Sima
Mantra sima sabangsa kénéh jeung pangabaran nyaéta pangawasa nu aya (nu diagem) ku salah saurang jelema, nu maksudna pikeun meruhkeun nu lian[1] . Nu gaduh sima biasana tara kadéséh ku batur di mana pateuteup[1]. Nu rék ngalawan biasana kaperuhkeun nepi ka jadi nurut sakahayangna[1].Lamun urang dileuweung amprok jeung maung atawa sato galak séjén teu karana disangka-sangka, prabawana lain sieun wungkul tapi nambleg di dinya saperti suku nu dipaku kana taneuh, ngagorowok teu wani, péndékna sieun béh ditueun sieun sok disebut ogé simba[2].
Conto Rumpaka Sima
[édit | édit sumber]SIMA SILUMAN
[édit | édit sumber]geueuman aing siluman ageung,[1]
bul, ti kukus, bul ti embun-embunan,[1]
galudra bayu sangara,[1]
luncat ka bojong cariang,[1]
dipunggu ku ulang-aling,[1]
disangga ku Batara ménta.[1]
SIMA MAUNG
[édit | édit sumber]Geueuman aing siluman ageung[1]
bul ti kukus, bul tina embun-embunan,[1]
galudra bayu sangara[1]
luncat ka bojong cariang,[1]
dipunggu ku ulang-aling,[1]
disangga ku Batara meta,[1]
raga maung tutunggangan aing,[1]
ratu lumpuh, haji kawengku[1]
ku hawa, ku Sanghiang Kudratullah[1]
Maung pundung datang nuhun (turu?)[1]
badak galak datang mendek (depa?)[1]
nya mendek ka saratina[1]
saratina anak déwata[1]
nya déwata, nya awaking.[1]
Biwir sia laki pipisan (mutu)[1]
létah sia buntut baliung[1]
rét bugeg tanpa bugug, (bagug?)[1]
ratu aléh komo jaléh,[1]
ya isun anu calik di Buana Panncatengah,[1]
ya isun lanang sajati[1]
Referensi
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |