Lompat ke isi

Stétoskop

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Stetoskop nu sering dipake ku dokter

Stétoskop nyaéta alat pamariksa kaséhatan anu fungsina keur ngadéngé sora internal awak boh sora jantung, bayah/pernafasan, sora arteri jeung sora dina sistem pencernaan manusa jeung sato.[1][2][3] Stétoskop disusun tina résonator anu wangunna piringan leutik jeung tabung anu ngahubungkeunana sangkan ngagampangkeun nu ngadéngékeunana.[1][2] Salian ti éta aya belah anu nyabang anu tungtungna dipasangkeun kana ceuli jeung patali ngaliwatan pipa karét jeung aya deui belah anu dipaké keur mariksa pasién.[3] Belah nu anu terahir ieu ogé patali jeung belah lainna ngaliwatan pipa karét jeung dina tungtungna aya mémbran penghantar sora.[3] Sanajan wangunna sederhana, stétoskop mangrupa penemuan penting di dunya médis.[1] Dokter jeung ahli profésional kaséhatan gumantung kana ieu alat keur nangtukeun diagnosa médis pasien, keur ngalakukeun pamariksaan fisik, jeung pamariksaan tanda vital anu sipatna auskultasi.[1] Ku aya stétoskop, kiwari dokter bisa ngadéngé jeung ngamonitor rupa-rupa sora internal awak pasien boh anu normal boh anu abnormal.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Saméméh ayana stétoskop, para dokter langsung némpélkeun ceulina kana belah awak pasién keur mariksa kaayaan umum, diagnosis, jeung rupa-rupa kamungkinan panyakit pasién.[1] Jaman harita dokter kudu paantel langsung jeung awak pasién anu katarajang rupa-rupa panyakit.[1] Hal ieu tangtuna waé ngandung loba résiko jeung bebab moral, komo deui résiko nularna panyakit inféksi baktéri jeung virus.[1] Salian ti éta, tina sisi étika ogé némpélkeun ceuli kana dada pasién komo awéwé mah ngabalukarkeun rasa nu henteu genah.[1]

Dina taun 1816, stétoskop kapanggih ku René-Théophile-Hyacinthe Laennec, dokter di rumah sakit Malades Necker-Enfants di Paris Prancis.[1][3] Basa mimiti dijieun, wangun stétoskop mangrupa tabung kai kosong, can canggih jiga jaman ayeuna.[1] René ngahaja nyiptakeun éta alat sangkan henteu kudu némpélkeun ceulina dina dada para awéwé Prancis.[1] Ieu alat tuluy dimekarkeun ku George Philip Cammann dina taun 1840 nepi ka rupana sigan stétoskop jaman ayeuna.[3]

Keur manusa, fungsi stétoskop di antaranaː

  1. keur ngadéngé jeung ngadiagnosis rupa-rupa sora jeung kelainan fungsi sarta denyut jantung, murmur jantung, jeung rupa-rupa jenis panyakit jantung sarta kelainan lainna.[1]
  2. Keur ngadéngé sora bayah jeung sora pernafasan anu normal jeung abnormal.[1]
  3. Keur ngadéngé sora arteri jeung pamariksaan tekenan getih hij jalma.[1]
  4. Keur ngadéngé sora jeung kelainan-kelainan péristaltik usus jeung saluran pencernaan.[1]
  5. Keur ibu hamil aya stétoskop husus anu dipaké keur ngadéngé sora jantung, janin, jeung mangpaat pisan keur mikanyaho kondisi kaséhatan kahamilan.[1]

Sedengkeun keur sato jeung mamalia stétoskop umumna miboga fungsi nu sarua.[1] Dokter sato ogé ngagunakeun ieu alat keur ngamonitoring jeung ngadiagnosa rupa-rupa kasakit sato.[1]

  • Stétoskop binaural – mangrupa stétoskop anu dirancang sangkan bisa didéngé ngagunakeun dua ceuli sedengkeun stétoskop tunggal mah ngan ukur keur hiji ceuli.[2]
  • Stetoskop diferensial – ku ayana ieu stétoskop, pamakéna bisa ngabandingkeun sora di dua lokasi anu béda.[2]
  • Stetoskop akustik – anu umumna digunakeun jeung cara gawéna ku cara nyalurkeun sora ti belah dada ngaliwatan tabung kosong anu eusina hawa kana ceuli nu ngadéngé.[2]
  • Stetoskop elektronik – ngungkulan tingkatan sora anu rendah ku cara nguatan sora awak.[2] Ieu stétoskop bisa nguatan sora anu dihasilkeun ku organ awak anu dipariksa.[2]

Cara Ngagunakeun

[édit | édit sumber]

Sangkan bisa ngadéngé sora internal awak, waktu ngalakukeun pamariksaan para dokter bakal neundeun résonator/piringan leutik tungtung stétoskop dina belah awak anu hayang dipariksa jeung ngahubungkeunana kana ceuli.[1] Misalna, urang hayang ngadéngé sora jantung, maka stétoskop kudu diteundeun dina lebah dada belah kénca luyu jeung posisi jantung.[1]

Lamun pamariksaan sora jeung kelainan bayah, maka stétoskop kudu diteundeun dina luhur dada saluyu jeung posisi organ paru kénca jeung katuhu.[1] Kitu ogé lamun rék mariksa beuteung, makan stétoskop kudu diteundeun dina luhur beuteung.[1] Tapi lamun urang rék mariksa ténsi/tekenan getih, stétoskop kudu digunakeun babarengan jeung alat kaséhatan lianna nyaéta sfigmomanométer atawa ténsiméter.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x "Pengertian dan Fungsi Stetoskop Dan Sejarah Penemuan Stetoskop | ID Medis - Website Kesehatan". www.idmedis.com. Diakses tanggal 2017-12-05.  Archived 2017-12-03 di Wayback Machine
  2. a b c d e f g "Fungsi Stetoskop". Fungsiklopedia. Diakses tanggal 5 Desember 2017.  Archived 2017-11-23 di Wayback Machine
  3. a b c d e "Pengertian Stetoskop". Arti Definisi Pengertian. Diakses tanggal 5 Desember 2017.