Tambo Minangkabau

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Urang Minang, ngagem pisan kana adat nu aya dina Tambo Minangkabau.

Tambo Minangkabau nyaéta karya sastra sajarah nu ngarekam kisah-kisah legenda-legenda nu pakaitna jeung asal-usul séké sélér, nagara jeung tradisi sarta alam Minangkabau. Tambo Minangkabau ditulis dina basa Melayu ngawangun prosa.[1]

Tambo asal kecapna ti basa sansekerta, tambay nu hartina bermula. Dina tradisi masarakat Minangkabau, tambo mangrupa hiji warisan tungturunan nu ditepikeun sacara lisan[1]. Kecap tambo atawa tarambo bisa ogé maksudna sajarah, hikayat atawa riwaya. Maknana saruan saperti kecap babad dina basa Jawa atawa basa Sunda.

Edisi[édit | édit sumber]

Panulisan Tambo Minangkabau, mimitina kapendak dina wangun aksara Arab nu basana basa Minang. Sedengkeun panulisan dina wangun latin, karék dipikawanoh di mimiti abad ka-20, anu eusina geis ngabandingkeun jeung sababaraha bukti sajarah nu aya patalina[2]. Naskah tambo Minangkabau sabagéan badag ditulis dina huruf Arab-Melayu (huruf Jami), jeung sabagéan leutik ditulis ku huruf latin. Jumlah naskah nu geus kapanggih nyaéta 83 naskah. Judulna variasi, antarana Undang-Undang Minangkabau, Tambo Adat, Adat Istiadat Minangkabau, Kitab Kesimpanan Adat dan Undang-Undang, Undang-Undang Luhak Tiga Laras, jeung Undang-Undang Adat.

Tambo di Minangkabau sacara gurat badag dibagi dua bagéan nu utama:[3]

  • Tambo alam, nu ngisahkeun asal-usul karuhun sarta ngeunaan Karajaan Pagaruyung.
  • Tambo adat, nu ngisahkeun adat, sistim pamaréntahan, jeung undang-undang pamaréntahan Minangkabau di mangsa baheula.

Dina nepikeun kisahna, tambo umumna teu sistimatis, tatapi caritana sakapeung disaluyukeun jeung kaayaan sarta kaperluan, nepi ka eusina bisa dirobah nurutkeun kahayang nu ngupingkeun[3]. Ngan umumna Tambo Minangkabau nyaéta karangan saduran, ku nu ngarangna teu nyebutkeun sumberna nepi ka katingalina saperti hasil karyana. Aya 47 tambo asli Minangkabau nu disimpen di perpustakaan luar nagara, 10 di antarana aya di Perpustakaan Negara Jakarta, hiji jeung séjénna mangrupa karya saduran nu teu dipikanyaho ngaran asli pangarangna.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Sangguno Diradjo, Dt. (1954), Tambo Alam Minangkabau, Balai Pustaka.
  2. Batuah A. Dt., Madjoindo A, Dt., (1957), Tambo Minangkabau, Jakarta: Balai Pustaka.
  3. a b A.A. Navis, (1984), Alam Terkembang Jadi Guru: Adat dan Kebudayaan Minangkabau, Jakarta: PT. Grafiti Pers.

Bacaan Séjénna[édit | édit sumber]

  • Djamaris, Edwar (1991). Tambo Minangkabau. Jakarta: Balai Pustaka
  • Zuriati (2007). Undang-Undang Minangkabau dalam Perspektif Ulama Sufi. Padang: Fakultas Sastra Universitas Andalas.

Tumbu Luar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg