Taman Mini Indonesia Indah
Taman Mini Indonesia Indah (TMII) mangrupakeun taman wisata ngeunaan budaya Indonésia nu aya di Jakarta Wétan, Jakarta. Luasna kirang leuwih 150 héktar.[rujukan?] Taman ieu mangrupakeun cindekan kabudayaan bangsa Indonésia.
Daptar eusi |
Sajarah [édit]
Ide pikeun ngawangun hiji miniatur ngeunaan Indonésia jeung sagala dina jerona diébréhan ku Ibu Nagara, Siti Hartinah atawa Ibu Tien Soeharto. Ide ieu kapikiran dina hiji patepungan dina kaping 13 Maret 1970. Liwar miniatur ieu mugi-mugi bisa ngabangkitkeun rasa gumbira jeung rasa asih lemah cai ka bangsa Indonésia.[1] Jadina, dimimitian hiji proyék nu disebat Proyek Miniatur Indonesia "Indonesia Indah", nu dilaksanakeun ku Yayasan Harapan Kita. TMII diwangunna mimiti dina taun 1972 jeung diresmikeun dina kaping 20 April 1975.
Logo jeung maskot [édit]
TMII miboga logo nu intina mah diwangun ku hurup TMII, Singketan ti "Taman Mini Indonesia Indah". Ari maskotna mangrupa dedengkot wayang Hanoman nu dinamian NITRA (Anjani Putra). Maskot Taman Mini "Indonesia Indah" ieu diresmikeun ngagunakeunnana ku Ibu Tien Soeharto, dina taun 1991.
Bagian-bagian TMII [édit]
Anjungan [édit]
- Anjungan Nangroe Acéh Darussalam
- Anjungan Sumatra Kalér
- Anjungan Sumatra Kulon
- Anjungan Riau
- Anjungan Kapuloan Riau
- Anjungan Jambi
- Anjungan Bangka Belitung
- Anjungan Bengkulu
- Anjungan Sumatra Kidul
- Anjungan Lampung
- Anjungan Banten
- Anjungan DKI Jakarta
- Anjungan Jawa Kulon
- Anjungan Jawa Tengah
- Anjungan DI Yogyakarta
- Anjungan Jawa Wétan
- Anjungan Bali
- Anjungan Nusa Tenggara Kulon
- Anjungan Nusa Tenggara Wétan
- Anjungan Kalimantan Kulon
- Anjungan Kalimantan Tengah
- Anjungan Kalimantan Kidul
- Anjungan Kalimantan Wétan
- Anjungan Sulawesi Kalér
- Anjungan Gorontalo
- Anjungan Sulawesi Tengah
- Anjungan Sulawesi Kulon
- Anjungan Sulawesi Kidul
- Anjungan Sulawesi Tenggara
- Anjungan Maluku Kalér
- Anjungan Maluku
- Anjungan Papua Kulon
- Anjungan Papua
Wangunan kaagamaan [édit]
- Masjid Pangéran Diponegoro
- Garéja Katolik Santa Catharina
- Garéja Protéstan Haleluya
- Pura Penataran Agung Kertabhumi
- Wihara Arya Dwipa Arama
- Sasana Adirasa Pangéran Samber Nyawa
- Kuil Konghucu (keur diwangun)[nepi ka iraha?]
Fasilitas rékréasi [édit]
- Istana Anak-anak Indonesia
- Karéta gantung
- Parahu Soang Arsipel Indonesia
- Taman Among Putro
- Taman Ria Atmaja
- Lembur Wisata
- Kolah ngojay Snow Bay
Taman [édit]
- Taman Anggrék
- Taman Apoték Hirup
- Taman Kaktus
- Taman Malati
- Taman Kembang Keong Emas
- Akuarium Lauk Cai Tawar
- Taman Bekisar
- Taman Manuk
- Taman Ria Atmaja Park, panggung pagelaran musik
- Taman Budaya Tionghoa Indonesia (keur diwangun)
Museum [édit]
Aya 14 museum di TMII:
- Museum Indonesia
- Museum Purna Bhakti Pertiwi
- Museum Keprajuritan Indonesia
- Museum Perangko Indonesia
- Museum Pusaka
- Museum Transportasi
- Museum Listrik jeung Energi Baru
- Museum Telekomunikasi
- Museum Penerangan
- Museum Olahraga
- Museum Asmat
- Museum Komodo jeung Taman Reptil
- Museum Serangga jeung Taman Kupu-Kupu
- Museum Pusat Peragaan Ilmu Pengetahuan jeung Teknologi
- Museum Minyak jeung Gas Bumi
- Museum Timor Timur (urut Anjungan Timor Timur)
Téater atawa bioskop [édit]
- Téater IMAX Keong Emas
- Téater Tanah Airku
- Téater 4D
Galeri [édit]
-
Imah adat Batak di Anjungan Sumatra Kalér
-
Imah adat Nias di Anjungan Sumatra Kalér
-
Imah adat Baluk di Anjungan Kalimantan Kulon
-
Anjungan Jambi