Lompat ke isi

Audit éksternal

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Audit eksternal nyaéta audit nu dilakukeun ku badan (indepnden) eksternal nu geus nyumponan katangtuan.[1] Miboga tujuan pikeun nangtukeun: Naha catetan akuntansi éta geus lengkep, Geus disusun saluyu jeung katangtuan PSAK atawa acan, sarta ninggali laporan kauangann nu disiapkeun tina data geus midangkeun posisi kauangan jeung hasil usaha kauangan sacara wajar atawa acan.[1]

Audit eksternal nyaéta pamariksaan sacara rutin pambukuan sarta catetan hiji éntitas nu dilakukeun ku pihak katilu sacara mandiri atawa independen, pikeun mastikeun yén catétan-catétan nu geus dipariksa akurat sarta saluyu jeung konsep, prinsip sarta standar akuntansi, katangtuan hukum jeung méré pandangan nu bener sarta wajar.[2][3] Auditor eksternal (audit kauangan/KAP) biasana dilakukeun sacara périodik/taunan. Audit eksternal dilakukeun ku AUditor ti Kantor Akuntan Publik (KAP).[4]

Tujuan audit eksternal

[édit | édit sumber]

Tujuan audit eksternal nyaéta pikeun mikanyaho naha laporan kauangan taunan perusahaan atawa organisasi geus midangkeun kondisi nu bener ngeunaaan kaayaan financial perusahaan atawa organisasi éta. Salian ti éta naha dana nu dipimilik ku intansi éta bener-bener geus dimangpaatkeun saluyu jeung tujuan nu geus di satujuan.[5]

Alesan naha audit eksternal diperlukeun nyaéta: masarakat bisa ninggali inpormasi ngeunaan sumber daya ekonomi umum ku sabab masarakat mibga hak pikeun hal éta.[5] Teu kabéh masarakat bisa maca laporan kauangan nu rumit, ku sabab éta dibutuhkeun jasa auditor pikeun mariksa inpormasi éta sakaligus ngalakukeun analisis laporan kauangan.[5] Pikeun ngurangan risiko kasalahan ka hareupna, jadi manajemen kudu ngalakukeun verifikasi sarta akurasi laporan kauangan.[5] Audit eksternal bisa ngaidentifikasi lamun sistem nu dijalankeun salila ieu kurang éféktif sarta éfisién.[5]

Tugas auditor dina audit eksternal

[édit | édit sumber]

Auditor teu mariksa sakabéh laporan kauangan hiji-hiji ku sabab waktuna lila.[1] Sadengkeun auditor miboga watesan waktu pikeun migawé tugasna. Jadi auditor ngan saukur nguji sababaraha conto transaksi pikeun mikanyaho validitasna.[1] Sanggeus éta angggeus, tuluy auditor kudu nyieun laporan ka anggota atawa publik nu ngagambarkeun hiji opini audit ngeunaan akurasi sarta kawajaran laporan kauangan éta, kaasup kaayaan perusahaan atawa organisasi sarta kagiatan-kagiatan salila jangka waktu nu dimaksud.[1]

Lamun auditor manggihan laporan kauangan hiji perusahaan atawa organisasi nu teu bener, auditor miboga hak pikeun nepikeun hal éta dilaporan hasil auditing saluyu jeung opini auditor.[5] Sanggeus éta auditor bakal mantuan pikeun konsultasi supaya perusahaan ngalakukeun parobahan atawa nyaluyukeun jeung laporan kauangan nu geus disatujuan ku Dewan.[5] Ilaharna auditor sok nyieun Surat Manajemen nu ditujukeun pikeun bagéan manajemen nu miboga kasalahan atawa nu kurang éféktif sistem kontrol internalna.[5] Dina surat éta ogé eusina aya solusi nu mangrupa rékomendasi ti auditor pikeun ngungkulan masalah éta.[5]

Opini audit

[édit | édit sumber]

Dina audit eksternal aya 5 jenis opini audit, nyaéta:[6]

  1. Opini Wajar Tanpa Pangecualian (Unqualified Opinion).
  2. Opini Wajar Tanpa Pangecualian kalayan Paragraf Penjelasan (Modified Unqualified Opinion).
  3. Opini Wajar Kalayan Pangecualian (Qualified Opinion).
  4. Opini Teu Wajar (Adverse Opinion).
  5. Opini Teu Méré Pandapat atawa nolak méré pandapat (Disclaimer of opinion).

Tahap-tahap Opini Audit

[édit | édit sumber]

Saacan auditor méré pendapat (opinina), auditor kudu ngalakukeun tahap-tahap audit. Tahap-tahapnya numutkeun Arens etl (2008:132) nyaéta ieu di handap:[3]

  1. Parencanaan jeung panangtuan cara audit.[3]
  2. Nguji, ngendalikeun sarta transaksi.[3]
  3. Ngalaksanakeun prosedur analitis jeung pangujian nu taliti ngeunaan saldo.[3]
  4. Ngangeuskeun jeung medal laporan audit.[3]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Messier, William f. Jr., Steven M. Lover dan Douglas F. Prawitt, (2005). Auditing and Assurance Service A Systematic Approach, Buku Dua. Jakarta: Salemba Empat. 
  2. "Perbedaan Auditor Internal dan Auditor Eksternal » Satuan Pemeriksa Intern | UIN Syarif Hidayatullah Jakarta". spi-blu.uinjkt.ac.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-12-07.  Archived 2019-12-03 di Wayback Machine
  3. a b c d e f Alvin A Arens, Randal J Elder, Mark S. Beasley (2014). Auditing dan Jasa Assurance Edisi kelima belas Jilid 1. Jakarta: Erlangga. 
  4. "Pengertian KAP, Auditor Eksternal, Audit Fees | Ditulis.ID" (dalam bahasa id-ID). Ditulis.ID. 2021-09-14. https://ditulis.id/pengertian-kap-auditor-eksternal-audit-fees/. Diakses pada 2017-12-07 
  5. a b c d e f g h i kursusakuntansijakarta. "Audit Eksternal Perusahaan". www.kursusakuntansi.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2017-12-07.  Archived 2017-12-03 di Wayback Machine
  6. "Pengertian dan Jenis-jenis Opini Audit". KajianPustaka.com. http://www.kajianpustaka.com/2013/10/pengertian-dan-jenis-jenis-opini-audit.html. Diakses pada 2017-12-07