Lompat ke isi

Topéng banjét

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Topeng Banjet)


Topéng banjét nyaéta wangun kasenian tradisional kalayan jenisna kaasup seni pintonan rahayat atawa bisa diasupkeun ogé ka dina wangun teater tradisional.[1] Topéng Banjét anu didéfinisikeun minangka seni pintonan rahayat anu sok dimimitian ku banyolna atawa bobodoran tuluy diteruskeun ku pintonan seni drama tradidional, topéng banjét mangrupa kasenian anu turun tumurun.[1] Di daérah Priangan Topéng Banjét nyaluyukeun jeung seléra masarakat utamana gaya jeung basa.[2] Contona Topéng Banjét Karawang, Ronggéngna boga gaya Ronggéng Karawang, nyanyi kawih sunda jeung kabéh lalakon maké basa sunda.[1] Ieu hal béda jeung topéng banjét di Bekasi sok sanajan kawih sunda tapi sakabéh pintonanna maké basa Bekasi (dialék basa Jakarta).[2] Topéng Bajét atawa Topeng Karawang, mangrupa hiji seni pintonan sarupaning Longser anu hirup sarta ngembang di di Wewengkon Karawang sarta Subang.[2] Dina perkembanganna, Banjet ngalaman parobahan, kawas Banjet Margaluyu anu dilengkepan kalayan instrumen, sarta Gambang, Kolenang, Saron, Panerus, sarta Goong Gantung, anu mimitina ngan waditra-waditra anu kagabung dina Ketuk Tilu.[2] Kabéhanana nyieun hiji jenis pintonan unik anu tinangtu baris nyieun Anjeun kabetot pikeun nyaksianana.[2]

  • Hiburan
  • Sosialisasi.
  • Edukasi
  • Ekonomi

Pamaén

[édit | édit sumber]

Ti saprak taun 1949 dieuwuhkeunna tahap Ngajantuk jeung Ngedok.[1] Tapi pamaén nambahan beuki loba sabab sanggeus pintonan banyolan diteruskeun ku sababaraha lalakon.[1] Ku sabab éta kabutuhan pamaén nyaéta:Saurang sindén, saurang ronggéng inti, saurang ronggéng, dua urang awéwé, dua urang palaku jawara.[1]

Raksukan

[édit | édit sumber]

Pakéan anu digunakeun dina kasenian Topéng Banjét nalika minton dumasar kana kagunaanna aya dua jenis.[2] Pakéan husus anu digunakeun ku ronggéng topéng nyaéta:

  • Kembang Topéng/Sayang atawa Sabrok
  • Toka-toka
  • Amben jeung amprang

Pakéan husus nyaéta pakéan nalika merankeun salah sahiji peran dina lalakon nyaéta pakéan biasa anu ilahar digunakeun sapopoena.[2]

Runtuyan

[édit | édit sumber]

Anapon runtuyan mintonkeunna angger samodél kieu:

  • Takolan munggaran
  • Tembang munggaran
  • Topéng (ronggéng)
  • Bobodoran
  • Ronggéng.[2]

Dihandap ieu sawatara conto lalakon Topéng Banjét, nyaéta:

  • Dosa
  • Jawara néangan panganten
  • Sanggabuana adu jago
  • Naraka dunya
  • Kawinan iblis.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f (id)kesenian topeng banjet [tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i (id)kebudayaan[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)