Lompat ke isi

Hunyur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hunyur (sayang sireum)

Hunyur; anthill nyaéta sayang sireum di jero taneuh anu taneuhna nyurungkuy ka luhur ngagunduk leuwih luhur ti sagigireuna.[1][2] Hunyur dijieun ku sakumpulan sireum pikeun nyayang jeung baranahan, sireum mibanda sifat eusosial, komunal, kalayan terorganisir kujalan anu efisién dina ngajaga kalumangsungan hirup.[3] Dina sahunyur sakumpulan sireum ieu diwangun ku hiji atawa leuwih sireum Ratu, anu séjéna mangrupa sireum tentara jeung pagawé anu ngawangun hunyuran pikeun sayang.[4]

Paribasa

[édit | édit sumber]

Hunyur mandéan gunung hartina: hayang nyaruaan ka saluhureun, boh pangkat boh harta kalawan pamohalan.[5]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Danadibrata, R.A (1862). Kamus Basa Sunda. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 262. Diaksés tanggal (disungsi) 21 Maret 2021. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name.
  2. Bataviaasch, Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (1862). Verhandelingen van het Koninklijk Bataviaasch Genootschap van ..., Volume 29. Jakarta, the University of Michigan: Perpustakaan Negeri Bavarian. hlm. 13. Diaksés tanggal (disungsi – 21 Péb 2021).
  3. "Seasonal and nocturnal periodicities in ant nuptial flights in the Tropics (Hymenoptera: Formicidae)". ResearchGate (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-10-12.
  4. Wilson, E. O. (1957). "The Organization of a Nuptial Flight of the Ant Pheidole Sttarches Wheeler". Psyche: A Journal of Entomology (Dina basa Inggris). 64 (2): 46–50. doi:10.1155/1957/68319. ISSN 0033-2615.
  5. Sudaryat, M.Hum., Prof. Dr. H. Yayat (2016). Pakeman Basa Sunda: Ulikan Idiomatik Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. hlm. 97. ISBN 9789794197073. Diaksés tanggal (disungsi – 21 Maret 2021).