Lompat ke isi

Ajam Syamsupraja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Adjam Djamaluddin Sjamsupradja (gumelar di Bungbulang, Garut, 27 Désémber 1929) mangrupi salah sahiji tokoh kadaérahan. Ngawitan anjeuna diwulang di HIS Pasundan jeung Budi Priyayi di Garut, ngan nepi kelas V, ku margi kabujeng sumping panjajah ti Jepang. Tuluy namatkeun Sakola Rakyat di Garut taun 1944, lajeng SMP di Sukabumi, upami SMA-na di SMA Perjuangan Bandung taun 1951. Anjeuna ogé kungsi ngiring atikan Akademi Wartawan di Jakarta antara taun 1952 jeung 1953. Waktu diwulang di SMP, anjeuna ogé kalebet anggota Tentara Republik Indonésia Pelajar (TRIP) di Garut jeung Tasikmalaya. Di Sukabumi, anjeuna ngiring ngabantosan Brigade Jaya Pangréngot pimpinan Sugiharto sakantenan ngiring SMP Darurat. Taun 1949 pindah ka Banten ngabantosan Batalion III CPM. Taun 1950 pindah deui ka Bandung di Kantor Urusan Demobilisasi Pelajar (KUDP) sakantenan neraskeun SMA na di SMA Perjuangan. Kalungguhanna kana kabudayaan jeung kamasyarakatan ngagerakkeun haténa kanggé jadi reporter di s.k Sipatahoenan, ogé nulis esai di majalah Sunda pimpinan M.O Kusman, jeung mingguan Panghegar. Dina taun 1956-1957, anjeunna ngedalkeun manglé leutik nganggé basa Sunda nu namina Utusan Sunda. Taun 1965 anjeuna ngabantosan Ayip Rosidi nerbitkeun Mingguan Sunda. Taun 1972 nepi ka 1975 kapercanten jadi pamingpin umum s.k Sipatahunan.[1]

Lampah organisasi dikawitan waktu anjeuna jumeneng di SMP, nyaéta pas jadi anggota Ikatan Pelajar Indonesia (IPI) taun 1947, jeung Pengurus Persatuan Pelajar Taman Siswa dina taun nu sami. Taun 1954 nepi ka 1957, kapercanten mangku jabatan salaku pupuhu Organisasi Pemuda Nonoman Sunda. Salian ogé jadi Sekjen Front Pemuda Sunda antara taun 1956 dugi taun 1957. Dina taun nu sami, nyaéta taun 1957, anjeuna katéwak jeung dilebetkeun ka penjara ku margi jadi anggota Dewan Komando Pemuda Sunda hasil Kongres Pemuda Sunda anu lumangsung taun 1956 jeung karék kaluar taun 1961. Ti taun 1963 nepi ka 1985 kapilih jadi pengurus besar Paguyuban Pasundan, taun 1974 dugi 1984 jadi pupuhu Yayasan Atikan Pasundan jeung taun 1983 kapilih jadi pupuhu Paguyuban Pasundan anu dihasilkeun tina kongres nu diayakeun di Sukabumi. Namung ku margi teu meunang dukungan ti pamaréntah Jawa Barat, jabatan pupuhu éta teu kungsi kajantenan. Taun 1966 nepi ka 1970 ngajabat salaku Sékjén Galura Sunda. Ti kawit taun 1989 anjeuna jadi pupuhu Yayasan Panglawung Tembang Sunda Pamager Asih nepi ka pupusna taun 1997 di Bandung. Anjeuna ogé katelah Sesepuh Kawargian Kandangwesi ku orang Bungbulang, Garut.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)