Lompat ke isi

Situs Kaputihan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Situs Kaputihan ayana di daérah Karoman Desa Purwahayu Kecamatan Taraju Kabupaten Tasikmalaya.[1] Ngaran Kaputihan dicokot tina parobahan agama Hindu sarta kalakuan jalma-jalmana wanci harita nu dianggap kotor jadi agama Islam sakaligus bisa ngarobah kalakuan jeung cara adat nu dianggap beresih atawa putih.[1] Saacan diaranan daérah Kaputihan, daérah ieu biasa dipiwanoh Pamujaan urang Hindu di tata Sukapura, sadengkeun nu miboga kakuasaan éta nyaéta Prabu Sangghyang Adegan jeung para pambantuna Prabu Kalang Jalar, Prabu Kalang Manafa, Prabu Puhun Mangkubumi jeung Prabu Bentang, dina waktu harita sakabéh rahayat di wewengkon éta nganut agama Hindu.[1]

Riwayat singget Situs Kaputihan 

[édit | édit sumber]

 Dina jaman karajaan Hindu daérah Copo/Kaputihan aya dina wilayah Karajaan Galuh nu dipingpin ku hiji Raja nu wastana Ciung Wanara.[1] Raja Galuh ngutus 3 punggawa kapercayaanna nyaéta Prabu Sangiang Adegan jeung dua hulu balang nu ngaranna Prabu Kalang jeung Prabu Punuh Mangkubumi pikeun ngamekarkeun daérah kakuasaanna sabari ngasumebarkeun agama indu pikeun ngingetkeun kamakmuran Karajaan Galuh. Sangkan urusan gancang, Raja Ciung Wanara ngangkat Prabu Kalang Manap jeung Prabu Kalang Bentang. Ku kamampuan Prabu Sangiang Adegan, kamekaran agama Hindu kacida gancangna nepi ka daérah Sukapura.[1]

Numutkeun hikayat, sababaraha taun ka hareupna di daérah Copo/Kaputihan kadatangan saurang Wallyulloh nu diutus Karajaan Demak pikeun nyumebarkeun Agama Islam, nu ngaranna Syeikh Haji Sakti Darmajati Medal Saking Kudratulloh, kalayan mawa misi bisa naklukkeun puseur pamujaan agama Hindu jeung ngasumebarkeun agama Islam.[1] Kalayan kasaktian Prabu Sanghiang Adegan, daérah Copo saola-olah asa eundeur nanging syékh Haji geus dibekelan hiji cepuk nu diaranan Cupu Manik pikeun ngalawan kasaktian urang Hindu.[1] Mangpaat tina Cepuk, lamun dialungkeun ka taneuh, matak taneuh eundeur jeung labil tapi balik deui ka asalna. Diaduna kasaktian éta nepi ka mangbulan-bulan nu ahhirna sakabéh panganut Agama Hindu tuluy asup Islam kaasuo Prabu Sangiang Adegan jeung ulu balangna.[1]

Titinggal nu masih aya nepi ka kiwari nyaéta:

[édit | édit sumber]
  •  Batu Sangiang Adegan, posisina nangtung ajeg nu jangkungna ± 170 cm sarta Garis Tengah ± 42 Cm. [1]
  • Batu Pangkon, posisinya ngagolér, miboga panjang ± 70 Cm sarta Garis Tengah ± 31 Cm. cenah mah batu ieu dijieun ku Prabu Kalang Manap.[1]
  • Batu Alam, posisiny Ngagolér, miboga panjang ± 120 Cm. Garis Tengah tungtung nu gedéna ± 20 Cm jeung Ujung nu leutik ± 10 Cm. cenah mah batu ieu dijieun ku Prabu  Kalang Bentang, sarta miboga mangpaat pikeu nangtukeun alam nepi ka alam ka 12 maksudna poé Qiamat jeung nepi ka ayeuna geus jadi 5 potong.[1]
  • Korsi jeung meja tina Batu 1 setél, tempat musyawarah para Prabu.[1],
  • Batu baki tempat nyimpen sasajén, ukuran Panjang ± 35 Cm, lega ± 20 Cm. miboga 4 (opat) suku jangkungna ± 15 Cm.
  • Sanghyang batu datar nu jumlahna 2, miboga jangkung ± 120 Cm, jeung lega ± 170 Cm.Diperkirakeun batu éta mangrupa Panto Gerbang.
  • Batu meriam, jumlana 2 siki kalayan ukuran panjang ± 110 Cm.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l "Situs Kaputihan-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-11.  Archived 2017-07-04 di Wayback Machine