Langlayangan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ilustrasi konstruksi sebuah layang-layang sederhana.

Langlayangan, layangan, atawa wau (di wilayah Semenanjung Malaya)nya éta mangrupa kaulinan anu keretas nu diapungkeun ku angin ditalian ku bola sangkan ulah leupas.[1]

Pungsi[édit | sunting sumber]

Aya rupa-rupa langlayangan, ilaharna nya éta langlayangan hias (dina bahasa Betawi disebut koang) jeung langlayangan aduan (laga).[2] Aya ogé langlayangan nu diteundeunan sendaringan nu bisa ngaluarkeun sora kusabab tiupan angin.[2] Langlayangan laga biasa dipaénkeun ku barudak dina usum pancaroba kusabab biasana angin niupna tarik dina waktu harita mah.[2] Di sababaraha daérah Nusantara lanhlayangan dipaénkeun salaku bagiéan tina acara ritual nu tangtu, biasana aya pakaitna jeung proses budidaya tani.[2] Langlayangan nu pang basajanna dijieun tina daun nu diteundeunan rangka tina awi bambu jeung ditalian ku serat rotan.[2] Langlayangan nu samodél kitu masih aya di Sulawesi.[2] Jeung deui, sababaraha wangun langlayangan tradisional Bali mekar tina langlayangan daun kusabab wangunna nu oval nu nyaruaan daun.[2] Di Jawa Barat, Lampung, aya sawatara tempat di Indon ésia y én lalayanagan dipak é pikeun nguseup.[2] Lalayangan kasebut dijieuna tina anyaman daun sajenis anggrek nu tangtu, anu dipatalikeun jeung kail.[2] Di Pangandaran aya sababaraha tempat, langlayangan dipasangikeun jerat pikeun meunangkeun kalong.[2] Pamakéna langlayangan pikeun alat bantu panalungtikan cuaca geus aya dina abad ka-18.[2]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Catatan kahiji nu nyebutkeun paulinan langlayangan nya éta dokumen ti Cina kira-kira 2500 Saméméh Maséhi.[3] Kapanggihna hiji lukisan guha di Pulo Muna , Sulawesi Tenggara, dina abad ka 21 nu méré sawangan yén jalma ulin langlayangan bakal ngabalukarkeun spékulasi ngeunaan tradisi nu umurna leuwih ti éta di kawasan Nusantara.[3] Ayana kamekaran nu bébas anatara tradisi di Cina jeung tradisi di Nusantara, sabab di Nusantara loba kapanggih langlayangan wangun primitif nu dijieun tina dangdaunan.[3] Di kawasan Nusantara ngeunaan langlayangan nya éta tina Sajarah Melayu (Sulalatus Salatin) (abad ka-17) nu nyaritakeun hiji féstifal langlayangan nu diiluan ku gegedén karajaan.[3] Ti Cina, kaulinan langlayangan nyebar ka kulon nepi ka kasohor di Eropa.[3] Langlayangan kasohor nalika dipaké ku Benjamin Franklin nalika manéhna keur diajar gelap.[3]

catetan[édit | sunting sumber]

  1. Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k Permainan Tradisinal Wau Layang-layang Peermainan (Dicutat tanggal 1 Desember 2011)
  3. a b c d e f Sejarah Layang Layang (Dicutat tanggal 1 Desember 2011)