Nozomi (Shinkansen)
Nozomi (のぞみ?) nyaeta kareta panggancangna di jalur Tōkaidō/Sanyō Shinkansen. Manjang antara Shin-Kobe jeung Hakata, Nozomi ngagunakeun seri 500 nu kacepatanna ampir 300 km/jam (186 mph). Waktu antara Tokyo jeung Osaka, nu jauhna kilometer, ngan 2,5 jam make Nozomi.
300 Series Shinkansen, 500 Series Shinkansen, 700 Series Shinkansen, jeung N700 Series Shinkansen kiwari dipake keur layanan Nozomi. Panganyarna, N700, geus dipake layanan Nozomi ti tanggal 1 Juli 2007, opat pp dina sapoe.[1] Proyek ieu bakal ngaganti sakabeh layanan Nozomi (upamana Tokyo-Hakata) ku make kareta N700 dina taun 2009, jeung sakabeh jadwal tetep layanan Nozomi bakal make kareta N700 dina taun 2011.
Kareta ieu eureun leuwih saeutik tinimbang kareta Hikari. Dina Tōkaidō Shinkansen, Nozomi eureun di Stasion Tokyo, Stasion Nagoya, Kyoto Station, jeung Shin-Ōsaka Station. Di jalur Sanyō, sakabeh kareta Nozomi eureun di Shin-Kobe Station, Okayama Station, Hiroshima Station, Kokura Station, jeung Hakata Station. Aya oge kareta Nozomi nu eureun di sababaraha stasion tambahan. Nozomi ngan ngalayanan JR teu kaasup kana Japan Rail Pass.
Kecap nozomi dina Basa Jepang hartina "harepan" atawa "wish". Kecap ieu dipilih saprak leuwih gancang ti layanan samemehna nyaeta Hikari, "cahaya, sinar", jeung Kodama, "sora".
Nozomi mimit dipake dina tanggal 14 Maret 1992.
[édit] Pola eureun Nozomi(ti Juli 2007)
Kareta tambahan nu beda pola eureun mangsa liburan atawa rame teu kaasup dina tabel ieu. Stasion shinkansen sejen nu teu dilayanan ku Nozomi teu kaasup dina tabel.
Konci
■ Stasion terminal
● Kabeh kareta eureun
▲ Sababaraha kareta eureun (nomer kareta dina tanda kurung)
—- Kareta teu eureun/Taya layanan di dieu
| Rute | Tokyo - Hakata | Shinagawa - Hakata | Tokyo - Hiroshima | Tokyo - Okayama | Tokyo - Himeji | Tokyo - Shin-Ōsaka | Shin-Ōsaka - Hakata | Nagoya - Hakata |
| Train # | 1-52 | 99 (Turun wungkul) |
60-75 | 81-94, 96, 97, 98 | 80, 95 | 100-324 | 500, 501 | 54, 56, 59 |
| Tokyo | ■ | —- | ■ | ■ | ■ | ■ | —- | —- |
| Shinagawa | ● | ■ | ▲ (60, 62, 66, 69, 73, 75) |
▲ (82, 97) |
▲ (80) |
▲ | —- | —- |
| Shin-Yokohama | ● | ● | ● | ● | ● | ▲ | —- | —- |
| Nagoya | ● | ● | ● | ● | ● | ● | —- | ■ |
| Kyoto | ● | ● | ● | ● | ● | ● | —- | ● |
| Shin-Ōsaka | ● | ● | ● | ● | ● | ■ | ■ | ● |
| Shin-Kobe | ● | ● | ● | ● | ● | —- | ● | ● |
| Himeji | —- | —- | ▲ | ● | ■ | —- | —- | —- |
| Okayama | ● | ● | ● | ■ | —- | —- | ● | ● |
| Fukuyama | ▲ | —- | ▲ | —- | —- | —- | —- | —- |
| Hiroshima | ● | ● | ■ | —- | —- | —- | ● | ● |
| Tokuyama | ▲ | —- | —- | —- | —- | —- | —- | —- |
| Shin-Yamaguchi | ▲ | —- | —- | —- | —- | —- | —- | ▲ (54, 59) |
| Kokura | ● | ● | —- | —- | —- | —- | ● | ● |
| Hakata | ■ | ■ | —- | —- | —- | —- | ■ | ■ |
[édit] Rujukan
- ↑ Fossett, Dave A. J. (2007-04-04). "Shinkansen Timetable Highlights and Rare Workings". http://www.h2.dion.ne.jp/~dajf/byunbyun/ttable/highlights.htm. Diakses pada 16 April 2007.
|
||||||||