Ajam Syamsupraja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Adjam Djamaluddin Sjamsupradja (gumelar di Bungbulang, Garut, 27 Désémber 1929) mangrupi salah sahiji tokoh kadaérahan. Ngawitan anjeuna diwulang di HIS Pasundan sareng Budi Priyayi di Garut, mung nepi kelas V, kumargi kabujeng sumping panjajah ti Jepang. Teras namatkeun Sakola Rakyat di Garut taun 1944, lajeng SMP di Sukabumi, upami SMA-na di SMA Perjuangan Bandung taun 1951. Anjeuna ogé kantos ngiring pendidikan Akademi Wartawan di Jakarta antara taun 1952 sareng 1953. Waktos diwulang di SMP, anjeuna ogé kalebet anggota Tentara Republik Indonésia Pelajar (TRIP) di Garut sareng Tasikmalaya. Di Sukabumi, anjeuna ngiring ngabantosan Brigade Jaya Pangréngot pimpinan Sugiharto sakantenan ngiring SMP Darurat. Taun 1949 ngalih ka Banten ngabantosan Batalion III CPM. Taun 1950 ngalih deui ka Bandung di Kantor Urusan Demobilisasi Pelajar (KUDP) sakantenan neraskeun SMA na di SMA Perjuangan. Kalungguhanna kana kabudayaan sareng kamasyarakatan ngagerakkeun haténa kanggé janten reporter di s.k Sipatahoenan, ogé nulis esai di majalah Sunda pimpinan M.O Kusman, sareng mingguan Panghegar. Dina taun 1956-1957, anjeunna ngedalkeun manglé alit nganggé basa Sunda nu namina Utusan Sunda. Taun 1965 anjeuna ngabantosan Ayip Rosidi nerbitkeun Mingguan Sunda. Taun 1972 dugika 1975 kapercanten janten pamingpin umum s.k Sipatahunan.[1]

Lampah organisasi dikawitan waktos anjeuna jumeneng di SMP, nyaéta pas janten anggota Ikatan Pelajar Indonesia (IPI) taun 1947, sareng Pengurus Persatuan Pelajar Taman Siswa dina taun nu sami. Taun 1954 dugika 1957, kapercanten mangku jabatan salaku pupuhu Organisasi Pemuda Nonoman Sunda. Salian ogé janten Sekjen Front Pemuda Sunda antara taun 1956 dugi taun 1957. Dina taun nu sami, nyaéta taun 1957, anjeuna katéwak sareng dilebetkeun ka penjara kumargi janten anggota Dewan Komando Pemuda Sunda hasil Kongres Pemuda Sunda anu lumangsung taun 1956 sareng nembé kaluar taun 1961. Ti taun 1963 dugika 1985 kapilih janten pengurus besar Paguyuban Pasundan, taun 1974 dugi 1984 janten pupuhu Yayasan Pendidikan Pasundan sareng taun 1983 kapilih janten pupuhu Paguyuban Pasundan anu dihasilkeun tina kongres nu diayakeun di Sukabumi. Namung kumargi teu kénging dukungan ti pamaréntah Jawa Barat, jabatan pupuhu éta teu kungsi kajantenan. Taun 1966 dugika 1970 ngajabat salaku Sékjén Galura Sunda. Ti kawit taun 1989 anjeuna janten pupuhu Yayasan Panglawung Tembang Sunda Pamager Asih dugika pupusna taun 1997 di Bandung. Anjeuna ogé katelah Sesepuh Kawargian Kandangwesi ku orang Bungbulang, Garut.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. 


Soekarno.jpg