Guratmangsa Sastra Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Guratmangsa sastra Sunda mértélakeun lalakon sastra Sunda.[1]

Abad ka-15[édit | édit sumber]

1518[édit | édit sumber]

1580[édit | édit sumber]

Abad ka-16[édit | édit sumber]

1625[édit | édit sumber]

Abad ka-17[édit | édit sumber]

Abad ka-18[édit | édit sumber]

1820-an[édit | édit sumber]

1830-an[édit | édit sumber]

1850-an[édit | édit sumber]

  • (1852) Haji Hasan Mustapa gumelar di Garut. Panghulu Besar Bandung, bujangga Sunda, nulis dangding leuwih ti 10.000 pada.

1860-an[édit | édit sumber]

  • (1862) R. H. Moehammad Moesa nulis Wawacan Panji Wulung
  • (1862) R. Mochamad Syaféi nyiptakeun lagu Papatét nu dianggap lagu munggaran
  • (1862) Pamaréntah Walanda nyitak Wawacan Bidayatussalik saduran R, Demang Bratawidjaja dina dua aksara: Jawa—Sunda jeung Latén.

1880-an[édit | édit sumber]

1890-an[édit | édit sumber]

  • (1890) W, Van Gelder medalkeun buku Manglé: Rupa-rupa Dongéng reujeung Contona.
  • (1899) Samsudi lahir di Bandung, Pangarang carita barudak pangsohorna.

Abad ka-19[édit | édit sumber]

1900-an[édit | édit sumber]

  • (1908) Ngadeg Comissie voor de Inlansche School en Volkslectuur (Komisi Bacaan Rahayat), nu leuwih dipikawanoh ku ngaran Balé Pustaka. Bacaan nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka sipatna didaktis. Ti dinya buku basa Sunda beuki ceuyah.

1910-an[édit | édit sumber]

  • (1911) CM Pleyte ngumpulkeun dongéng jadi buku Pariboga.
  • (1912) R. Kartawinata nyundakeun buku Carita Robinson Crusoe, Buku-buku beunang nyundakeun tina basa deungeun mimiti renung, upamana Warnasari tina Verha!en van Moeder de Gans disundakeun ku Lénggang Kancana (Lasminingrat),
  • (1914) D.K. Ardiwinata nulis roman Sunda munggaran, Baruang ka nu Ngarora wedalan Balé Pustaka.
  • (1914) Medalna kalawarta Papaés Nonoman nu dikaluarkeun ku Pakempelan Pasundan. leu média di antarana ngamuat karya guguritan.
  • (1917) Ganda Adinagara nulis Nunggulpinang, beunang nyundakeun tina karya Hector Malot.
  • (1918) Medalna kalawarta Pajajaran nu dikaluarkeun ku Paguyuban Pajajaran. leu média di antarana ngamuat karya guguritan.
  • (1919) Medalna surat kabar Pasundan nu dlkaluarkeun ku Paguyuban Pasundan. Ieu média di antarana ngamuat karya guguritan.
  • (1919) Medalna Volkalmanak Sunda (taunan) nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka. leu média ngamuat karya sastra wangun guguritan, wawacan, jeung carita barudak.
  • (1919) Muh. Sanusi nulis guguritan "Lagu Garut Génjlong" dina Pajajaran, eusina kritik ka bupati Garut Musa Kartalegawa, nepi ka nu ngarangna dikerem sawatara bulan.

1920-an[édit | édit sumber]

  • (1920) Balé Pustaka ngayakeun saémbara ngarang, nu meunangna roman Carita Dulur Lima karya Sungkawa (ngaran samaran).
  • (1920) Radén Suriadireja nulis Wawacan Purnama Alam nu dianggap wawacan pangalusna dina sastra Sunda.
  • (1921) Medal surat kabar bulanan Obor, ngamuat wangun guguritan, wawacan, jeung carita nyambung,
  • (1922) Medal kalawarta Pusaka Sunda, ngamuat dangding jeung wawacan.
  • (1923) Mimiti medal Koran Sip atahunaidi Tasikmalaya. Ukur kaselang ku jaman Jepang, medal deui nepi ka eureunna taun 1971.
  • (1923) Muh. Sanusi nulis roman Siti Rayati, roman Sunda munggaran non-Balé Pustaka dina sastra Sunda.
  • (1923) Yuhana (Achmad Bassach) nulis roman Carios Eulis Asih, sababaraha kali dicitak, malah nepi ka dipilemkeun sagala. Ti dinya Yuhana nulis roman-roman lianna kayaning Néng Yaya (1923), Carios Agan Permas (1926), Mugiri (1928), Ras•iah nu Goréng Patut (1928), jsté.
  • (1924) Kongrés Basa Sunda nu munggaran dina jaman Walanda, 12—14 Oktober 1924, alpukahna Java Instituut.
  • (1925) Ngadeg pakumpulan Sastrawinangun pikeun ngaraksa basa katut Sastra Sunda.
  • (1927) Kongrés Basa Sunda nu kadua. Dina ieu kongrés, mimiti aya istilah Gending Karesmén, bareng jeung pagelaran dua lalakon "Sarkam- Sarkim" katut "Dalem Cikundul" dina bubuka acara.
  • (1928) Radén Méméd Sastrahadiprawira nulis roman Mantri Jero tuluy Pangéran Kornél sababaraha taun saenggeusna.
  • (1928) Samsudi nulis roman barudak Carita Nyi Halimah. Ieu téh carita barudak munggaran dina basa Sunda. Ti dinya, Samsudi nulis buku•buku barudak lianna, di antarana Carita Budak Minggat (1930), Carita Budak Teuneung (1930), Carita si Dirun (1930), Jatining Sobat (1931), Babalik Pikir (1931), jsté.
  • (1929) Medal majalah mingguan Parahiangan nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka. Mimiti dimuat sawatara wangun carita pondok jeung roman (carita nyambung).
  • (1929) Yuhana tilar dunya di Bandung

1930-an[édit | édit sumber]

  • (1930) G.S. nulis buku Dogdog Pangréwong nu dianggap wangun carita pondok munggaran dina sastra Sunda.
  • (1930) Haji Hasan Mustapa ngantunkeun di Bandung.
  • (1930) Margasulaksana nulis roman Diarah Pati, carita détéktif munggaran dina sastra Sunda.
  • (1931) Moh. Ambri digawé di Balé Pustaka Jakarta, tuluy nulis 22 buku, Nu kawentar di antarana roman Lain Éta (1934), Burak Siluman (1932), jeung Ngawadalkeun Nyawa (1933).
  • (1932) Radén Méméd Sastrahadiprawira ngantunkeun di Bandung tahggal 5 Juli.
  • (1935) Mimiti aya rubrik jeung istilah carita pondok dina koran Sipatahunan.
  • (1937) Medal majalah tengah bulanan Kabudayan Urang.
  • (1938) Ajip Rosidi gumelar 31 Januari
  • (1938) Utuy T. Sontani nulis carita nyambung "Mahala Bapa" (dina Sinar Pasundan) jeung "Tambéra" (dina Sipatahunan). Taun 1948, 'Tambéra" ditulis deui kana basa Indonésia tur jadi salah sahiji roman Indonésia panghadéna.

1950-an[édit | édit sumber]

  • (1950) Kis Ws, mimiti ngumumkeun sajak Sunda (méméhna geus nulis ti taun 1946). Sajak tuluy jadi polemik dina Sipatahunan.
  • (1951) Medal majalah Warga.
  • (1952) Medal majalah Sunda nu dipingpin ku M.O. Koesman.
  • (1952) Ngadeg Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) minangka rékoméndasi tina Konferénsi Basa Sunda.
  • (1954) LBSS masrahkeun hadiah sastra nu munggaran.
  • (1954) Medal majalah Candra di Bogor.
  • (1956) Medal surat kabar Siliwangi.
  • (1957) Medal majalah Kiwari, eusina ngamuat sajak jeung éséy.
  • (1957) Medal majalah Manglé di Bogor.
  • (1959) Medal kalawarta LBSS, ngamuat pedaran basa jeung sastra Sunda.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. PP-SS, Dadan Sutisna @. "Gurat Mangsa Sastra Sunda". sastra.sundadigital.com. Diakses tanggal 2018-03-20. [tumbu nonaktif]