Lompat ke isi

Tumor otak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tumor otak
Ngaran lianNeoplasma intrakranial
Kurva aktivitas-waktu tumor otak glioblastoma sanggeus dua sasih operasi bidang melintang.
SpesialisasiBedah saraf, Neuro-onkologi
GejalaBéda-béda kumaha bagian otak anu kakeunaan, nyeri sirah, sawan, gangguan dina tetempoan, utah, parobahan mental.
TipeGanas, jinak
MusababBiasana teu dipikanyaho
Faktor résikoNeurofibromatosis, kakeunaan vinil klorida, virus Epstein-Barr, radiasi ionisasi
DiagnosisCT scan, Pancitraan résonansi magnétik, biopsi
Cara ngarawatOperasi, radioterapi, kemoterapi
Pengobatanubar antikejang, Deksametason, Furosemid
Frekuensi1,2 juta kanker sistem saraf (2015)[1]
Kematian228.800 (sakumna dunya, 2015)[2]

Tumor otak nyaéta panyakit tumor anu lumangsung nalika sél-sél abnormal kabentuk dina otak.[3] Ieu tumor otak kabagi kana dua; tumor primér, anu sumber asalna ti jero otak, jeung tumor sekundér, anu ngarambat ti tumor anu posisina dina luar otak ― katelah ku tumor otak metastasis. Kabeh jinis éta bisa nimbulkeun gejala anu rupa-rupa dumasar sakumaha badagna tumor jeung bagian otak anu aub. Tanda-tanda anu ditimbulkeun ku ieu tumor nyaéta nyeuri sirah, cecengkeleun, goreng panempoan, utah, jeung masalah mental.[4] Gejala anu sanesna nyaéta hésé ngaléngkah, ngomong, jeung leungit kasadaran.[5]

Nepika ayeuna, tumor otak téh panyababna teu dipikanyaho sacara jelas, tapi opat persen tina kasus tumor otak jigana disababkeun ku radiasi CT scan.[6] Sajaba ti éta, panyabab sanésna anu leuwih saeutik kajadiana nyaéta paparan vinil klorida, virus Epstein-Barr, radiasi pengion, jeung sindrom anu diwariskeun jiga neurofibromatosis, sklerosis tuberosa, jeung panyakit von Hippel-Lindau.[3][4] Jinis tumor primér anu mindeng kakeunaan ka orang dewasa nyaéta meningioma jeung astrositoma,[4] sedengkeun anu ka budak leutik umumna medulloblastoma.[5]

Tanda-tanda

[édit | édit sumber]

Aya rupa-rupa tanda atanapi gejala tumor otak anu dialaman ku hiji jalma boh tumor jinak atanapi tumor ganas (kanker).[7] Tumor otak primér jeung sekundér nunjukkeun gejala anu sarua numutkeun kana bagian anu kakeunaan, ukuran, jeung laju tumuwuhna tumor.[8] Contona, tumor badag dina lobus frontal bisa ngabalukarkeun parobahan dina kamampuh mikir, sedengkeun tumor leutik anu eunteup di Wernicke (area leutik anu fungsina kana pamahaman basa) bisa ngabalukarkeun risiko anu leuwih badag.[9]

Nyeri sirah

[édit | édit sumber]

Nyeri sirah kusabab paningkatan tekanan intrakranial bisa ngajadikeun mimiti gejala kanker otak. Tapi, nyeri sirah kalawan teu aya gejala nu sanésna jarang pisan kajadian. Biasana, gejala-gejala nu sanés muncul heula sateuacan nyeri sirah.[10] Tanda-tanda anu nunjukkeun nyeri sirah téh aya hubunganana jeung gejala awal tumor otak diantarana: nyeri sirah dibalukarkeun ku manuver Valsalva, nyeri sirah anu nyababkeun hudang tina sare, nyeri sirah anyar anu dirasa ku jalma anu langkung kolot, atawa nyeri sirah anu parah dina isuk-isuk.[11]

Parobahan mental

[édit | édit sumber]

Kapribadian hiji jalma bisa robah kusabab tumor anu ngaruksak lobus otak.[8] Ieu bagian, utamana lobus frontal, temporal, jeung parietal mangrupakeun pusat kontrol émosi, suasana haté, nalar, jeung kabiasaan. Kulantaran éta, tumor di bagian ieu bisa ngabalukarkeun kabiasaan sosial anu teu pantes, sok ambek, seuseurian tanpa alesan,[12] kitu ogé gejala psikologis kayaning depresi sarta kahariwang.

Panyabab

[édit | édit sumber]

Panyebab utama kanker otak anu paling kawéntar nyaéta radiasi ionisasi,[6] kalayan sakitar 4% kasus kanker otak umumna disababkeun ku radiasi tina CT scan. Ieu bisa lumangsung lantaran prosés karsinogenesis radiasi dina CT scan. Saliyan ti eta, mutasi gén penekan tumor, jiga P53, ogé bisa nyababkeun tumor otak.[13] Kaayaan bawaan jiga panyakit Von Hippel-Lindau, sklerosis tuberosa, neoplasia éndokrin ganda, jeung neurofibromatosis tipe 2 ogé ngabogaan résiko badag kana timbulna tumor otak.[14][15]

Identifikasi

[édit | édit sumber]

Tumor otak mindengna hésé didiagnosis kusabab teu aya gejala kusus anu pasti, ngan kombinasi gejala anu tangtu tanpa indikasi panyabab nu sanes bisa jadi pituduh. Proses diagnosis biasana dimimitian ku pencatetan jujutan medis jeung gejala pasien, dituturkeun ku panalungtikan klinis jeung laboratorium pikeun nyingkirkeun inféksi.[16] Pamariksaan biasana ngawengku pamariksaan panon, THT, éléktrofisiologi, jeung pamakéan éléktroensefalografi anu mindeng ngabantuan dina nganalisis tumor otak. Tumor otak ogé boga tangtangan diagnosis jeung terapi nu mirip jeung tumor dina bagian badan nu sanés.[17]

Aya tangtangan husus dina ngadiagnosis tumor otak kusabab otak téh dipisahkeun tina getih ku sawar getih-otak—anu ngontrol zat naon wae nu bisa asup. Penanda radioaktif anu umumna dipaké pikeun ngadeteksi tumor dina bagian badan nu sanés, teu bisa dipaké pikeun ngadeteksi tumor otak kusabab aya sawar getih-otak tea. Biasana dideteksi ku alat MRI atawa CT scan anu bisa ngadeteksi gangguan jeung bisa jadi indikator utama pikeun jinis tumor otak jiga glioma ganas, meningioma, jeung metastasis otak.[16]

Klasifikasi

[édit | édit sumber]

Tumor otak teh boga dua sifat, jinak atawa ganas, bisa muncul di sababaraha bagian otak, jeung bisa diklasifikasikeun minangka tumor primér atawa sekundér. Tumor primér nyaéta tumor anu mulaina dina jero otak, sedengkeun tumor sekundér atawa métastasis nyaéta tumor anu nyebarna ka otak tina bagian awak anu sejen.[18] Angka kakeunaan tumor sekundér kira-kira opat kali leuwih tinggi dibandingkeun tumor primér.[19]

Pambagean tumor sistem saraf pusat umumna make skala opat poin (I-IV) anu dijieun ku Organisasi Kaséhatan Dunya dina taun 1993 jeung, beuki luhur poin stadiumna nandakeun bahaya tumorna beuki parah. Tumor stadium hiji nyaéta tumor anu pang ringana jeung lolobana tumor jinak. Skala anu dijieun ku instansi nu sejen biasana sarua nyaéta tina I nepika IV.[20]

Primér

[édit | édit sumber]

Tumor otak anu kaasup klasifikasi tumor primér di antarana gliomas (50,4%), meningiomas (20,8%), adenoma pituitari (15%),[21] jeung tumor selubung saraf (10%). Tumor-tumor umum anu ieu ogé bisa diklasifikasikeun dumasar kana jaringan asalna, misalna:

Jaringan asal Budak leutik Jalma kolot
Astrosit Astrositoma Pilositik Glioblastoma
Oligodendrosit Oligodendroglioma
Ependyma Ependymoma
Sel saraf Medulloblastoma
Selaput saraf Meningioma

Sekundér

[édit | édit sumber]

