Ailanthus altissima

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ailanthus altissima
Anu pangbadagna nu tumuwuh di Jérman
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Ailanthus altissima
Sinonim[1]
  • Ailanthus cacodendron (Ehrh.) Schinz & Thell.
  • Ailanthus erythrocarpa Carriére
  • Ailanthus giraldii Dode
  • Ailanthus glandulosa Desf.
  • Ailanthus guangxiensis S.L.Mo
  • Ailanthus japonica K.Koch
  • Ailanthus japonica Dippel
  • Ailanthus peregrina (Buc'hoz) F.A.Barkley
  • Ailanthus pongelion J.F.Gmel.
  • Ailanthus procera Salisb.
  • Ailanthus rhodoptera F.Muell.
  • Ailanthus sinensis Dum.Cours. nom. illeg.
  • Ailanthus sutchuensis Dode
  • Ailanthus vilmoriniana Dode
  • Albonia peregrina Buc'hoz
  • Choerospondias auriculata D.Chandra
  • Rhus cacodendron Ehrh.
  • Toxicodendron altissimum Mill.

Ailanthus altissima atawa tangkal sawarga[2] nyaéta tangkal pituin ti Cina jeung Taiwan anu tumuwuh sarta galugurna kawilang gancang.[3][4] Ieu tangkal bisa tumuwuh nepi ka jangkungna lima welas méter na mangsa dua puluh lima taun.[3] Ku gancangna ngajangkungan ieu tangkal jadi margalantaran disebut tangkal sawarga, nganggap yén ieu tangkal terus tumuwuh nepi ka sawarga.[3] Sok sanajan ieu tangkal kasohor ku ngaran tangkal sawarga tapi watek ieu tangkal kontradiktif dina kanyataanana, anu mana ieu tangkal dianggap minangka hama atawa tutuwuhan nu ngaganngu.[3] Ieu tangkal watekna invasif alatan kamampuhna nu bedas pikeun tumuwuh kalawan gancang sarta tohaga, sarta bisa sirungan deui nepi ka ngabadagan deuina saupama geus dituar ogé.[3] Malah di pakotaan mah ieu tangkal téh bisa nyérédkeun lapisan aspal sarta ngaganggu pondasi wangunan.[3] Balukar tina polahna ieu tangkal, sawatara jalma nyebut ieu tangkal téh tangkal naraka.[3]

Di Cinana mah ieu tangkal téh loba dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa tujuan.[3] Tingtur kulit kulawu geus dipaké pikeun nyageurkeun panyakit kayaning kabotakan sarta malaria, jeung deuih geus kabukti bisa ngalaunkeun keteg jajantung.[3] Ogé dipaké jang parab hileud sutra Samia cynthia, mangrupa hileud nu ngasilkeun sutra nu leuwih badag batan hileud sutra nu kakoncara Bombyx mori ngan kualitasna kurang hadé.[3] Daunna bisa diékstraksi jadi pawarna konéng sarta kulit kaina bisa dijadikeun ubar reungit alami.[3]

Ieu tangkal mimiti dibawa ti Cina ka Éropa taun 1740-an sarta dibawa ka Philadélphia di Amérika Sarikat taun 1784, jeung geus dipaké di pirang-pirang wewengkon minangka tangkal pangiuh jalan ti abad ka-19.[5][4] Habitat ieu tangkal biasa hirup di loba patempatan, kayaning gulma tina jujukutan, kamalir cai, parit, wates leuweung, rungkun jukut, pakebonan, kahutanan, daérah pakotaan, imah-imah teu kaurus, patempatan nu teu kaurus, aréa limbah, tungtung jalan sarta sisian jalur rél karéta api utamana di wewengkon nu iklimna sedeng jeung sub-tropis beueus sarta sub-tropis kawas di Australia.[6]

Pedaran[édit | édit sumber]

Nalika geus kolot, ieu tangkal jangkungna bisa nepi ka 24,4 méter,[7] ngabentuk watang tunggal atawa nyagak, sarta makuta ovoid anu rélatif muka di unggal watangna.[8] Kulit watang totol-totol cékas jeung kulawu kolot, mibanda galur motif anu boréas sarta tanpa aturan jeung deuih ieu tangkal téh kafragméntasi.[8] Kulit dahan warnana kulawu ngora sarta loba pori-pori hawaan, sedengkeun binih ngora warnana coklat semu konéng nepi ka keun héjo, kawilang tohaga, sarta biasana mah gundul.[8] Daun ieu tangkal piligenti, panjang dahan daunna 30 nepi ka 60 cm, buluan mun anu ngorana mah, dangdaunanna gampang ancur jeung mun di mana-mana ancur ieu daun téh ngaluarkeun bau nu matak melengseng piteugenaheun kana irung, saliwatan mah siga bau kacang.[9] Jumlah lambaran daunna aya 13 nepi ka 41 lambar, tangké pondok, lansét panjang, unggal lambaran daun panjangna 7,5 nepi ka 13 cm, rubak 1,5 nepi ka 5 cm, kaakumulasi kalawan 2 nepi ka 5 huntu di deukeut dadasar jerona.[9] Maléi badag, panjangna 15 nepi ka 25 cm, kembangna ogé loba anu panjangna kira 6 mm, semu héjo atawa konéng semu héjo, kalawan kongkolakna 5 lambar, 5 lambar kongkolak heureut.[9] Kembang jalu mibanda 10 benang sari anu bauna piteugenaheun kana irung. Kembang bikang mibanda 2 nepi ka 5 putik pajauh-jauh nu disakompétkeun ku puhuna.[9]

Sumebaran jeung habitat[édit | édit sumber]

Tangkal sawarga kaasup jenis tangkal miimah dua (dioecious), anu mana ieu tangkal téh antara jalu jeung bikang téh séjén tangkal, jeung deuih biasana mah tumuwuh di koloni gegek.[10] Sakumna tangkal anu nganjrek dina sakoloni éta téh boga jenis kelamin anu sarua.[10] Tangkal bikang boga poténsi ngasilkeun leuwih ti 300.000 binih dina sataunna nu ngajadikeun ieu tangkal bikang téh tangkal panyeméi anu produktif.[10] Tangkal-tangkal nu tumuwuh terus sumebar kalawan manjangkeun akarna nepi ka 15 méteran jauhna tina tangkal biang.[10] Tangkal anu kapotong atawa kacacag bisa ngaluarkeun losinan akar anyar.[10] Akar anyar éta salila dua taun mah bisa ngasilkeun binih anyar.[10] Anu ngajadikeun ieu tangkal minangka tangkal invasif nyaéta kamampuhna dina ngasilkeun bahan kimia allelopathic boh dina daunna, akarna, sarta kulit kaina, anu mata ieu zat allelopathic téh bisa ngawates sarta nyegah tumuwuhna pepelakan séjén.[10]

Tangkal sawarga bisa tumuwuh di mana karep, di mana waé tempat anu katojo panonpoé sarta subur taneuhna, deuih bisa tumuwuh di sapaparat walungan sarta di tengahing walunganana.[10] Ieu tangkal loba tumuwuh di kota, pon di pasisian leuweung, sisian jalan, sisian galur karéta api, sarta di leuwing nu muka.[10] Ngan ieu tangkal hésé tumuwuhna mun ditempat nu kaiuhan, misalna leuweung nu katutupan ku tangkal-tangkal baradag, da gancang tumuwuhna sotéh di leuwung anu geus coréncang, minangkana mah ngala untung tina ancurna leuweung, boh ancurna ku sasatoan, ku angin, atawa ku dibukbak.[10]

Kaguna[édit | édit sumber]

Unggal bagéan ieu tangkal bisa dimangpaatkeun, sok sanajan nu geus guyub dimangpaatkeun mah nyaéta kulitna, ngan mangkahadé yén ieu bagéan kulitna téh ngandung glikosida nu acan ditungtik sagemblengna.[10] Kulit watang jeung akarna mangrupa antispasmodik, astringén, pait, déprésan jantung, diurétik, émétik, ubat panurun harééng, rubefacient jeung vermifuge.[10] Jajamu pait anu pahang, digunakeun pikeun ngubaran malaria jeung muriang, ogé pikeun ngalaunkeun keteg jajantung sarta nyageurkeun sakalor.[10] Di Cina, kulit kaina mangrupa ubar nu kasohor pikeun ngubaran diséntri jeung masalah usus lianna. Dina hiji uji klinis, 81 ti 82 pasién cageur diséntrina saanggeus dibéré ieu jajamu.[10] Tingtur kulit akar geus ngahasil dipaké dina ngubaran jajantung nu ratug, asma, jeung sakalor.[10]

Tangkal sawarga mangrupa ubar pikeun asma, kanker, diaré, diséntri, disménoréa, disuria, éjakulasi dini, sakalor, érupsi ubar, muriang, gonoré, haematochezia, kaputihan, malaria, metrorrhagia, raheut, spasme, spermatorrhoea, sarta tumor na pinarep.[10] Kulit kai dipanén dina usum semi sarta digaringkeun pikeun dipaké engké. Daun, kulit watang, jeung akar diasupkeun kana ubar pikeun ngubaran bisul, arateul, jeung érupsi ubar.[10] Di Koréa mah kulit akar dipaké pikeun ngubaran batuk, lambung sarta usus.[10] Buahna dipaké pikeun ngubaran ngising getihan sarta diséntri.[10] Ogé geus dipaké pikeun ngubaran panyakit panon.[10] Ékstrak tina ieu tangkal miwatek baktérisida. Ieu tangkal ogé dipaké dina ngubaran homéopati pikeun kanker.[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Ailanthus altissima (Mill.) Swingle — The Plant List". www.theplantlist.org. Diakses tanggal 2019-12-27.  Archived 2013-06-21 di Wayback Machine
  2. "Ailanthus altissima (tree-of-heaven)". www.cabi.org. Diakses tanggal 2019-12-27. 
  3. a b c d e f g h i j k "Oxford University Plants 400: Ailanthus altissima". herbaria.plants.ox.ac.uk. Diakses tanggal 2019-12-19. 
  4. a b "Ailanthus altissima - Plant Finder". www.missouribotanicalgarden.org. Diakses tanggal 2019-12-19. 
  5. Xu, Jun-Ping (2016-11-25). Cancer Inhibitors from Chinese Natural Medicines. CRC Press. ISBN 978-1-4987-8766-6. 
  6. "Ailanthus altissima". keyserver.lucidcentral.org. Diakses tanggal 2019-12-19. 
  7. "tree-of-heaven, Ailanthus altissima Sapindales: Simaroubaceae". www.invasive.org. Diakses tanggal 2019-12-26. 
  8. a b c "Tree-of-Heaven (Ailanthus altissima)". www.illinoiswildflowers.info. Diakses tanggal 2019-12-26.  Archived 2020-02-10 di Wayback Machine
  9. a b c d "Ailanthus altissima". hort.purdue.edu. Diakses tanggal 2019-12-26. 
  10. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u "Tree-of-Heaven". Penn State Extension. Diakses tanggal 2019-12-27.