Rahwana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Rahwana dina Wayang Golék Purwa Sunda

Rahwana (devanagari = रावण, ravana, Aks. Sunda:ᮛᮂᮝᮔ ) , dina mitologi hindu nya ėta palaku antagonis dina wiracarita Ramayana anu ngalawan Rama, rahwana digambarkeun boga 10 hulu matakna Rahwana disebut ogé Dasamuka. Rahwana nya éta raja Aléngka sakaligus raja iblis (rakhsasa). [1][2] Rahwana nya éta putra Resi Wisrawa ti padépokan dederpenyu jeung Déwi Sukési, putri Prabu Sumali raja Aléngka [3][4]. Nalika leutik ngaranna Dasasana atawa Dasagriwa [3]. Rahwana boga tilu adi: Arya Kumbakarna, Dewi Sarpakenaka, jeung Arya Wibisana. Lian ti éta, Rahwana boga adi téré nya éta Wisrawana (Prabu Damaraja) jeung Prabu Danapati raja di Lokapala, putra resi wisrawa jeung Déwi Lokawati.[3] Rahwana boga loba pamajikan, tapi anu asli mah Déwi Mandodari (di Sunda biasa disebut Banondari).[5], anakna Mayasura anu nikah jeung widadari ngaranna Hema. Dina Ramayana dicaritakeun yén istana Rahwana pinuh ku awéwé geulis ti sakuliah nagri di dunya, lantaran awéwé di Aléngka ngarasa bungah lamun bisa nikah jeung Rahwana[1]. Rahwana boga senjata pusaka nya éta chandrahasa atawa candrasa (pedang bulan), pakarang sejenis pedang anu boga dua ujung seukeut. [6][7]. Lian ti éta rahwana kasohor ku kaparigelan make pakarang perang katut élmu sihir[8].

Rahwana dina pagelaran Tari topéng kelana

Gelarna Rahwana[édit | sunting sumber]

Resi Wisrawa miang ka Aléngka pikeun néangan jodo keur anakna[9]. Tapi nalika sang resi macakeun Sastra Jendra Hayuningrat Pangruwating Diyu ka Déwi Sukési, Duaanana kabawa napsu syahwat terus ngalakukeun hubungan suami-istri[9]. Tina hubungan haram éta lahir gundukan getih anu nyampur jeung wujud ceuli sarta kuku: Rahwana, rakhsasa anu lahir tina getih anu ngalambangkeun angkara murka manusa, Kumbakarna, rakhsasa segedé gunung anu boga sipat wijak lahir tina wujud ceuli anu ngalambangkeun rasa kaduhung kolotna, jeung Sarpakenaka, rakhsasa awéwé anu lahir tina wujud kuku, sedengkeun Wibisana mah lahir jadi manusa normal sabab lahir ti hubungan anu sah, lain ti syahwat wungkul[9]

Lalakon hirup[édit | sunting sumber]

Tapa di Gohkarna[édit | sunting sumber]

Relief Triwikrama Rahwana di Candi Sri Meenakshi-Sundareshwarar, Madurai, India

Keur ngorana, Rahwana pernah tapa di Gunung Gohkarna jeung adi-adina salila mangbulan-bulan[6]. Opatanana sapuk moal waka eureun tapa lamun kahayangna can ditedunan, balukarna kahyangan jadi riweuh, para Déwa jeung Déwi jadi baringung. Ahirna Batara Narada turun ka dunya terus nanya nu jadi kahayang Maranéhna[6]. Dasamuka ménta dibéré kasaktén sangkan euweuh hiji mahluk naon ogé anu bisa ngéléhkeun manéhna, sanajan Batara narada geus ngingetan yén sagala nu aya di dunya bakal aya ahirna, tapi éta pamundut tetep ditedunan[6]. Kumbakarna ménta dibéré umur anu panjang, tapi diganti, manéhna hayang hirup nikmat, dahar sapuasna, jeung saré sapuasna[6]. Paméntana ditedunan. Sarpakenaka ménta sangkan bisa ngalampiaskeun napsu birahi sapuas-puasna, sedengkeun Wibisana ménta sangkan boga kawani pikeun nepikeun bebeneran. Batara Narada ngabéjaan yén unggal pilihan kaasup mihak kana bebeneran téh pasti aya resikona[6].

