Wawacan Endén Saribanon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Wawacan Endén Saribanon nyaéta wawacan anggitan R. Méméd Sastrahadiprawira dina taun 1923[1]. Ningal titimangsa medalna, ieu buku ditulisna saméméh Méméd jadi rédaktur Balai Pustaka, jigana sajaman jeung nulis Jodo Pakokolot anu kungsi dimuat dina majalah Obor[1]. Waktu masih kénéh jadi pagawé pangréh praja (camat), Méméd kungsi disina ngarédaksian majalah Obor wedalam pamaréntah kabupatén Bandung[1]. Kakara taun 1929 Méméd pindah jadi rédaktur Balai Pustaka, sabada ménta mundur tina kapangréhprajaan[1].

Téma utama dina Wawacan Endén Saribanon nyaéta kabiasaan di lingkungan kaom ménak harita, anu dina milih pijodoeun kudu anu satata, waja pada waja, kudu ménak pada ménak, hartina anak dalem kudu ka anak dalem deui atawa anu kasebut ménak gedé, sabab aya kasieun lamun bojona henteu papada turunan ménak bisa nimbulkeun masalah lamun engké kaparengkeun diangkat jadi dalem ngaganti ramana[1].

Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Ajip Rosidi. 2011. Wawacan. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & LBSS