Tumor otak sekunder nyaéta tumor métastasis anu asalna tina kanker di organ nu sejen, siga bayah, pinareup, ginjal, jeung usus badag. Sel-sel kanker nyebar tina tumor primér ngaliwatan sistem limfatik jeung pembuluh geutih, tuluy tinggal di otak jeung ngajieun neoplasma anyar. Tumor sekundér leuwih umum tibatan tumor primér, Kalawan kira-kira 170.000 kasus anyar unggal taun di Amerika Serikat. Ieu tumor mindeng kajadian dina fase terminal kanker metastasis jeung mangrupakeun panyabab utama tumor dina rongga intrakranial, nu bisa ngaruksak otak jeung ngurangkeun volume rongga intrakranial.[22]

Epidemiologi

[édit | édit sumber]

Data ngeunaan panyakit kanker otak nunjukkeun angka anu béda-béda antara nagara maju jeung nagara berkembang, jeung nagara berkembang téh boga kajadian anu leuwih saeutik.[23] Ieu bisa disababkeun ku maotna patali tumor anu teu didiagnosis lantaran kurangna aksés ka fasilitas kaséhatan modern jeung maotna disababkeun ku faktor nu patali kamiskinan. Statistik ogé nunjukkeun yén sababaraha jinis tumor otak primér leuwih mindeng dina masarakat anu tangtu.[24]

Panalungtikan nunjukkeun yén kajadian tumor ganas dina sistem saraf pusat (SSP) béda-béda dumasar kana nagara asal pasien. Contona, tumor SSP di Amérika Serikat jeung nagara-nagara di Eropa kalér rélatif loba, sedengkeun di Jepang jeung nagara-nagara di Asia éta leuwih saeutik. Angka anu beda-beda ieu matak bisa nunjukkeun faktor biologis ogé diagnosis dina ngalaporkeun patologis anu beda-beda carana.[25] Data global ngeunaan kajadian kanker tiasa dipendakan di Organisasi Kaséhatan Dunya anu dikelola ku Badan Penelitian Kanker Internasional nu aya di Perancis.[26]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Global, regional, and national incidence, prevalence, and years lived with disability for 310 diseases and injuries, 1990-2015: a systematic analysis for the Global Burden of Disease Study 2015". Lancet 388 (10053): 1545–1602. October 2016. doi:10.1016/S0140-6736(16)31678-6. PMC 5055577. PMID 27733282. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=5055577. 
  2. "Global, regional, and national life expectancy, all-cause mortality, and cause-specific mortality for 249 causes of death, 1980-2015: a systematic analysis for the Global Burden of Disease Study 2015". Lancet 388 (10053): 1459–1544. Oktober 2016. doi:10.1016/S0140-6736(16)31012-1. PMC 5388903. PMID 27733281. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=5388903. 
  3. a b "General Information About Adult Brain Tumors". National Cancer Institute. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  4. a b c "Adult Brain Tumors Treatment". National Cancer Institute. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  5. a b "World Cancer Report 2014". World Health Organization. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  6. a b NR, Smoll; Z, Brady. "Computed tomography scan radiation and brain cancer incidence.". Neuro-Oncology. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  7. Patchell, Roy A. "Brain Tumors". Merck Manuals Consumer Version. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  8. a b "Mood Swings and Cognitive Changes". abta.org. American Brain Tumor Association. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  9. "Coping With Personality & Behavioral Changes". brainsciencefoundation.org. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  10. Kahn, Kevin; Finkel, Alan (2014-06). "It IS a tumor -- current review of headache and brain tumor". Current Pain and Headache Reports 18 (6): 421. doi:10.1007/s11916-014-0421-8. ISSN 1534-3081. PMID 24760490. https://pubmed.ncbi.nlm.nih.gov/24760490/. 
  11. Associates, Advanced Neurosurgery. "Nosebleeds & Headaches: Do You Have Brain Cancer?". Advanced Neurosurgery Associates (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-05-15. 
  12. Jones, C. "Brain Tumor Symptoms | Miles for Hope | Brain Tumor Foundation". milesforhope.org. Diakses tanggal 2024-05-15. 
  13. Kleihues, P; Ohgaki, H; Eibl, RH; Reichel, MB; Mariani, L; Gehring, M (1994). Molecular Neuro-oncology and Its Impact on the Clinical Management of Brain Tumors. Springer. pp. 25–31. ISBN 9783540573517. doi:10.1007/978-3-642-85039-4. 
  14. Hodgson, Trent S.; Nielsen, Sarah M.; Lesniak, Maciej S.; Lukas, Rimas V. (2016-09). "Neurological Management of Von Hippel-Lindau Disease". The Neurologist 21 (5): 73–78. doi:10.1097/NRL.0000000000000085. ISSN 2331-2637. PMID 27564075. https://pubmed.ncbi.nlm.nih.gov/27564075/. 
  15. Rogers, Leland; Barani, Igor; Chamberlain, Marc; Kaley, Thomas J.; McDermott, Michael; Raizer, Jeffrey; Schiff, David; Weber, Damien C. et al. (2015-01). "Meningiomas: knowledge base, treatment outcomes, and uncertainties. A RANO review". Journal of Neurosurgery 122 (1): 4–23. doi:10.3171/2014.7.JNS131644. ISSN 1933-0693. PMC 5062955. PMID 25343186. https://pubmed.ncbi.nlm.nih.gov/25343186/. 
  16. a b Herholz, Karl; Langen, Karl-Josef; Schiepers, Christiaan; Mountz, James M. (2012-11). "Brain tumors". Seminars in Nuclear Medicine 42 (6): 356–370. doi:10.1053/j.semnuclmed.2012.06.001. ISSN 1558-4623. PMC 3925448. PMID 23026359. https://pubmed.ncbi.nlm.nih.gov/23026359/. 
  17. Brandes, A. A.; Pasetto, L. M.; Lumachi, F.; Monfardini, S. (2000-03). "Endocrine dysfunctions in patients treated for brain tumors: incidence and guidelines for management". Journal of Neuro-Oncology 47 (1): 85–92. doi:10.1023/a:1006471405435. ISSN 0167-594X. PMID 10930105. https://pubmed.ncbi.nlm.nih.gov/10930105/. 
  18. "What You Need To Know About Brain Tumors". National Cancer Institute. Diakses tanggal 2024-05-18. 
  19. Merrell, Ryan T. (2012-12-01). "Brain Tumors". Disease-a-Month. Update in Neurology 58 (12): 678–689. doi:10.1016/j.disamonth.2012.08.009. ISSN 0011-5029. https://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0011502912001605. 
  20. Gupta, Anshu; Dwivedi, Tanima (--). "A Simplified Overview of World Health Organization Classification Update of Central Nervous System Tumors 2016" (dalam bahasa en). Journal of Neurosciences in Rural Practice 8 (4): 629–641. doi:10.4103/jnrp.jnrp_168_17. ISSN 0976-3147. https://ruralneuropractice.com/a-simplified-overview-of-world-health-organization-classification-update-of-central-nervous-system-tumors-2016/. 
  21. "Brain Tumors - Classifications, Symptoms, Diagnosis and Treatments". www.aans.org. Diakses tanggal 2024-05-18. 
  22. "Metastatic brain tumor: MedlinePlus Medical Encyclopedia". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2024-05-18. 
  23. Bondy, Melissa L.; Scheurer, Michael E.; Malmer, Beatrice; Barnholtz-Sloan, Jill S.; Davis, Faith G.; Il'yasova, Dora; Kruchko, Carol; McCarthy, Bridget J. et al. (2008-10-01). "Brain tumor epidemiology: Consensus from the Brain Tumor Epidemiology Consortium" (dalam bahasa en). Cancer 113 (S7): 1953–1968. doi:10.1002/cncr.23741. PMC PMC2861559. PMID 18798534. https://onlinelibrary.wiley.com/doi/10.1002/cncr.23741. 
  24. "Cancer of the Brain and Other Nervous System - Cancer Stat Facts". SEER. Diakses tanggal 2024-05-18. 
  25. GI, Jallo; Benardete, EA. "Low-Grade Astrocytoma". eMedicine Neurology. Diakses tanggal 2024-05-18. 
  26. "CANCERMondial". International Agency for Research on Cancer. Diakses tanggal 2024-05-18. 

Bacaan salajeungna

[édit | édit sumber]