Tapa ka Brahma[édit | sunting sumber]

Keur ngorana, Rahwana ngalakukeun tapa ka Batara Brahma salila mangtaun-taun. Déwa Brahma resep kana pamujaanana, terus nedunan kahayang Rahwana nya éta teu bisa diéléhkeun ku Déwa jeung sagala rupa kakuatan séjénna.[7]. Sanggeus meunang kakuatan manéhna jadi pangawasa Aléngka[7]. Nalika Rahwana jadi Raja, Aléngka jadi nagara anu makmur, konon euweuh rahayat nu kalaparan di Karajaan Aléngka.[7].

Muja ka Siwa[édit | sunting sumber]

Sanggeus jadi raja, Rahwana ngadatangan Déwa Siwa di Gunung Kailasha[8]. Henteu disadaran, Rahwana iseng mindahkeun bari ngulinkeun éta gunung anu jadi imahna Déwa Siwa[8]. Siwa anu ngarasa kesel ku kaagulan Rahwana neken éta gunung ku sukuna nepi ka Rahwana katindih, terus gagauran alatan nyeri[8]. Gana datang pikeun méré nyaho Rahwana, kudu kasaha manéhna ménta hampura[7]. Rahwana nyiptakeun jeung nyanyikeun pupujian ka Siwa pikeun nebus dosana[8][7]. Konon Rahwana ngalakukeunana mangtaun-taun, nepi ka Siwa ngabébaskeun Rahwana tina hukuman[8]. Siwa kagugu ku kawani jeung kasatiaanana, Rahwana dibéré hadiah nya éta candrasa (pedang bulan) anu kacida kuatna[7]. Saterusna Rahwana jadi pamuja Siwa saumur hirup anu kasohor ku tarian pamujaanana nya éta Shiva Tandava Stotra(m)[8][7].

Lalakon Cinta[édit | sunting sumber]

Néang titisan Déwi Sri[édit | sunting sumber]

Hiji mangsa Rahwana panggih jeung Déwi Widawati, anu mangrupakeun titisanna Dewi Sri pamajikan Wisnu [6]. Rahwana maksa hayang nikah jeung Widawati, ahirna Déwi WIdawati ngaduruk dirina sabab embung dikawin ku Rahwana[6]. Rahwana teu nyerah, manéhna néang deui titisan Déwi Sri nu séjén, nya éta Déwi Citrawati, pamajikan Arjuna Sasrabahu, tapi gagal deui [6]. Sumanget Rahwana beuki ngagedur, manéhna néang deui titisan Dewi Sri nu séjén[6]. Ahirna Rahwana apaleun yén Déwi Sukasalya, anakna Prabu Banputra ti karajaan Ayodya nya éta titisan Déwi Sri[6]. Tapi Déwi Sukasalya kaburu kabur jeung Bagawan Rawaatmaja, Rahwana ngudag, terus maéhan Rawaatmaja, sedengkeun Sukasalya ménta tulung Prabu Dasarata anu kabeneran papanggih[6]. Rahwana ngudag maranéhna, terus maéhan Rawaatmaja anu nahan Rahwana, sedengkeun Sukasalya anu geus lumpat jauh ménta tulung Prabu Dasarata anu kabeneran papanggih[6]. Dasarata diancam sangkan nyerahkeun Déwi Sukasalya[6]. Teu lila Batara Guru datang, terus nyieun Sukasalya palsu anu dibawa Rahwana ka Aléngka, sedengkeun Sukasalya asli dibawa Dasarata[6].

