Situs Joglo jeung Guha Saronggé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Situs Joglo jeung Guha Saronggé nyaéta salah sahiji tempat ziarah nu ayana di Desa Bantarkalong Kecamatan Cipatujah nu jarakna 60 KM ti puseur kota Tasikmalaya, lega na kira-kira 1 Ha.[1] Syeikh Zaenudin nyaéta salah sahiji murid Syeikh Abdul Muchyi Pamijahan nu ngasumebarkeun agama Islam di wewengkon Jawa Kulon bagéan Kidul.[1]

Guha Saronggé, Lingkungan sarta Karakteristikna[édit | édit sumber]

Guha Saronggé numutkeun Aja (kuncén) mingkin geus aya ti barang alam dunya diciptakeun ku Allah SWT.[1] Pikeun nepi ka ieu guha téh ti jalan raya bisa leumpang ngaliwatan jalan leutik naék ka Makam Syeikh Zaenuddin kurang leuwih 100 meter atawa bisa ogé maké motor atawa mobil ngaliwatan jalan nu nanjak jeung mudun.[1] Diluhureun guha Saronggé jadi kebon nu dipimilik ku masarakat sabudeureunna, sabagéan deui boga pamaréntah desa kalawan sabudureunna kebon jeung sawah.[1] Pikeun nu rék asup ka guha, kudu nuturkeun aturan nu geus ditangtukeun sarta kudu boga wudhu, saacan abus, salah sahiji anggota rombongan kudu Adzan dihareupeun lawang guha jeung macakeun susuratan Qur'an nu geus ditangtukeun.[1]

Guha Saronggé miboga karakteristik nu ahéng nyaéta:[1]

Ngarabn Guha                 : Sarongge/ Guha Sunan Rahmat

Kordinat           : 108º 04’ 52.7” BT 07º 39’ 29.4” LS

Jangkungna               : 228 meter DPL

Kampung/Dusun             : Cirangkong/Sarongge

Desa/Kecamatan           : Bantarkalong/Cipatujah

Kabupaten/Provinsi       : Tasikmalaya/Jawa Kulon

Laut/Gunung nu deukeut : Hindia/Pasir Langit

Wangun biwir guha        : Segiopat (amorf)

Ukuran biwir guha         : 1,8 x 0,8 meter

Panjang lorong guha       : 112 meter(lorong utama)

Lebar lorong guha         : 08 - 34 meter

Perahna biwir guha/lorong : Tebing/horizontal

Kapasitas         : 10 – 100 urang

Derajat kesulitan         : Babari

Kapamilikan tanah        : Tanah Desa

Kuncén kiwari   : Dedi Abdullah, Drs.

Pamangpaatan guha kiwari: pikeun kagiatan wisata ziarah.

Tempat lainna dijero guha, nu dipercaya masyarakat mangrupa tempat nu miboga sajarah, diantarana:[édit | édit sumber]

  1. Batu Harum. Batu sagede batu asahaan napel dina di tembok guha. Lamun diambeu deukeut irung, kaaambeu seungitna.[1]
  2. Paimbaran. Mimbar tempat kutba kaasup lapangan nu rata sarta lega pikeun 100-200 urang. Kiwari mineng dipaké ku saurang atawa rombongan pikeun ibadah.[1]
  3. Kubah Masigit. Kubah ieu mangrupa liang diluhur lalangit guha, nu diameter handapna kurang leuwih sameter.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j "SIitus Klasik Denuh-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-26. 
Nulis.jpg