Lompat ke isi

Cau manggala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cau manggala (Musa balbisiana)
Tangkal cau manggala anu hirup liar
Cau manggala ngora anu jerona dipinuhan ku siki
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. balbisiana
Ngaran binomial
Musa balbisiana
Colla 1820
Daérah asal muasal M. acuminata kelirna héjo jeung M.balbisiana kelirna oranye.[1]
Sinonim[2]

Citakan:Specieslist

Cau manggala atawa cau kulutuk (Musa brachycarpa Backer)[3] nyaéta tangkal cau tina kulawarga (Musaceae)[4] anu buahna aya sikian,[5] rasana kareueut, loba nutrisi anu mangpaat saperti protéin, lemak, karbohidrat, vitamin jeung mineral.[6]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Cau manggala sok disebut ogé cau kulutuk asalna ti Asia beulah kalér, cau manggala anu kiwari hirup asalna tina dua spésiés liar :

  1. Musa acuminata Colla(sinonim :Musa malaccensis Riddley, M. zebrina Van Houtte ex Planchon) anu asalna ti Asia tenggara.[6]
  2. Musa balbisiana Colla(sinonimMusa brachycarpa Backer) asalna ti Asia kidul .[6]

Cau manggala direkahkeun ku jalan dipelak tina anakna, cau manggala loba hirup kalawan liar di sisi susukan, kebon, tegalan, sisi jalan .[6]

Mangpaat jeung kagunaan

[édit | édit sumber]
  • Cau manggala anu ngora kénéh ilahar dimangpaatkeun pikeun bahan ngarujak.[3]
  • Anak tangkal cau manggala bisa dipaké pikeun ngubaran raheut, ku jalan di cakclakan geutah tina anak tangkal cau beunang nigas .[7]
  • Cau manggala anu geus asak tuluy dirieus jeung cau kepok, ieu dimangpaatkeun pikeun ngubaran kahampangan dibarengan ku getih.[8]
  • Cau manggala ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran : miceun waé anu dibarengan ku getihan, nyeri beuteung alatan diaré, Ambien (wasir).[9]
  • Cau manggala ogé bisa dimangpaatkeun pikeun penyedap rasa.[10]
  • daunna geus pada mikawanoh dipaké pikeun nandéan, mungkus jeung mapaés rupa-rupa olahan, saperti: Bugis, pais,leupeut, congclot, jeung sajabana.[11]
  • Di Bali tangkal cau manggala ngora dimangpaatkeun pikeun bahan sayuran anu dicampur jeung bahan séjéna.[12]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Edmond de Langhe & Pierre de Maret (2004). "Tracking the banana: its significance in early agriculture". Di Jon G. Hather. The Prehistory of Food: Appetites for Change. Routledge. p. 372. ISBN 978-0-203-20338-5. 
  2. "Build checklist for Musa". World Checklist of Selected Plant Families. Royal Botanic Gardens, Kew. Diakses tanggal 2013-01-22. 
  3. a b Yetti Herayati,Nia Masnia,Titi Haryanti (1993). "Makanan Penyajian serta kelakuan makan". Di -. Makanan: Wujud, Variasi dan Fungsinya Serta Cara Penyajiannya Pada Orang Sunda di Jawa Barat. Bogor: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 46–49. 
  4. "Taxonavigation". species.wikimedia. 3 January 2017. Diakses tanggal 2017-6-05. 
  5. Kustowo, Drs.; - (1990), Bertanam pisang dan cara pemeliharaannya, Deriko 
  6. a b c d Chooi Ong, Hean (2008). Tips Cantik dan Sehat Alami: Tips kecantikan dan kesehatan alami. Kuala Lumpur: Taman Shamelin Perkasa. ISBN 978-967-61-2102-9 Check |isbn= value (bantuan). 
  7. Abu Hamid, Andi Zainal Abidin Farid, Pananrangi Hamid (1987). "Transliterasi dan terjemahan Lontarak Pabbura : suatu kajian tentang sistem medis orang Bugis di Sulawesi Selatan". Di -. Lontarak Pabura. Bogor: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 200. 
  8. Dalimartha, dr. Setiawan (2013). Ramuan Herbal Tumpas Penyakit. Jakarta: Swadaya Group. ISBN 979002-610-2. 
  9. Andareto, Obi; Rini Dwi Aryani (2015), Apotik Herbal di Sekitar Anda, Jakarta: Pustaka Ilmu Semesta, ISBN 978-602-1005-42-2 
  10. Soenardi, Tuti; Sri Wulan (2002), Hidangan nikmat bergizi dari bumi Indonesia: aneka sajian mi dan olahan lain, PT Gramedia pustaka utama, ISBN 978-979-22-4932-3 
  11. Erwin, Lilly T.; - (2004), Dekorasi Lipat Daun utk Jamuan Pesta, PT Gramedia Pustaka Utama, ISBN 978-979-22-3733-7 
  12. Agung, Nanik Mirna (2010). Pawon Bali: 60 resep masakan khas Bali pilihan. Bali: PT Gramedia Pustaka Utama. 

Daptar pustaka

[édit | édit sumber]