Lompat ke isi

Wawacan Ahmad Muhamad

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Ahmad Muhamad)

Ahmad Muhamad nyaéta wawacan anu kasohor utamana di lingkungan pasantrén, manawi dicutat tina dongéng Islam.[1]

Ahmad jeung Muhamad nyaéta putrana Syéh Jagung, raja nagara Syam anu indit tapa. Ibuna meserkeun manuk perkutut pancawarna nu dipikahoyong ku Nakoda anu pernah ngimpikeun manuk ajaib éta lamun didahar sirahna jelema anu ngadahar bakal jadi raja, lamun dadana bakal jadi raja ti raja jeung boga watak sabar. Ku bantuan salah sahiji pandéta, Nakoda geus hasil menangkeun manuk eta. Manuk éta dipeuncit jeung diduruk ku pambantuna. Tapi datang Ahmad ngadahar sirahna, Muhamad ngadahar dadana nepika erep. Tuluy duanana lumpat ka leuweung ku sabab diudag Nakoda dibarengan ku para tantara. Di leuweung duanana panggih jeung ramana di goa. Duanana dibéré keris séwang-séwang hiji. Ku maké keris éta maranéhna ngéléhkeun para tantara Nakoda. Basa balik ka leuweung, goa tempat ramana anggeus leungit. Ku sabab Muhamad hanaang, Ahmad indit néangan cai, keur Muhamad ngadagoan di handapeun tangkal. Basa harita datang jelema numpak gajah ti Karajaan Mesir anu keur néangan calon raja ngagantikeun rajana anu anyar pupus. Muhamad dibawa ka Mesir tuluy diangkat jadi raja Mesir anu nguasaan Turki, Yurda, Kufah, Kudis, Yaman, Madinah, Mekah, Rum, jeung sajabana. Ahmad néangan rakana, nepi di taman panglayungan miboga Siti Bagdad anu diurus ku saurang randa. Randa éta ngangkat Ahmad jadi putrana. Ku sabab kasohor kasep, Ahmad diundang ku Siti Bagdad ka kaputrén, tapi di éta tempat manéhna diracun. Jimat sirah manukna dirampas jeung dipalidkeun dina kaayaan pingsan. Manéhna ditulungan ku jin anu méré manéhna tilu azimat mangrupa baju kaos sakti, panah sakti, jeung kantong Umar Maya. Baju kaos ngajieun manéhna bisa ngapung. Tuluy manéhna indit manggihan Siti Bagdad nu mawa jimatna anu anyar dirampas, manéhna dipiceun ka Pulau Majeti anu miboga ratu Déwi Soja, barayana Déwi Kuraésin, putrana Nabi Sulaéman. Ahmad tarung jeung Déwi Soja, tapi teu aya anu éléh, tungtungna datang Umar Maya nganengahan, tuluy ngecapkeun yén maranéhna kudu jadi bojo jeung carogé. Maranéhna tuluy kawin jeung Ahmad jadi raja di Pulau Majeti. Ahmad indit ka Mesir arek néangan barayana, nyimpang di taman panglayungan manggihan ibu angkatna. Manéhna bisa ngahasilkeun balik kabéh azimatna ti Siti Bagdad. Muhamad salaku raja Mesir mawa permaisuri putri Ratna Gumilang. Basa Raja Habsyi nyerang Mesir diéléhken ku Ganda Ermaya, putra Ahmad ti Dewi Soja anu tuluy diangkat jadi salaku senopati nagara Mesir. Sedengken Ahmad balik ka Pulau Majeti dibarengan ku Dewi Soja.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. 
Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca