Lompat ke isi

Acé Bastaman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Acé Bastaman
GumelarAtjé Bastaman
8 Agustus 1912
Walanda Ciamis, Jawa Barat, Hindia-Walanda
PagawéanPangusaha, wartawan

Atjé Bastaman (gumelar di Padahérang, Ciamis, 8 Agustus 1912) nyaéta pangusaha jeung wartawan Sunda. Saanggeus réngsé Schkal School di Ciamis, Atjé nuluykeun sakola ka MULO di Bandung, terus pindah ka Bogor. Saanggeus réngsé, Atjé nuluykeun deui ka AMS di Jakarta. Karesepna kana widang pérs tos kaciri ti baheula, maklum anjeunna tinggal di imah mamangna anu langganan koran Parahiangan jeung Sipatahoenan. Di MULO Bandung, Atjé aktif jadi anggota Indonésia Muda, pakumpulan nu diresmikeun di Solo, jeung mangrupa puseur organisasi kapamudaan nu sipatna kadaérahan. Atjé ogé kungsi jadi pamingpin pakumpulan Indonésia Muda cabang Bogor nu tos medalkeun majalah sorangan, Garoeda (1930-1932).[1]

Mamangna Atjé nawarkeun gawé jadi wartawan Sipatahoenan nu harita tos medal unggal poé di Bandung. Ku sabab saméméhna Atjé sok ngabantuan éta koran basa di Ciamis, antukna gampang wé Atjé ditarima ku éta parusahaan koran. Dina wanci panjajahan Jepang, di Bandung ngan koran Cahaya (Tjahaja) wungkul anu diijinkeun medal, harian ieu dipimpin ku Otto Iskandardinata (nu saméméhna pupuhu ti harian Sipatahoenan). Babareungan jeung wartawan nu séjén di, Atjé milu nimrung jeung ngokolakeun harian Suara Merdeka (Soeara Merdeka) anu mimitina di Bandung, tapi pas Agrési Militer Walanda 1 Juli 1947 "ngungsi" ka Tasikmalaya.[1]

Saanggeus Parjanjian Renville, Atjé babarengan jeung R.S Suradireja jeung Swarha Hasan Wiratman (1948) medalkeun deui harian Sipatahoenan. Ngamimitian Atjé ngajabat jadi pupuhu rédaksi, salajeungna ngarangkap jadi pamingpin umum. Salaku wartawan, Atjé kungsi menang uleman ka Amérika Sarikat jeung Éropa (1953).[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)