Situs Geger Hanjuang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gerbang Situs Geger Hanjuang
Tulisan Dina Tugu Situs Geger Hanjuang

Situs Geger Hanjuang nyaéta prasasti ka-10 anu kapanggih di Jawa Barat anu kapanggihna ku K. F Holle kira-kira taun 1877, tuluy dibawa jeung disimpen ku Dr. Krom dina taun 1914.[1] Prasasti Geger Hanjuang dijieun sanggeus Prasasti raja Sunda nyaéta Sri Jayabupati anu kapanggih di Cibadak Sukabumi.[2] Prasasti Geger hanjuang dijieun dina taun 1033 saka atawa kira-kira 1111 maséhi.[2] Kiwari éta prasasti disimpen di museum pusat Jakarta kalayan nomer inventasis D. 26.[1] Prasasti mimiti dibaca ku K. Holle ditulis dina buku anu judulnya Bescheeven Steen Uit Afdeeling Tasikmalaya Residenties Preanger, TBG 24, 1877 kaca 586.[1] Satuluyna dikoréksi ku C.M Pleyte dina tulisanna Het Jaartal Op Den Batoe Toelis Nabij Buitenzorg, TBG. 53, 1911.[1] Satuluyna dikoréksi deui ku Drs.Saleh Danasasmita sarta Drs. Atja anu ka dua kalina, hasil bacaaanna nyaéta jadi:

  • Tra Ba I Gunna Apuy Nas
  • Ta Gomati Sakakala Ru Mata
  • K Disusu (K) Ku Batari Hyang Pun[1]

Tra Ba I Gunna Apuy Nasta Gomati Sakakala, hartina tanggal 13 bulan Badrapada taun 1033 saka.[1] Ru Mata K Disusu (K) Ku Batari Hyang pun, hartina rumatak (maksudna rumatak) ngaran hiji tempat di Galunggung disusuk ku Batari Hyang.[1]

Gerbang Situs Geger Hanjuang

Lokasi Situs Geger Hanjuang ayana di Pasir Gegerhanjuang, Désa Linggawangi, Kecamatan Leuwisari.[3] Lokasi batu panyangga Prasasti Geger Hanjuang kiwari sawaréhna kakeueum dina balong, sarta nu katempona ukur sawaréh.[4] Nurutkeun informasi anu kapanggih ukuran batuna 250 cm sarta kandelna 80 cm.[4]

Dina lokasi anu sarua jeung teu jauh ti tempat prasasti kapanggih hiji tempat anu ngaranna Saung Gedé anu dina sajarah disebut Saung Galah, anu hartina karaton.[5] Karaton nyaéta pusat pamaréntahan karajaan Galunggung, sarta kabuyutan Linggawangi mangrupa hiji tempat anu dianggap sakral dina jamanna.[5]

Posisi Situs Geger Hanjuang beuki kuat kaayaanna sabada kapanggih naskah kuno Nagara Kertabumi anu di transkripkeun ku Drs. Atja.[6]

Hasil Panalungtikan Holle[édit | édit sumber]

Prasasti Geger Hanjuang téh eusina ngan tilu jajar, aksara jeung basana Sunda kuno.[7] Aksarana jéntré pisan tapi hésé dibacana alatan di urang mah jumlah prasasti kacida saeutikna nepi ka hésé néangan keur bandingkeuneunana.[7] Hal ieu téh diterus-terangkeun ku Holle dina karanganna.[7] Malah jajaran ka dua mah teu ngahasilkeun kalimah anu matak teu pikahartieun. Ceuk Hollena ku anjeun ogé "Dina jajaran ka dua mah kuring teu hasil maca kalimah nu pikahartieun." [7] Transkripsi Holle ditulis dina cacarakan anyar, mun seug diruntuykeun nurutkeun jajaranna mah kieu:

  1. //'bah o, guna apuy lé
  2. dya? Wmang ga bu ti saka kala ru mata
  3. k di yu-yu ku batari hyang pun.[7]

Antara koméntar jeung tulisan cacarakan henteu sarua.[7] Bisa jadi tulisan cacarakan anu kaliru.[7] Kabuktian anu ceuk Holle guna dina cacarakan mah gunalé.[7] Anu ceuk Holle apuy dina cacarakan mah aruy.[7]

Hasil bacaan saheulaanan téh ku Holle ditapsirkeun:

Jajaran kahiji: Bah mangrupa singgetan tina Brahma.[7] O mawa ingetan kana ong (om), nyaéta bismillah urang Hindu.[7] Guna (aksara /n/ maké titik di handap 3, apuy 3 bisa jadi dicokot tina ajaran téologi Hindu.[7] Maksudna triguna (n titik di handap).[7] Saterusna, bari teu nyebutkeun heula alesanna, dina catetan handap kaca 527, Holle nyebutkeun: Harga guna nurutkeun candrasangkala lain pikeun bilangan 3, dina guna 3 apuy 3 kuring rék maca angka 1 jadi 1333.[7]

Holle henteu nerangkeun, nu mana anu dimaksud ku angka 1 téh jeung ti mana jolna angka 3 nu hiji deui, sabab anu puguh aya dina salinana mah ngan dua angka 3.[7]

Jajaran ka dua: kalawan jujur ku Holle diaku, cenah jajaran ka dua mah taya hartina, nurutkeun hasil bacaan sakamampuhna , jajaran ka tilu: ( ma-ta)-k di yu-yu ku batari hyang pun, dihartikeunna ku Holle, nu dieusian ku Batara.[7]

Tᮤina hasil bacaan holle, tétéla eusi prasasti Geger Hanjuang téh ukur méré gambaran anu samar pisan, nya kitu deui carana Holle ngosongkeun Candrasangkala 1333 sakakala teu kaharti ti mana jolna.[7]

Koréksi Pleyte[édit | édit sumber]

Sacara langsung ngabahas Prasasti Geger Hanjuang mah henteu Pleyte teh, ngan dina tulisannangeunaan angka taun Prasasrti Batutulis (Bogor), kungsi nyebut-nyebut karya Holle, anu tétéla sapuk kana angka 1333 ti Holle, ngan unina cenah kuduna mah, "bah (3) guna (3) apuy (3) dica (1)."[7] Ari candrasangkala aturanna téh disebut ngkanam wamato getih (angka dibaca ti katuhu ka kénca).[7]

Sajarah Galunggung[édit | édit sumber]

Karajaan Galunggung nyaéta karajaan di Tatar pasundan, tanggal 13 Bhandrapada 1033 saka atawa 21 Agustus 1111.[8] Dumasar kana prasasti Geger Hanjuang nu ngawasa munggaranna téh nyaéta Bataru Hyang, .[8] Tasikmalaya muka Rajyamandala Galunggung (kerajaan bawahan Galunggung).[8] Ti Sang Batari ieu pisan timbul ajaran anu kawentar Sanghyang Siksa Kandang Karesian, ajaran ieu masih diajarkeun sacara resmi dina zaman Prabu Siliwangi (1482-1521 M) anu nyekel tahta di Pakuan Pajajaran.[8] Karajaan Galunggung ngadeg nepi ka 6 raja anu masih katurunan Batari Hyang. Nalika pangaruh Islam beuki kuat, pusat kasebut pindah ka Pamijahan jeung Séh Abdul Muhyi (abad ka XVII) salaku tokoh ulama.[8]

Kerajaan Galunggung ini bertahan sampai 6 raja berikutnya yang masih keturunan Batari Hyang.[8] Saat pengaruh Islam menguat, pusat tersebut pindah ke daerah Pamijahan dengan Syekh Abdul Muhyi (abad ke XVII) sebagai tokoh ulama panutan.[8]

Dimimitian tina abad ka VII nepi abad ka XII di wilayah anu ayeuna kawentar ngaranna Kabupatén Tasikmalaya, kapanggih ayana hiji bentuk pamaréntahan Kabataraan kalayan puseur pamaréntahanna di sabudeureun Galunggung, kalayan kakawasaanna ngabiséka raja-raja (ti Karajaan Galuh) atawa raja anyar, anu dianggap sah saupama Batara anu di Galunggung geus nyatujuan.[8] Batara anu ngawasa dina mangsa ieu nyaéta Batara Sempakwaja, Batara Kuncung Putuh, Batara Kawindu, Batara Wastahayu, jeung Batari Hyang anu dina mangsa pamaréntahanna ngalaman parobahan bentuk kakawasaan jadi karajaan.[8]

Wisata Sejarah[édit | édit sumber]

Situs Geger Hanjuang posisina padeukeut jeung Situs Kabuyutan Linggawangi[9] Teu jauh ti éta situs, aya hiji tempat anu disebut Saung Galah. Salah sahiji barang bersejarah anu kapanggih di ieu patempatan nyaéta Prasasti Gegerr Hanjuang.[9] Di ieu tempat mindeng pisan digunakeun pikeun panalungtikan ku sababaraha mahasiswa atawa panalungtik luar nagri.[9] Saupama urang datang ka ieu situs, bakal aya nu ngaping, ngajelaskeun sajarah ieu tempat.[9] Upama libur panjang, tempat wisata ieu cocok pisan didatangan, teu ngan saukur wisata sajarahna wungkul anu ngirut téh, situasi jeung kaayaan désana anu tiis jeung resik ogé jadi daya tarik nu husus.[9] Wisata ka Situs Geger Hanjuang cocok pikeun nambah pangaweruh jeung ngararasakeun ni'matna alam padésaan.[9]

Tugu Situs Geger Hanjuang[édit | édit sumber]

Ayana tugu Situs Geger Hanjuang nyaéta nalika milangkala Tasikmalayan anu ka 904, tujuanna pikeun pangéling-ngéling lahirna Kota Tasikmalaya di Situs Geger Hanjuang.[10] Dijieunna tugu ieu téh tujuanna pikeun nimbulkeun spirit psikologis sangkan masarakat bisa teguh yén urang kudu ngahargaan ka jalma anu geus boga jasa, saméméh urang aya di ieu tempat. Sajaba ti éta dipiharep bisa nuluykeun sumanget juangna para karuhun.[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g "Prasasti Geger Hanjuang – DESA LINGGAMULYA". kknm.unpad.ac.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-13.  Archived 2018-02-14 di Wayback Machine
  2. a b Florencia, Veve. "Situs Geger Hanjuang" (dalam bahasa id-id). https://www.sumber.com/jalan-jalan-kuliner/jawa-barat/tempat-wisata-jawa-barat/sumber/situs-geger-hanjuang.html. Diakses pada 2018-02-13 [tumbu nonaktif]
  3. "Situs Geger Hanjuang-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-02-13.  Archived 2017-07-04 di Wayback Machine
  4. a b "/2015/09/04/inilah-situs-situs-yang-ditemukan-di-sekitar-kaki-gunung-galunggung/". http://fokusjabar.com. Diakses tanggal 2018-02-13.  Archived 2018-01-01 di Wayback Machine
  5. a b "Situs dan Prasasti Geger Hanjuang Kecamatan Leuwisari" (dalam bahasa id-ID). Informasi Situs Budaya Indonesia. 2017-09-13. https://situsbudaya.id/situs-dan-prasasti-geger-hanjuang/. Diakses pada 2018-02-13 
  6. Florencia, Veve. "Situs Geger Hanjuang" (dalam bahasa id-id). https://www.sumber.com/jalan-jalan-kuliner/jawa-barat/tempat-wisata-jawa-barat/sumber/situs-geger-hanjuang.html. Diakses pada 2018-02-14 [tumbu nonaktif]
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Danasasmita, Saleh (2012). Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat. 
  8. a b c d e f g h i (dalam bahasa id) Kerajaan Galunggung. 2016-10-07. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Kerajaan_Galunggung&oldid=11924490. 
  9. a b c d e f "Sewa Apartemen, Rumah & Hotel di Tasikmalaya Dekat Situs Geger Hanjuang". Travelio (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-13. 
  10. a b "gerbang desa- Geger Hanjuang Menjadi Simbol Kemajuan Tasikmalaya | Republika Online". Republika Online. http://www.republika.co.id/berita/koran/news-update/15/08/11/nswqgc9-gerbang-desa-geger-hanjuang-menjadi-simbol-kemajuan-tasikmalaya. Diakses pada 2018-02-14