Tumbila

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Tumbila
Cimex lectularius
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Artropoda
Class: Insékta
Order: Hemiptera
Suborder: Heteroptera
Family: Cimicidae
Kirkaldy, 1909
Genera & Spésiés

Genus Cimex

Genus Leptocimex

Genus Haematosiphon

Genus Oeciacus

Tumbila (atawa tumila) mangrupakeun serangga peuting (nokturnal) ti famili Cimicidae nu hirup salaku hématofagi, nyeuseup getih manusa jeung inang getih-haneut lianna.

Biologi[édit | sunting sumber]

Genera jeung spésiés[édit | sunting sumber]

Tumbila biasa (Cimex lectularius) mangrupakeun kutu nu pangbisana ngaluyukeun manéh jeung ligkungan, sumebar di wewengkon nu iklimna sedeng ti jaman kuna. Spésiés lianna kayaning Cimex hemipterus nu aya di wewengkon tropis (kaasup Florida), nu ogé sok nyerang ternak jeung kalong, sarta Leptocimex boueti nu aya di wewengkon tropis Aprika Kulon jeung Amérika Kidul, sok nyoco kalong jeung manusa. Cimex pilosellus jeung C. pipistrella utamana nyoco kalong, sedengkeun Haematosiphon inodora, spésiés ti Amérika Kalér, utamana nyoco ternak.

Dedegan[édit | sunting sumber]

Tumbila sawawa kelirna coklat semu beureum, depé, lonyod, bulu mikroskopik sahingga katémbong garis-garis, tanpa jangjang, panjangna 4-5 mm sarta gerakna laun. Anakna nu kakara megar awakna sepa, beuki gedé beuki nyoklatan.

Daharna[édit | sunting sumber]

Ilaharna mah tumbila téh getolna peuting, utamana wanci janari, tapi bisa ogé pabeubeurang, mun aya kasempetan. Tumbila ieu katarik ku haneut jeung gas karbon dioksida, nyoco maké 'tulalé' nu dua solobongna: hiji jang nyuntikkeun ciduh nu ngandung anti-koagulan jeung anéstétik/pangbaal, hiji deui jang nyerot getih. Sanggeus nyoco salila kira lima menit, sakadang tumbila balik deui ka panyumputanana. Tapak nyoco téh biasana kakara karasa sababaraha menit atawa sa-jam-an sanggeusna, salaku réaksi dermatologis kana zat anu disuntikkeun. Najan bisa hirup tanpa dahar nepi ka 18 bulan, tumbila ilaharna néang cocoeun unggal lima-sapuluh poé.

Kadang, mun dicoco tumbila, urang sok ngarasa kotor. Padahal, tumbila mah katarik sotéh ku karbon dioksida tina engapan, lain ku kokotor atawa nu lianna, sarta ukur nyedot getih, tara kana runtah. Kaberesihan lingkunganana euweuh patalina jeung pangaruh tumbila ka awak urang.

Najan awak tumbila bisa baé mawa patogén na awakna, kayaning wabah Bubonik jeung hépatitis B, tapi can kungsi aya laporan ngeunaan tépana ieu panyakit ngaliwatan ieu kutu, aya ogé nu keuna ku impéksi kulit tina tatu urut nyocona alatan.

Baranahan[édit | sunting sumber]

Tumbila bikang bisa endogan nepi ka lima sapoéna, sarta 500 sapanjang hirupna. Panjang endogna kira 1 mm (kira sagedé lisa, bisa katempo), warnana bodas.

Aya sababaraha spésiés tumbila nu jaluna boga sarupaning cocok nu disékrésikeun ku jaluna sanggeus jalangan nu nutup palawangan bikangna sahingga jalu nu séjén teu bisa ganggu.

Dina Xylocaris maculipennis, jaluna bisa 'némbak' jalu lian nu keur jalangan, sahingga gén anu asup kana aliran getih bisa ngalir ka bikang korbanna. Dina A Natural History of Sex, Adrian Forsyth nulis "Spérma nu merkosa téh asup kana vas deferens korban jaluna sahingga dipaké ku korbanna nalika kopulasi" ("The sperm of the rapist enters the vas deferens of his male victim and is used by the victim during copulation". Kajadian ieu ogé karandapan ku kéong cai darat genus biomphalaria, nu mangrupakeun véktor sistosomiasis (Forsyth, 1991).

Gangguan[édit | sunting sumber]

Mitambeyan nyerang[édit | sunting sumber]

Aya sababaraha jalan nepi ka patempatan urang jadi aya tumbilaan. Serangga ieu bisa kabawa ti hotél, losmén/pamondokan, sarta tempat-tempat umum lianna, atawa tina parabot rumah tangga nu dibawa, pakéan ti tempat umum, jsb., tapi ilaharna mah teu langsung kabawa dina pakéan nu keur dipaké. Mun geus aya di jero wangunan mah, tumbila bisa sumebar ka rohangan-rohangan séjén, gumantung kaayaan pindingna.

Tempat nyerang[édit | sunting sumber]

Tumbila téh awakna depé, sahingga bisa nyelap dina sela-sela anu heureut, nyumput dina kasur, matras, samak, furnitur, karpét, jsb., kadang nyorangan, kadang ngumpul ngagorombol. Tumbila lain serangga sosial jeung tara nyayang, bisa nyaba sakilo jauhna pikeun néang hakaneun, tapi biasana mah nyumput sarta tetep deukeut ka mangsana di kamar saré atawa dina sofa nu sok disaréan.

Nyusud serangan[édit | sunting sumber]

Tumbila bisa disusud ku néang noda taina nu hideung dina sela kasur, atawa, teu kahaja, katindes sahingga bucat nimbulkeun coréng beureum getih. Mun ditindes, awak tumbila bakal ngaluarkeun bau féromon nu matak sebel, nu ogé bisa kaambeu dina hawa nu teu kakekeb.

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg