Ari-ari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambar:Placenta fetus.jpg
Ari-ari, nyambungkeun antara utun inji jeung balina dina rahim.

Ari-ari atawa tali ari-ari (Ind. tali pusat, Ing. umbilical cord) téh nyaéta organ efemeral (témporér) nu ukur aya di mamalia plaséntal bikang nalika reuneuh. Dina mamalia plaséntal, ari-ari téh nyaéta solobong nu nyambungkeun émbrio atawa fétus nu keur mekar kana balina. Ari-ari ngandung arteri jeung véna utama (hususna dua arteri umbilik jeung véna umbilik, nu kapendem dina jéli Wharton) pikeun ngasupkeun getih nu beunghar ku zat gizi jeung oksigén ti bali ka émbrio. Nalika borojol, ari-ari téh pegat. Sanggeus sababaraha poé, tungtung ari-ari nu nyésa bakal garing sarta lésot ninggalkeun tapak "tatu" leutik (bujal) dina beuteung. Di sababaraha masarakat, aya tradisi bapa neukteuk ari-ari orokna.

Di manusa, panjang ari-ari utun inji nu geus sampurna bisa nepi ka 50 cm kalawan diaméter 2 cm.

Getih ari[édit | édit sumber]

Anyaran ieu, kapendak yén getih nu aya dina ari-ari, nyaéta getih ari (cord blood), téh beunghar ku sél sirung (stem cell) nu can ngalaman diferensiasi (CD34+ jeung CD38-). Sél-sél getih ari ieu bisa dipaké pikeun cangkok sungsum tulang. Ku alesan ieu, najan masih kontroversi, kiwari mah sok aya kolot nu ngahaja ménta sangkan getih ari ieu dikumpulkeun sarta disimpen di bang getih ari (dina kaayaan beku), pikeun jaga bisi budakna perlu sél stém getih ari (misalna pikeun ngaganti sungsum tulang nu ancur nalika katarajang leukemia).

Masalah[édit | édit sumber]

Aya sababaraha kateunormalan nu bisa mangaruhan ari-ari, nu bisa ngabalukarkeun masalah, boh keur indungna atawa keur budakna:

Sumber rujukan[édit | édit sumber]