Situs Sindang Barang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Situs Sindang Barang nyaéta hiji kampung nu aya di Désa Pasir Eurih Kacamatan Taman Sari Kabupatén Bogor Jawa Barat.[1][2] Jarakna kurang leuwih 5 km ti kota Bogor.[2] Dumasar sumber naskah Pantun Bogor jeung Babad Pajajaran, ieu kampung téh kaasup kampung pangkolotna nu aya di wilayah kota jeung kabupatén Bogor.[2] Nurutkeun Pantun Bogor dikira-kira Sindangbarang téh geus aya ti jaman Karajaan Sunda kurang leuwih abad ka-12.[2] Di ieu tempat, harita aya hiji Karajaan Bawahan anu ngaranna Sindangbarang kalawan ibukotana Kutabarang.[2] Dumasar carita rahayat, ieu tempat ogé mangrupa tempat digembléngna para satria karajaan.[2] Di dieu ogé, kabudayaan Sunda Bogor dimimitian sarta bertahan nepi ka ayeuna dina wujud Upacara Adat Sérén Taun.[2]

Salian ti éta ngaran Sindangbarang geus kasohor dina babad pakuan/ pajajaran minangka salah sahiji daérah penting karajaan Sunda jeung Pajajaran.[2] Hal ieu lantaran di Sindangbarang aya salah sahiji karaton karajaan tempat cicingna salah sahiji istri ti prabu Siliwangi anu ngaranna Déwi Kentring Manik Mayang Sunda.[2] Sedengkeun anu ngawasa Sindangbareng mangsa harita nyaéta Surabima Panjiwirajaya atawa Amuk Murugul.[2] Kitu ogé putra Prabu Siliwangi jeung Kentring Manik Mayang Sunda anu ngaranna Guru Gantangan lahir jeung digedékeun di Sindangbarang.[2]

Kampung Budaya Sindang Barang Kiwari[édit | édit sumber]

Di kampung budaya Sindangbarang aya 8 rupa kasenian Sunda anu geus dirévitalisasi jeung dimumulé ku masarakatna.[2] Di dieu ogé, aya situs-situs purbakala titinggal karajaan Pajajaran anu mangrupa bukit-bukit berundak.[2] Di sindangbarang unggal sataun sakali diayakeun upacara adat Sérén Taun nyaéta upacara ngébréhkeun rasa sukur masarakat ka Gusti Nu Maha Suci kana hasil panén jeung hasil bumi anu dimeunangkeun di taun ieu sarta miharep hasil panén taun hareup bisa leuweih loba.[2]

Pikeun ngamumulé kasenian tradisional di kampung budaya, osok diayakeun palatihan ngibing jeung gamelan pikeun para nonoman sacara haratis nu diayakeun ku Kampung Budaya Sindang Barang.[2] Para nonoman anu geus mahér dina widang kasenian séwang-séwangan dilibatkeun dina pintonan mapag tamu anu bakal nambah panghasilan keur maranéhna sorangan.[2]

Situs Kapurbakalaan nu aya di Sindang Barang[édit | édit sumber]

Dumasar panalungtikan nu diayakeun ku peminat kajian budaya Sunda di Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia (FIB UI), Hendra Wijaya jeung Inochi pangurus Yayasan Hanjuang Bodas nu kungsi maturan pelacakan A.M. Sumawijaya, ngalaporkeun ayana sababaraha situs kapurbakalaan nu aya di Sindangbarang, di antarana:[1]

  1. Mata air Jalatunda.[1]
  2. Taman Sri Bagénda.[1]
  3. Kapurbakalaan Majusi.[1]
  4. Kapurbakalaan Surawisésa.[1]
  5. Pundén Berundak Leuweung Karamat jeung Saung Galah.[1]
  6. Kelompok Mégalitik Hunyur Kadoya.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h "Situs Sindang Barang-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-11-22. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p "Profil Umum Sindang Barang". KP Sindang Barang. Diakses tanggal 22 November 2017.