Jalan Lémbong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Jalan Lémbong nyaéta salah sahiji jalan nu aya di Bandung pikeun ngabadikeun ngaran Adolf Gustaaf Lémbong. Jalan éta ngaran baheulana Oudhospital Weg anu hartina Jalan Rumah Sakit Lama.[1]

Adolf Gustaaf Lémbong[édit | édit sumber]

Lamun Kuba jeung Argentina reueus ka Che Guévara ku sabab anjeunna gerilya di dua negara, Indonésia ogé reueus ka Adolf Gustaaf Lémbong anu kasohor salaku gerilyawan dina pemberontakan Angkatan Perang Ratu Adil (APRA) anu dipingpin ku Kapten Westerling di Bandung. Anjeunna gerilya teu saukur di Indonésia waé, tapi ogé di Pilipina. Anjeunna mindeng nyamar salaku wargi satempat ku sabab loba tentara Jepang. Dina waktos nu sanés, anjeunna ogé  nyamar salaku kondektur karéta api. Basa keur di Pilipina, anjeunna nyerat kagiatanana ti mimiti Agustus 1943 nepi ka April 1945 dina basa Inggris. Laporan éta diarsipkeun ku intél Walanda, Netherland Forces Intelligence Service (NEFIS), anu setarasna disimpen di Arsip Nasional Walanda anu aya di Amsterdam.[2]

Ngaran Lémbong kasohor salaku salah sahiji ngaran jalan di Bandung aya caket ti Jalan Braga. Ngaran Lémbong diabadikeun pikeun ngaran jalan. Saméméh janten tahanan dina zaman Jepang, anjeunna kungsi janten operator radio KNIL (nomor daptarna 41642). Jeung babaturanana, Lémbong dijadikeun heiho (pembantu tentara).[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina pidato sambutanana, Wali Kota Bandung basa éta R.H. Moch. Enoch ngumumkeun jasa-jasa Dr. Setyabudhi. Ku sabab loba jasana, komite eksekutif Dewan Kota Bandung ngalaksanakeun rapat dina kaping 29 Agustus taun 1950, tabuh 11.30. Salah sahiji kaputsan nyaéta ngarobah ngaran Jalan Lembang, anu ujungna di Jalan Cipaganti sapanjang 6 kilométer janten Jalan Dr. Setyabudhi. Dr Danudirja Setiabudhi maot dina poé Senin sonten dina kaping 28 Agustus tauan 1950 tabuh 15.50 saangeus teu damang. Anjeunna téh dulurna pangarang anu kasohor nyaéta Douwes Dekker (sandiasmana Multatuli) anu nyerat novél Max Havelaar. Setiabudhi ogé miboga karya nyaéta Kejatuhan Majapahit, Ratu Darawati anu kaasup fiksi. Sementawis éta karya nonfiksi karya anjeunna nyaéta otobiografi anu judulna Zeventig Jaar Consequent jeung aya hiji deui karyana anu ngabahas perkawis tanah Pamanukan jeung Ciasem.[1]

Sasasih kirang saangeusna, masarakat Menado anu aya di Bandung ngajukeun usul ka Dewan Kota Bandung anu geus ngarobah Menadostraat janten Djalan Atjeh. Komandan Lémbong maot di hareupeun markas TNI anu aya di Djalan Atjeh dina kajadian 23 Januari 1950. Sakumpulan masarakat Menado ogé ngajukeun usul yén Jalan Oude Hospitaalweg dirobah janten Djalan Lémbong. Adolf Gustaaf Lémbong (1910-1950) maot dina waktos Angkatan Perang Ratu Adil (APRA) narajang ka Bandung. Teu saukur ngan komandan Lémbong waé, aya ogé Mayor Ir. Djoko Sutikno, sadayana aya 59 urang anggota TNI anu maot di sabudeureun Jalan Braga, Jalan Tamblong, Jalan Jawa, Jalan Merdéka, sarta Grand Hotél Préanger. Wargi sipil anu maot aya dua urang jeung lima urang luka-luka. Ajudan Lémbong anu ngarana Letnan Leo Kailola ogé maot dina kajadian éta.[1]

Monumén maén bal[édit | édit sumber]

Patung pamaén bal anu keur ngagiring bal nepi ka ayeuna nangtung teguh dina simpang Jalan Lémbong-Jalan Tamblong. Patung anu tos aya dina tahun 1990 éta kasohor disebat Patung Persib. Patung éta dijieun dumasar kana pamikiran ti Ateng Wahyudi salaku Walikota Bandung ti taun 1983 nepi ka 1993. Resmina, patung éta dingaranan Monumén Sepak Bola. Monumén éta diresmikeun dina kaping 8 Méi 1990 ti pamaréntah Bandung ka wargi-wargina. Patung atawa monumén éta dijieun ku seniman patung anu kasohor sa Indonesia, Nyoman Nuarta. Nyoman mastikeun yén patung éta teu ngagambarkeun salah sahiji pamaén bal anu hadé sapertos Ajat Sudrajat atawa Robby Darwis. Patungna nyimbolkeun sumanget maén bal anu basa éta téh Bandung keur jaya. Patung dijieun tina tambaga jeung kuningan. Dua bahan éta dipilih ku sabab teu kapangaruh ku cuaca. Dina taun 1986 nepi ka 1990, Bandung dijadikeun kiblat maén bal nasional ku sabab préstasina.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Matanasi, Petrik. "Asal Usul Jalan Lembong". Diakses tanggal 18 November 2023. 
  2. Matanasi, Petrik. "Kisah Adolf Lembong Bergerilya di Filipina dan Gugur di Bandung". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  3. Bagaskara, Bima. "8 Fakta Menarik 'Patung Persib' Karya Nyoman Nuarta". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02.