Alprazolam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Alprazolam
Alprazolam structure.svg
Alprazolam ball-and-stick model.png
Data klinis
PelafalanAlprazolam /ælˈpræzəlæm/ or /ælˈprzəlæm/, Xanax /ˈzænæks/
Nama dagangXanax, Xanor, Niravam, others
AHFS/Drugs.comCitakan:Drugs.com
MedlinePlusa684001
License data
Kategori
kehamilan
  • US: D (Aya bukti positif boga résiko)
Dependence
liability
High
Jalur
pemberian
Ngaliwatan biwir
Kode ATC
Legal status
Legal status
Pharmacokinetic data
Bioavailabilitas80–90%
Ikatan protein80%
MétabolismeuLiver, via cytochrome P450 3A4
Metabolitalpha-hydroxyalprazolam, 4-hydroxyalprazolam, beta-hydroxyalprazolam
Onset of actionkurang ti sajam [1]
Eliminasi waktu-paruhImmediate release: 11–13 hours
Extended release: 11–16 hours
Durasi kerja6 hours[1]
EksresiGinjal
Identifiers
Nomor CAS
PubChem CID
IUPHAR/BPS
DrugBank
ChemSpider
UNII
KEGG
ChEBI
ChEMBL
ECHA InfoCard100.044.849 Edit this at Wikidata
Chemical and physical data
RumusC17H13ClN4
Massa molar30877 g·mol−1
3D model (JSmol)
  (verify)


Alprazolam nyaéta ubar pikeun ngungkulan gangguan kecemasan jeung gangguan panik. Ubar ieu bisa ngurangan kategangan psikologis nu dirasakeun, nu nyababkeun jalma nu ngonsumsi ieu ubar bisa ngarasa leuwih tenang. Ieu ubar téh kaasup kana jinis obat panenang golongan benzodiazepine.[2] Geus ilahar pisan obat ieu disalah gunakeun dikalangan rumaja ogé kolot. Alprazolam gawé dina jero saraf pusat otak nu ngahasilkeun éfék nenangkeun pikiran jeung ningkatkeun aktipitas zat kimia alami dina awak nu disebut asam gamma-aminobutirat (GABA). Alprazolam ogé dipikawanoh atawa miboga merk dagang Alprazolam, Frixitas, Xanax, Zypraz, Atarax, Opizolam, Zolastin. Katégori kahamilan jeung nyusuan pikeun obat ieu kaasup kana katégori D, miboga harti positif ngeunaan résiko ka janin manusa, tapi gedéna manfaat nu bakal ditarima bakal leuwih gedé tibatan résiko, misalna pikeun ngungkulan kaayaan nu ngancam pati. Alprazolam bisa kaserep kana cai susu, saacan make ieu obat kudu dikonsultasikeun heula ka dokter.[3][4][5]

Aturan maké sarta cara ngonsumsi alprazolam[édit | édit sumber]

Inpormasi ieu lain mangrupakeun gaganti resép ti dokter. Omat kudu konsultasikeun heula ka dokter saméméh nginum ieu ubar.

Lila durasi ngeureunkeun pamakéan obat ieu ti mimiti nepi ka eureun ilaharna teu leuwih ti 8-12 minggu.[4][6]

Saacan ngonsumsi ieu obat, aya sababraha hal nu kudu diperhatikeun, diantarana:

  • Kudu ati-ati mun anjeun miboga alérgi ka obat golongan benzodiazepine
  • Kudu ngajelaskeun ka dokter mun anjeun miboga riwayat kasakit paru obstruktif kronis (PPOK), emfisema, bronkitis, gangguan ginjal, gangguan haté, sleep apnea, glaukoma, obésitas, jeung déprési
  • Kudu waspada mun kungsi nyalahgunakeun NAPZA sarta mun keur ngonsumsi obat jamur ketoconazole
  • Inpormasikeun ka dokter ngeunaan obat-obatan nu keur dikeureuyeuh jeung mun karak anggeus operasi, kaasup operasi huntu
  • Ingkahan ngoprasikeun alat beurat mun keur ngajalankeun pangobatan make aprozolam, obat ieu bisa ngakibatkeun lieur jeung tunduh
  • Ingkahan nginum alkohol jeung ngaroko salila pamakéan obat ieu
  • Kolot leuwih sénsitip ka obat alprazolam, nu nyababkeun gampang ngarasa tunduh jeung bisa ngalaman gangguan kasaimbangan

Saacan ngonsumsi ieu obat, pastikeun heula maca aturan make dina wadah obat sarta nurut kana paréntah dokter dina ngonsumsi alprazolam.

Usahakeun pikeun ngonsumsi obat dina waktu nu sarua jeung saacanna pikeun ngamaksimalkeun éfék obat, ulah ngarobah sorangan dosis obat, kecuali mun dititah ku dokter.

Alprazolam kudu disimpen dina wadah nu katutup jeung temperature ruang. Obat hadéna mah disimpen nyingkahan panon poé langsung atawa ruangan nu kabuka, Obat kudu langsung dpiceun mun geus teu dibutuhkeun. Mun kapohoan teu nginum alprazolam, buru-buru inum mun jarak jeung jadwal satuluyna jauh, mun geus samporét, ulah diinum komo nepi ka diinum dua kali dosis.[4][3]

Alprazolam bisa nyababkeun gejala-gejala kacanduan. Ulah nambahan atawa ngeureunkeun pamakéan salian ti paréntah dokter.[3]

Obat ieu gawé kucara neken system saraf pusat nepi ka ngalambatkeun kerja system saraf. Dosis nu biasa dipake ku tanaga kaséhatan pikeung ngungkulan gejala kecemasan nyaéta 0.5 mg nepi ka 4 mg dina sapoé. Obat ieu bakalan gawé 10-18 jam sanggeus diinum. Alprazolam bisa ngungkulan gangguan kecemasan kusabab miboga éfék antidéprésan. Kaleuwihan liana ti obat ieu nyaéta bisa ngaleungitkeun gejala kacemasan tibatan obat séjenna.[2]

Interaksi alprazolam jeung obat séjénna[édit | édit sumber]

Aya sababaraha résiko nu bisa narajang mun urang ngonsumsi alprazolam babarengan jeung obat–obatan liana (nu tangtu), diantarana:[3]

Ningkatkan éfék samping obat alprazolam, mun dipaké babarengan jeung fluvoxamine, fluoxetine, diltiazem, erythromycin, cimetidine, propofol, morfin, lorazepam, zolpidem, dan doxylamine.

  • Ningkatkeun éfék samping obat digoxin.
  • Nurunkeun éféktivitas obat alprazolam, mun dipaké babarengan jeung obat-obatan anti-kejang, kayaning carbamazepine jeung phenytoin.

Éfék samping jeung bahaya alprazolam[édit | édit sumber]

Ilaharna dokter sok ngalakukeun évaluasi saacan ngaresépkeun obat alprazolam supaya éfék sampingna bisa dikurangan. Mun urang ngarasakeun éfék samping nu tutuluyan, langsung konsultasikeun ka dokter.

Obat ieu bisa nyababkeun déprési napas, nyaéta gangguan rénghap nu bisa ngabahayakeun pati, komo mun dipaké dina dosis nu kaleuleuwihi, atawa mun diinum jeung narkotika séjénna. Salian ti éta, obat ieu ogé bisa nyababkeun tunduh nu bisa micu jeung ningkatkeun kahayang pikeun bunuh diri, kukituna pamkéan obat ieu kudu diawaskeun ku dokter sacara ketat. Awéwé nu keur hamil ulah make obat ieu, kusabab bisa nyababkeun kalainan kongenital atawa cacat bawaan pikeun bayi nu aya dina jero pianakan. Kukituna kudu dipastikeun yén anjeun henteu keur hamil saacan ngonsumsi obat ieu. Sadengkeun éfék jangka panjang nu disababkeun ku pamakéan dina waktu kaliwat lila nyaéta kalakuan nu agrésif nu bisa leuwih goréng kalayan sajalanna jeung pamakéan obat ieu. Éfék jangka panjang liana nyaéta nyababkeun system saraf pusat jeung fungsi kognitif manusa bisa kaganggu, pikeun saraf pusat éfék nu karasa kayaning tundung, linglung, sarta nyeri sirah. Sadengkeun éfék kana fungsi kognitif kusabab pamakéan jangka panjang nyaéta masalah dina koordinasi jeung daya inget. Éfék samping ieu diantarana:[3][4]

  • Hése konséntrasi, ngarasa lieur, tunduh atawa nyeri sirah
  • Parobahann suasana hate, saperti jadi babari ambek
  • Babarian poho
  • Produksi ciduh nu jadi leuwih loba ti biasana
  • Parobahan gairah seksual.
  • Gangguan pencernaan, kayaning sebel, mules, jeung parobahan nafsu pikeun dahar
  • Gangguan koordinasi, kayaning hése leumpang atawa hésé ngomong
  • Hésé ngompol
  • Nyeri sendi

Dina unggal pamakéan alprazolam atawa golongan benzodiazepine liana salila leuwih ti tilu nepi ka opat minggu bisa nyababkeun éfék katergantungan atawa kacanduan mun pamakén obat ieu dieureunkeun sacara dadakan.[2]

Gejala katergantungan nu bisa karasa diantarana kayaning, nyeri sirah, hésé saré, ngadégdég, can deuih ayana gangguang psikologis kayaning ringrang jeung turunna konséntrasi. Ku kituna pamakéan ieu obat biasana dibatesan salila saminggu nepi ka dua minggu pikeun nyingkahan katergantungan dina pasén.[3]

Sok sanajan miboga loba éfék samping, obat ieu kabukti éféktif pikeun ngungkulan gangguan kacemasan jeung gangguan psikologis lianna. Ngan, pamakéan obat ieu kudu jeung resép sarta pangawasan dokter. Ulah sambarangan nambahan atawa ngurangan dosis mun lain ti paréntah dokter.[3][4]

Waspada mun anjeun ngalaman éfék samping nu kagolong jarang tapi serius, kayaning panyakit konéng (jaundice), karasa aya gejala alérgi obat, kejang, halusinasi, atawa hésé ngarénghap kudu langsung panggihan dokter pikeun konsultasi.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Lilley, Linda Lane; Snyder, Julie S.; Collins, Shelly Rainforth (2016). Pharmacology for Canadian Health Care Practice. Elsevier Health Sciences. p. 329. ISBN 9781771720663. 
  2. a b c Verster, Joris C.; Volkerts, Edmund R. (2004). [https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC6741717/pdf/CNS-10-45.pdf "Clinical Pharmacology, Clinical Efficacy, and Behavioral Toxicity of Alprazolam: A Review of the Literature"]. CNS Drug Reviews. https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC6741717/pdf/CNS-10-45.pdf. Diakses pada 28 April 2020. 
  3. a b c d e f g "Mengenal Alprazolam, Obat Penenang yang Sering Disalahgunakan". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-04-27. 
  4. a b c d e "Alprazolam". Alodokter. Diakses tanggal 2020-04-27. 
  5. "Drug Information Portal - Mobile - U.S. National Library of Medicine - Drug Search Results". druginfo.nlm.nih.gov. Diakses tanggal 2020-04-28. 
  6. "Xanax: Warnings, uses, and side effects". www.medicalnewstoday.com. Diakses tanggal 2020-04-27.