Tungtung Kalintungan
Tungtung kalintungan nyaéta kawih kaulinan anu sarua jeung Pacublak-Cublak Uang tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguheunna téh karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salah saurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban.[1] Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nyaéta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh.[2] Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salah saurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh.[2] Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.[2] Ieu di handap rakitan kawihna, dkawihkeun sabari dariuk sarua jeung Pacublak-Cublak Uang ngan bédana tina rakitan kawihna ari cara ngalakukeunna mah sarua.[2]
Tong mali, maliatong mendekong
Kayu manis disangkané ora sombong
Sombong rinci-rinci
Sombong rinci-rinci
Mbok ayu tiang pundi
Pundi tongtak-tongtak
Pundi tongtak-tongtak
Tung tung kalintungan
Manis kalintung sawuda-wuda wana
Bayem raja tua tangisono
Titip lendung titip jangkung
Tumurun pangantén anyar
Cir kuciprak, kadeléh montok
Cir kuciprak, kadeléh montok.[1][2]
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b Kawih kaulinan barudak Archived 2015-11-22 di Wayback Machine(diakses tanggal 03 Mei 2011)
- ↑ a b c d e Hidayat, Rachmat Taufiq, spk.2005.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat