Déwan Turk
Déwan Turk (Basa Azerbaijan: Türk Şurası, Basa Kazakh: Түрік кеңесі, Basa Kyrgyz: Түрк кеңеш, Basa Turki: Türk Konseyi, Basa Inggris: Turkic Council) nyaéta hiji organisasi internasional nu eusina nagara-nagara Turk. Organisasi ieu diadegkeun dina 3 Oktober 2009 di Nakhchivan. Sékrétariat Jéndral aya di İstanbul, Turki. Nagara anggotana nyavta Azerbaijan, Kazakhstan, Kirgizstan, jeung Turki. 2 nagara Turk sésana, Turkménistan jeung Uzbékistan ayeuna sanés anggota resmi déwan ieu. Tapi, ku lantaran sipat nétralna, nagara-nagara éta milu dina hubungan internasional sarta miboga kamungkinan luhur sangkan jagana jadi anggota ti déwan ieu.[1] Ide ngawangun déwan sabilulungan ieu ditarataskeun ku Présidén Kazakhstan, Nursultan Nazarbayev, dina 2006.
| Déwan Turk Türk Şurası (Basa Azerbaijan) Түрік кеңесі (Basa Kazakh) Түрк кеңеш (Basa Kyrgyz) Türk Konseyi (Basa Turki) Turkish Council (Basa Inggris) |
||
|---|---|---|
| Markas | İstanbul, Turki (Sekretariat Jéndral) Baku, Azerbaijan (Kapangurusan Bareng Kasenian) Astana, Kazakhstan (Majelis Turk) |
|
| Basa resmi | Basa Azerbaijan, Basa Kazakh, Basa Kyrgyz, Basa Turki, Basa Inggris[1] | |
| Kaanggotaan | 4 nagara anggota[2] | |
| Ngadeg | 3 Oktober 2009 | |
| Ramatloka (tr) (en) Loka resmi |
||
Daptar eusi |
Sajarah [édit]
Saprak 1992, Patepungan Nagara-Nagara nu Maké Basa Turk geus ngorganisasikeun nagara-nagara Turk. Dina 3 Oktober 2009, 4 ti nagara-nagarana nandatanganan Pasatujuan Nahcivan.
Puseur organisasina aya di İstanbul, Turki. Tambihannana, Kapangurusan Bareng Kasenian jeung Budaya Turk diadegkeun di Almaty, Kazakhstan dina 1992 sarta Majelis Parlemén Nagara-Nagara Turk diadegkeun di Baku, Azerbaijan dina 1998. Sadaya organisasi ieu digawébarengkeun jeung Déwan Turk.
Nagara [édit]
Rujukan [édit]
- ↑ a b (tr) Nahcıvan Anlaşması
- ↑ TURKSOY Official Web Site, http://www.turkkon.org/
Tumbu kaluar [édit]
- (tr) (en) Loka resmi
Citakan:Countries and languages lists Citakan:Turkic topics
| Artikel ngeunaan organisasi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |