Napoleon Bonaparte

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lukisan Napoleon Bonaparte (1805)

Napoléone di Buonaparte atawa anu aksohor Napoléon Bonaparte nyaéta jéndral dina mangsa révolusi Perancis jeung konsul Perancis (11 Nopémber 1799 - 18 Méi 1804) anu gumelar tanggal 15 Agustus 1769 di kota Ajaccio, Corsica, Perancis[1][2]. Napoléon anu jenius ieu nyaéta teureuh ménak ti kulawarga Bounaparte asal Italia[2]. Napoléon kasohor alatan kamampuh dina mingpin Perancis nepi ka bisa ngawasaan sabagéan wilayah Éropa boh ngaliwatan jalur diplomasi atawa perang[1][2]. Nagara-nagara anu kungsi dikawasa ku Napoléon Walanda, Swedia, sabagian wilayah Italia anu direbut ti Austria jeung Polandia[2].

Napoléon jadi siswa di Akademi Militer Brienne taun 1779 dina umur 10 taun, tuly lulus dina umur 15 taun[2]. Karir militérna mulai naék sabada ngéléhkeun Austria jeung Prusia[1][2]. Pébruari 1800, Napoléon diangkat jadi konsul Perancis, tuluy ngabebenah sistem nu aya di Perancis[1]. Napoléon diangkat jadi kaisar di Katedral Notre-Dame, taun 1812, Napoléon diasingkeun ka Elba lantaran éléh perang[1]. Dina peperangan Waterloo, tenatara Perancis diéléhkeun ku gabungan tentara Inggris, Walanda, jeung Prusia anu nyababkeun Napoléon diasingkeun ka pulo Saint Helena salaku tawanan perang Inggris[1][2]. Dina bulan Méi 1821, Napoléon maot alatan kanker beuteung[1].

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Tokoh pulitik-biografi- Napoleon Bonaparte Archived 2012-12-24 di Wayback Machine (diaksés tanggal 3 Désémber 2011)
  2. a b c d e f g Biografi Napoleon Bonaparte (diaksés tanggal 3 Désémber 2011)