Rahwana Maéhan Jatayu

Rahwana Nyulik Sinta[édit | sunting sumber]

Déwi Sarpakenaka bébéja yén Dewi Sinta, pamajikan Rama keur ngalalana di Leuweung Dandaka[6]. Rahwana jadi inget kana caritaan Begawan Maryuta yén Sinta téh titisan Déwi Sri[6]. Teu loba omong deui, Rahwana miang ka Luweung Dandaka dibaturan ku Kala Marica [10]. Rahwana ngagunakeun cara licik: Marica robah jadi kijang sangkan Rama jeung Laksamana ngajauhan Sinta, sedengkeun Rahwana robah wujud jadi brahmana aki-aki terus nyulik Sinta ka Taman Argasoka[3][10]. Jatayu, sakadang Dadali dipaéhan ngagunakeun Candrasa nalika nyegah Rahwana nyulik Sinta[6][10]. Rama nyaho yén Sinta diculik Rahwana ti Jatayu anu sakarat[10].Di taman Argasoka, Sinta dibaturan ku Trijata, alona Rahwana[10].

Hampir unggal poé salila 12 taun, Sinta dirayu Rahwana, tapi Sinta ngancem rék bunuh diri lamun Rahwana wani nyekel manéhna[6]. Kumbakarna jeung Wibisana nentang lanceukna lantaran Rahwana dianggap nurunkeun wibawana salaku raja. Wibisana diusir ti Aléngka, sedengkeun Kumbakarna balik ka kasatriaan[6].

Lukisan anu ngagambarkeun Rahwana perang jeung Rama

Rahwana tiwas[édit | sunting sumber]

Rahwana hésé pisan diéléhkeun, nepi ka Lesmana gé sakarat.[11]. Wibisana anu mantuan Rama ogé teu bisa mantuan loba, sabab najan awak Rahwaa geus ancur ku rupa-rupa pakarang perang, tapi angger Rahwana nangtung kénéh[11]. Najan saacanna sapuluh hulu Rahwana geus disapatkeun, tapi muncul deui[11]. Untungna Rama meunang pakarang perang ti Brahma[11]. Rama mapatkeun mantra, terus mesatkeun Brahma-astra[11]. Brahma-astra anu ngaluarkeun seuneu langsung niruk kana dada Rahwana anu jadi rusiah kasaktén Rahwana[11]. Rahwana labuh ti Karéta perangna, harita kénéh Rahwana tiwas[11]. Aya nu nyebutkeun ogé yén sanggeus tiwas, Rahwana ditindih Gunung Sumawana anu dibawa ku Hanoman[10].

Numutkeun Pawayangan Jawatimuran, Rahwana tiwas sabada sapuluh huluna sapat dipanah ku panah pusaka Guwawijaya kagungan Rama[6]. Unggal hulu anu sapat dicokot ku Hanoman, terus diancurkeun, sedengkeun awakna ditindih ku gunung[6].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b (id)Rahwana a.k.a Dasamuka (diaksés tanggal 18 September 2011)
  2. (id)Rahwana (Ravana) (diaksés tanggal 18 September 2011)
  3. a b c d (id)Artikel Rahwana Hadi Sukimo (diaksés tanggal 18 September 2011)
  4. (id)wayang/index.php?option=com content&view=article&id=823&Itemid=823 Ki demang- Dasamuka (diaksés tanggal 20 September 2011)
  5. [http;//datasunda.org/php/dnl.php?type=ri...Ceurik%20Rahwana%20(2) Ceurik Rahwana] (diakses tangal 20 September)
  6. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v (id)Tim Penulis Sena Wangi.Ensiklopedi Wayang Indonesia.Jakarta:Penerbit Sena Wangi ISBN 979-9240-02-6
  7. a b c d e f g h (en)Indianet zone-Dasamuka-Ravana (Diaksés tanggal 23 September 2011)
  8. a b c d e f g (en)India-parenting-Ravana character sketch (Diaksés tanggal 24 September 2011)
  9. a b c (id) One Heart Media (diaksés tanggal 20 September 2011)
  10. a b c d e f epos Ramayana (diaksés tanggal 22 September 2011)
  11. a b c d e f g (en)Ramayanam Online (diaksés tanggal 22 September 2011