Abdul Kodir Jaélani téh salaku wasilah (perantara) nalika ngadarunga; yén moal diijabah dungana ku Alloh, iwal ngaliwatan Séh Abdul Kodir Jaélani, ieu ogé kayakinan anu sasab pisan.[1]
Kaahéngan-kaahéngan Nalika Dibabarkeun
[édit | édit sumber]- Dina malem dibabarkeunana, bapana ngimpi patepung sareng kangjeng Nabi Muhammad SAW.[2] Dina ngimpina Nabi Muhammad SAW ngucapkeun pangwilujeng: "Ya Abu Shalih, Alloh nu Mahakawasa parantos nganugerahkeun budak nu soléh; kakasih kuring jeung kakasih Alloh; pangmulyana di antara auliya jeung aqthab."[2]
- Nalika dilahirkeun, dina pundukna aya tanda mangrupa tapak sampéan Rosululloh SAW.[2] Ieu téh tanda walayahna (kawalianana).[2]
- Dina maleman kalahiranana, kurang leuwih 11.000 orok lalaki lahir di Jilan.[2] Éta orok sakabéhna jaradi wali Alloh.[2]
- Inyana lahir dina bulan Romadon, sapanjang bulan Romadon teu kungsi nyusu sanggeus liwat waktu saur, jeung saméméh datangna waktu buka. Hartina, inyana geus mimiti puasa ti barang gubrag ka dunya.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |