Guramé
| Gurami | |
|---|---|
| Osphronemus goramy | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Animalia |
| Phylum: | Chordata |
| Class: | Actinopterygii |
| Order: | Perciformes |
| Family: | Osphronemidae |
| Genus: | Osphronemus |
| Species: | O. goramy |
| Ngaran binomial | |
| Osphronemus goramy Lacépède, 1801 |
|
Gurame nya éta ngaran jenis lauk cai anu biasa didahar ku manusa.[1] Wangun awakna gepéng tur rubak.[1] Tonggongna aya warna beureuman sedengkeun dina beuteungna hawuk semu koneng.[1] Lauk kaasup kana kulawarga Anabantidae, turunan Helostoma sarta bangsa Labyrinthici.[1] Lauk guramé asalna ti tatar Sunda (Jawa Barat, Indonésia), tuluy sumebar ka Malaysia, Thailand, Ceylon sarta Australia.[1] Lauk guramé rada lila gedéna dibandingkeun lauk cai nu séjén.[1] Wewengkon di Indonésia anu jadi puseur pamijahan guramé nya éta: Sumatera, NTB jeung Jawa.[1] Sedengkeun di luar nagari nya éta: Thailand, Jepang jeung Filipina.[1]
Jenis lauk guramé anu dipikawanoh ku masarakat dumasar kana wangunna aya dua nya éta guramé soang jeung guramé Jepang.[2] Guramé soang awakna rada manjang, sisitna ogé rubak, panjangna bisa nepi ka 65 cm, sedengkeun beuratna bisa nepi ka 8 kilo.[2] Guramé Jepang awakna rada pondok, sisitna ogé laleutik panjangna gé ngan ukur nepi ka 45cm, beuratna kurang ti 4,5 kilo.[2] Lamun ditilik tina warnana, aya tilu rupa guramé, nya éta guramé hideung, bodas sarta belang.[2]